Ari runtah keuna pajeg henteu ? Aeh abdi
ngacaparaknya..... panuju pisan yen masalah korupsi
saleresna mah masalah mental...sistim mah ngan saukur
jadi "second barrier". Panuju pisan yen nudiluhur
kedah bersih jeung galak ngabarantas koruopsi..sanes
nyontoan.. Pangalaman soal pajeg..korupsi teh
kajadianana sateuacan wajib pajeg mayar...tiasa
ditawar ka oknum...jumlahna..dikabiri..ari setorna mah
tetep ka Kas Nagara. Saha anu korupsi ? Dua pihak
wajib pajeg jeung patugas ! Kitu oge panglakon
Konsultan Pajeg.. kulantaran ngarti pisan..jadi
gampil...patugas pajeg oge kaleleran
nyanghareupanana.... Conto anu matak nyeri hate eta
lamun Karyawan anu pajegna parantos dibayar ku
dunungan tempatna digawe (PPH 21), ngeusian SPT da
gaduh NPWP (sebagai WN anu patuh)...sanaos Pajeg tos
dibayar ku Pausahaan tempatna didamel jeung teu aya
panghasilan lain..otomatis pajeg na nihil. Di kantor
pajeg teh aya oknum2 anu rajin rek neangan
loka...nelepon ka wajib pajeg...cenah ngeusian SPT na
teh salah...suruh ngadep. Ari nggeus ngadep bari
sieun..kapanggih yen cara ngeusi teh salah (ngan
carana anu salah teh, tapi manehna tetep ngeus mayar
pejeg via Pausahaan dunungan). Cenah teu balance
..pasti aya anu teu beres, aya anu can keuna pajeg,
jrrd. Ari didebat pokna teh teu bisa konfirmasi
kabeneran katerangan urang...kudu dicek kana buku
pangaluaran pajeg Pausahaan (per PPH 29). Edas
wae..menta nu hese...jeung pasti moal dibikeun  ku
Pausahaan...Nggeus cape bolak balik...tungtungna aya
Rp 500.000 duit administrasi
keur menerkeun formulir....Edas wae....homo homini
lupus...paingan gajih Rp 1.8 juta gaduh Honda
Stream...sareng stick golf S-yard.
--- S M Natapradja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Assalamu'alaikum wr wb.
>
>    Gara-gara teh Ipeut, janten weh Kang Nata hoyong
> deui mairan sakedik perkawis pendapat Kang Tatang
> manawi tiasa tur aya leres na, atuh bilih seu-eur
> lepatna
> hapunten na bae, oge ka saderek sadayana bilih aya
> kecap Kanag Nata anu kedah di lereskeun, punten
> nyuhunkeun pitulung na panglereskeun supados kapayun
> na
> Nata tiasa nambihan elmu dina berbahasa sunda anu
> leres, Insya Allah, nuhun ka teh Ipeut tos ngarojong
> kawantun akang nimbrung dina ieu milis.
>     Kang Tatang, kalintang bagja na nya upami di
> nagri urang tiasa sapertos di batur, namung ieu mah
> bade mairan sakedik, perkawis pembayaran pajak, anu
> kasumaha
> sasauran akang yen artos denda na langsung di bayar
> ka kantor husus ( teu ka individu ) sumuhun sae
> pisan eta teh kang, namung anu janten masalah naha
> eta teh
> bakalan lebet ka kas nagara atanapi bakalan nyungsep
> di kantor eta hungkul, margi di urang mah gening
> sanes individu anu korupsi teh, tapi nga group,
> contona
> polisi anu ngalakukeun pungli di jalanan , eta teh
> sanes individu wae, malihan mah seseringna tos aya
> ijin tur tugas ti komandan na, janten panghasilan
> eta teh di serahkeun ka komandan teras di bagi
> hasil, eta informasi katampi ku kang Nata anu
> langsung  ti polisi lalu-lintas , margi salah sawios
> wargi akang aya nu janten pulisi
> lalu lintas, janten rupina akang mah pasih keneh
> condong kana kajujuran ti luhur na, upami ti luhur
> na di ngawitan ku para aparat nagara komo hakim anu
> jujur mah
> Insya Allah ka handapna oge kacacandak da mentok tea
> teu aya jalan korupsi, namung ku margi di luhur na
> tiasa di pasihan amplop, janten weh anu di handap
> teh teu aya kasieun kanggo ngalakonan perkawis
> korupsi teh.
>     Jujur.....jujur.....duh si jujur teh kamana atuh
> nya.....rahayat anu janten korban, gara-gara jujur
> teu di tanjerkeun jadi weh teu beres-beres lemah cai
> teh, mun nya
> anu koruptor teh sanajan teu tiasa di leungitkeun,
> atuh ulah ageung teuing, mun arek mah korupsi atuh
> samobileun weh atawa sa imaheun, ulah biliun-biliun
> komo
> dugi ka triliun-triliun mah.....duh eta teh artos
> rakyat.......naha teu sieun ku ajab Allah swt anu
> sakitu peurih na kana lahir tur batin....tos
> ahhh...kalahkah teras ngimpi
> ieu teh mikiran cicis nagara anu di parake poya2,
> padahal mah sagigireun nana teh loba nu lapar sareng
> haus ku sakeupeul sangu sareng ku sagelas cai.
>     Lamun Nata keur ngahuleng sorangan bari
> ngimpleng masalah korupsi eta, osok ngimpi bari
> beunta, cing teh meni hayang jadi jelema anu sakti
> mandra guna tur teu aya tandingan nana, ku akang mah
> moal di dakwa eta anu korupsi teh, tapi rek di
> cekekan tur di ancam supaya cicis nagara di
> balikeun, ku ayana kajadian ieu sigana
> jalma2 anu kakara arek ngalakukeun teh mikir saratus
> kali da sieun ku si Sakti tea, contona, Suharto,
> ulah di adili da percuma hakim na ge ngalila-lila
> gening, anu penting mah sina di balikeun deui weh
> harta maneh na jeung harta anak2 na  titik. oge para
> koruptor anu sejen na, sigana dina jangka waktu
> singkat  indonesia teh
> bisa punah tina hutang ka luar nagri....duh jadi
> ngalantur kieu......tos ahhh...sieun tuluy jadi
> pitnah ahhhhh..........maklum anu bodo ari ngalamun
> teh osok bari jeung nafsu
> da ku teu aya daya jang mantuan rahayat lemah cai
> tea, jadi weh nyalahkeun nu di luhur..........hidup
> Mr.Jujurrrrrrrr.
>
> Wassalam
>
> Nata
>   ----- Original Message -----
>   From: Tatang Sariman
>   To: urangsunda@yahoogroups.com
>   Sent: Tuesday, May 23, 2006 3:21 AM
>   Subject: Re: [Urang Sunda] surat keur urang
> bandung: runtah
>
>
>   Palebah nanjeurkeun hukum urang jigahna nembe
> ngaweitan sadar, saparantos uninga sareng ngalaman
> akibatna salami jaman KKN tijaman satengah umur
> bangsa ieu merdeka.
>
>   Jigahna bae anu perlu teh sistemna sareng sagala
> perangkatna anu masih keneh can dirobah? Ningal ti
> pangalaman negara sejen, di asean lah, perkara denda
> bentenna mung dina ngumpulkeun dendana. Kumaha tah,
> sederhana pisan, nyaeta teu aya denda atanapi pajeg
> anu dibayarkeun ka individu langsung saperetos pajeg
> atanapi denda lallin, iwalti ka institusi resmi
> nagara, sarupaning Bank sareng kantor Pos.
>
>   Kucara eta sanaos aya anu malsu kertas pajak
> atanapi anu sejenna, da keukeuh artosna mah lebet ka
> kas nagara. Jadi moal aya kajantenan malsu surat
> pajeg, tilang, atanapi fiskal di airport, kacuali
> janten rampog berjamaah. Tapi perkara eta di nagara
> batur pamohalan wujud, margi pangawasan berjalan ku
> saha wae anu aya identitas penduduk sebagae
> referensi laporan. Janten dina hal kitu mah sanajan
> anu dilaporkeun renrencangan sakantor keukeuh
> dipercanten laporanana.
>
>   Janten anu teu aya di urang teh perangkat
> nanjeurkeun hukum salian ti anu tadi, oge ayana
> nomer-nomer telepon anu disosialisasikeun ka sakabeh
> warga, bari dimana wae aya. Lain jigah di urang, anu
> lapor justru kudu nanggung resiko, naha mayar uang
> rokona,kopina, atanapi rugel  nama baik, waktu jeung
> sajabina. Aya basa leungir hayam terus lapor malah
> domba jadi leungit kusagala risiko caritana
> ngabenerkeun hayam anu leungit tea.? Ari di nagara
> batur mah anu lapor teh dibere bonus, saha nu teu
> kersa ngalaporkeun kajantenan anu balukarna
> sadaya/masyarakat janten rugel. (bonus=rangsangan ka
> masyarakat supaya jujur)??
>
>   Conto alit, upami urang nyandak kendaraan
> ngalangkungan ti na kecepatan anu aya dina rambu2
> lalin, petugas moal megat atanapi ngudag, tapi aya
> anu ngalaporkeun yeng jam +menit sakitu kendaraan
> nomer sakitu ngalanggar aturan, atanapi memang
> dipasang kamera,  atuh isuk ning geto aya serat
> saman ka alamat anu kagungan kendaraan tadi. Oge
> misalna salah parkir, tara loba carita ujug2 aya we
> anu nempelkeun kertas saman dina kaca hareup mobil
> anu salah tadi.Kitu sederhanana, tapi artos denda
> teu aya anu lebet kana saku individu, sadayana lebet
> kana nomer rekening nagara kalawan kakawal
> kusarerea.
>
>   Jadi pendapatan/hasil titina sumber eta bisa
> ngabangun nagara jeung wargana. Conto eta di Msia
> nolak bantuan luar nagara, tapi pembangunan
> infrastruktur maju kacida, anak2 bangsana kabiayaan
> sakolana ku pinjaman murah ti nagara, kolotna bisa
> meuli kendaraan (mobil=kereta) teu kedah aya
> jaminan, iwalti nomer penduduk jeung bukti
> penghasilan.Lamina pijaman paling enggal 7 thn.
> ayeuna mah malah 9 tahun. bunga 5 % satahun. Iraha
> nagara urang mampu jigah kitu?? Lobana warga teu
> jadi alesan, sabab loba penduduk malah loba oge
> wajib pajakna, tambah loba deui bae duit asup ka
> nagara.
>
>   Sok geura beresan sistem tadi jeung moral / akhlaq
> warga sadaya, supaya bangsa bisa mandiri.? Ayuena
> mah memang jigah bola kusut?? tapi teu kudu leutik
> hate, mimitian  ti kaluarga nyalira,generasi enggal
> insya Alloh, rejekina gampil. Amin.
>
>       
>   Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>     sapuk kang. penting pisan tah masalah
> sosialisasi teh. enya najan can loba asana mah
> pamarentah pernah nyadiakeun wadah runtah, najan teu
> tilu, dua di tiap tempat rame. tapi enya jigana ku
> jalaran kurang sosialisasi loba masyarakat nu teu
> nyaho keur naon eta dua tempat sampah eta. runtah
> baseuh angger asup kana wadah keur nu garing pon
> kitu deui sabalikna. sok inget cek aa gym.. mimitian
> ti diri sorangan.
>
>     oge, masalah penegakan hukum di urang nu masih
> handap. sabenerna mah di urang loba pisan nu
> ngaranna denda, ngan nya kitu we sok ditareangan
> liangna. gede teuing salah, komo leutik teuing mah.
> contona dina ngajalankeun perda larangan ngaroko di
> tempat umum jakarta. angger we tingsarebung, padahal
> dengdana gede.
>
>     heuy deuh...
>
>     dh
>     On 5/22/06, Tatang Sariman
> <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>       Saleresna memang para inohong teh teu ti awal
> keneh basa kajantenan urugna anu di Leuwi Gajah
> kedahna enggal milarian pang gentosna, naha nembe
> kiwari raribut teh ari tos rea beurit, bau buruk anu
> kacida di mana-mana, raraosan mah waktos cekap
> ngarancang ti basa eta??
>
>       Kumaha tah apan kamari bp walikota nyempetkeun
> ka Australia basa nyantek Bpk Presiden nyarengan
> AAGym di Tegallega, Kumaha tah? Saur sawatara urang
> Bdg saleresna mhs paguron luhur satingkat ITB oge
> aya sumbangan pemikiran malah bungkeuleukan karyana,
> kumaha atuh teu dipirosea?
>
>
=== message truncated ===


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke