Wilujeng wengi,
 
 
>>> basa sunda bakal langkung majeng lamun...
>>> urang sunda na majeng di sagala widang bari
>>> jeung nuliskeun kajembaranna dina basa sunda...
>>> pan tangtu seke seler nu lian ge bakal mentingkeun
>>> diajar basa sunda... ringkesna basa sunda
>>> kedah bisa jadi basa piken nepikeun rupa-rupa elmu panemu....
 
Sapagojod sareng pribados.
 
Koncina upami sunda punjul dalam widang “ Science & Tecknologi” otamatis jalmi sadunya bakal sumping ka tatar sunda, atuh otomatis bahasa sunda tiasa janten bahasa pergaulan didunya. Impian ieu tiasa ngawujud ku usaha keras urang sunda, saha nu terang sajuta tahun deui tiasa kabuktoskeun.
 
Tapi realitana, bahasa sunda mah susah sabab aya undak usuk bahasa anu umumna dipake ku kaum feodal, nyaeta ayana “kasta”.
 
Mangga tinggali bahasa Indonesia bahasa hiji desa di Riau, tapi kusabab gampang jeung ampir teu mengenal tingkatan bisa ditarima kuseluruh rahayat di Indonesia (teu jawa, teu sunda, teu china teu papua kabeh gampang diajarna), tai kunaon teu populer, nyaeta Indonesia teu acan ngajadikeun tempat “Science & Teknologi”, tapi baru merupakan tempat miceun teknologi anu usang.
 
Aya deui nu leuwih gampang nyaeta bahasa Inggris, ieu oge bahasa hiji kampung di negara England (hiji negara bagian United Kingdom), kusabab gampang, malah praktis pisan, sabab bisa langsung ngabedakeun peristiwa kamari, ayeuna, jeung isukan, pon kitu deui langsung ngabedakeun gender, antukna sadunya bisa narima ieu bahasa.
 
Janten upami urang hoyong ngamekarkeun bahasa sunda, nya urang sunda kedah punjul heula atuh utamana dina widang " Science & Teknologi". Sok atuh baraya urang rebut Science and Technology teh ulah nurutan sakadang peucang wae, mending oge anu real nyaeta Science and Technology tea.
 
Alhamdullilah pribados masih keneh tiasa komunikasi dina bahasa sunda alatan ngiring KUSNET ieu.
 
Wass
ANA
 


Be a chatter box. Enjoy free PC-to-PC calls with Yahoo! Messenger with Voice.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke