Ieu aya posting ti Warga Kusnet, abdimah dugi ka kaget macana oge, nya atuh ngiringan we ngawadul.
 
>>> runtah di bandung numpuk, sabab teu aya tempat
>>> pamiceunan  di kota bdg.
>>> presiden nepi ka ngaultimatum cenah.
>>> mun teu bisa ngurusna rek diurus presiden.
 
Alinea diluhur nunjukeun yen urang sunda kajida bodona kacida teu boga kaerana, piraku we ngurus masalah runtah anu kuduna diurus ku tingkat pamong praja nepikeun ka kudu presiden nu ngurus.
 
Eta deui presiden R-I, dugi ka kersa ngurus runtah, padahal anjeuna digajih milyaran rupiah/tahun ku rakyat, kengeng pancen ti rakyat anu utamina kedah tiasa nyayogikeun lapangan kerja kanggo rakyat anu nganggur anu ayeuna jumlahna ampir 42 juta sa Indonesia, atanapi paling sakeudikna presiden kedah tiasa ngabangkitkeun semangat juang rakyat supaya bisa usaha mandiri.
 
>>> runtah dipiceun ka hiji tempat,nu bogana geus satuju-make
>>> kompensasi alias mayar.
>>> tapi warga sekitar teu satuju,
 
Urang kota jeung nu boga lahan jeung pamarentahna atah adol ngarana.
 
Cing pikiran ku urang sararea,
 
Urang kota bisa ngenah, merenah, kota bersih sabab runtah dipiceun ka lembur batur (ka desa), bari jeung urang kota iurana keur ngurus runtah ngan sarebu perak sabulan (ieu jelema pelit, koret, keked menenge mere ge hese)
 
Nu boga lahan, anu umumna lahana sesa galian pasir anu geus diarah hasilna jutaan malah milyaran rupiah, ayeuna butuh tanah urugan keur nga-reservasi lahana, meunang runtah gratis bari jeung dibayar deuih, nu boga lahan biasana jalmi beunghar malah jadi pejabat meureun nu biasana urang kota anu tara ngelol-ngelol acan ka eta lahan (ieu jelema jahat, sarkah, pinter kodek payus jiga peucang, cheating)
 
Ayeuna warga sekitar (tempat pamiceunan runtah) anu umumna hirup tina kuli macul, malahan aya jelema andar-andar, cacah kuricakan, sangsara, (ieu jalma termasuk kaum dhuafa lamun dianiaya oge teu walakaya, anu bisana ngan cukup ku ngado’a), ayeuna  malah tambah malarat kulantaran ngan diliwatan runtah malahan dibere runtah, nya bau nya bakal kaserang panyakit anu bakal ditimbulkeunana. Jadi sakuduna masyarakat disekitar pembuangan sampah kudu teu satuju, lamun teu aya piuntungeunana, malahmah mun ludeng kudu ngalawan sampai titik darah penghabisan.
 
Cing atuh urang kota nu palinter, nu beunghar, para pejabat sing areling, kudu leah hate ulah sangenahna ari bertindak, sing ngaragap angen sorangan, ieumah kalah bersatu “nyiksa ka-rayat desa”.
 
Teraskeun,
 
Ayeuna dina prakna cenah mah pemda rek ngajago, rek make tentara sagala, anu kudunamah tugasna tentarateh keur ngalindungan rakyat.
 
Lamun kieu terus, moal boa rakyat beuki ceuceub ka tentara, beuki ngewa ka pamarentahna, beuki cua ka urang kota, anu antukna bakal ngabangkitkeun semangat perlawanan rakyat, atawa paling saeutikna urang lembur bau lisung nu teu walakaya bakal ngadoa ka Allah SAW supaya tah manusa kota, jeung pamarentahna pon kitu oge nu boga lahan anu pinter kodek, pelit jeung sajabana diazab.
 
Sok emutan ku akang-akang upami rumaos pinter-mah.
 
Teraskeun deui, Ayeuna aya fakta deui,
 
yen runtah disebagian TPS dikota madaya Bandung diangkut, kusabab AA Gym palay sukses mengorganisir pesta suka-suka (happy-happy), anjeuna palay dianjangan ku presiden, margi AA Gym palay nyenangkeun 50000 anu ngiring sukan-sukan.
 
Runtah anu diangkut ngan didaerah anu diliwatan ku anu keur senang-senang, tapi malah mere kasangsaraan ka rakyat dilokasi anu dipiceunan runtah, ieu kajadian malah beuki ngaraheutan hate rakyat leutik (inget maranehna sebagai jelema dhuafa anu do’a na diijabah ku Allah SWT).
 
Tah didieu anu ngarana AA Gym mentingkeun popularitas pribadi, geus nunjukeun olo-olo, ngajago, takabur pedah keur punjul, manehna geus berbuat dholim. Kuduna AA gym kudu milu mikir, kudu ngilu ngageuing hate pupuhu jeung hate orang kota supaya welas asih ka kaum dhuafa didesateh.
 
What the Gema Nusantara for ? It’s just for fun, or might be for making AA Gym happy !, and so, You should understand, how much cost “invited the president” and his gang, who did pay it’s cost ?
 
Mangga sing imet.
 
Hiji presiden ngaluangkeun waktos kango ngaresmikeun kegiatan lomba lari ? Naha teu aya agenda anu langkung penting ? sabaraha biaya ngalungguhkeun anjeuna saparakana ka Bandung ? artosna timana, artosna nu saha ?
 
Etateh biayana di tanggung kurahayat, saneh artos rahayat jawabarat, saderek kedah terang penghasilan jawabaratmah kanggo nyumponen belanja pegawai oge teu cekap, jawabarat disubsidi ku propinsi anu sanes, janten biaya presiden RI saparakanca sukan-sukan di Bandung ti rahayat Aceh, Papua, kalimantan, nyaeta tina artos pajak pertambangan saneskanten, sing emut saderek setiap aya kegiatan anu disumpingan pejabat (timana wae anu nganggo biaya negara) etateh sami wae sareng ngaluarkeun artos ti rakyat.
 
Kajadian diluhur, malih langkung eces nempatkeun rakyat jawa-barat janten masyarakat anu hayang kapuji, hayang kaalem, bodo katotoloyoh anu ceuk bahasa lemesnamah “Teu boga cedo”, nu jelas aya masalah krusial anu kudu dibereskeun eh malah sukan-sukan bari nejeh rakyat leutik, kajadian ieu ahirna tiasa janten bahan gogonjakan urang dengen, komo urang LN mah. “ See … there is a donkey pupolation in Indonesia, it’s Sundanis” kitu meureunnya.
 
Peristiwa dilihur tetep teu ngajawab akar permasalahna nyaeta masalah runtah, sabab rakyat Bandung atawa Jawabarat atawa tatar sunda, kemampuana kakara nepi ka miceun runtah, lain  ngolah runtah.
 
Sok upami urang ngaraos janten urang sunda anu bageur tur binengkas, urang ngemut carana ngolah runtah bari jeung teu ngarugikeun pihak manawae (kudu adil palamarta), tah ieu tugas urang sunda sarerea, teu kudu menta bantuan urang luar Bandung-Jawabarat kang, ngerakeun pisan atuh.
 
 
>>> palebah dieu kang dada rosada teu salah teuing.
 
Saur saha teu salah, justru salah besar, kunaon urang Bandung anu ngajieun runtah, tapi orang lain (urang lembur) anu kudu ngambeu bau jeung kadatangan panyakitna.
 
>>> tapi nu aheng, bupati garut geus satuju, warga sabudeureun
>>> pasir bajing garut teu satuju.
 
Eta ngarana bupati teu ngarti, rakyatna-na dibere runtah malah setuju.
 
 
Atuh oleh-oleh ti Ana, upami hoyong diajar ngolah runtah, mangga akang-akang anu palinter sumping ka Ma’had Al-Zaitun, bilih palay ningali proses ngolah runtah diditu, saha nu terang Al-Zaitun tiasaeun. Al Zaitun teu acan kantos miceun runtah diluar lokasina, atuh runtahna oge didaur ulang dilingkungan Ma’had Al Zaitun anu 1200 hektar tea, “memang mahal tapi itulah harga yang harus dibayar untuk kebersihan dan kesehatan yang merupakan sebagian dari iman”.
 
Sakali deui, ngolah sampah heunteu susah, anu penting aya niat, jeung kudu daek berkorban keur pembiayaanana, cobi di Bandung iuran, tiap KK setor 60000 rupiah/bulan tah dananya dianggo mengolah sampah (bukan membuang sampah), atuh upami tetep wae urang sunda tetep bodo, belet jeung embung mikir, bade nganggo cara anu paling kuno atawa barbar atawa teknologi jalmi bodo dan tolol nyaeta dipiceun kaluar Bandung, boh bade ka Garut atanapi ka Purwakarta, cing sing hawatos kakaum dhuafa atuh, sok atuh “DIBUAT” supaya didaerah pembuangan sampah itu menjadi daerah harum, bersih dan sehat.....mangga wartoskeun kasaha waenya. Tapi upami tetep kieu wae sakali deui omat Do’a kaum dhuafa didangukeun ku Allah.
 
Wass
Ana anu geulis tea.


How low will we go? Check out Yahoo! Messenger’s low PC-to-Phone call rates.

Komunitas Urang Sunda -->
http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke