Manawi aya pulunganeunana :
 
Penjagaan --> asal kecap tina Jaga..., kecap jaga asli basa Sunda, jaman karajaan tos aya jabatan/kalungguhan : Jagabaya, Jagaraksa sareng Jaga-jaga sanesna.
Penjagaan (bhs. Indonesia) tiasa dihartoskeun ; Pangjagaan/pangraksaan
Penjaga = Pangjaga/pangraksa
Menjaga = Ngajaga/ngaping/ngaraksa/ngajaring
Dijaga = Dijaga/diraksa/diaping/dijaring
Namung kecap Jaga (bs. Sunda) aya deui hartos sanesna.
Jaga = waktu nu bakal datang (Nanti/kelak/bhs.Indonesia), contona ;
"Kudu getol ari ibadah, supaya jaga bisa hirup pinuh bagja = Harus rajin ibadah 
 supaya kelak hidup bahagia.  
"Isuk jaganing geto" = Besok atau lusa (bhs.Indonesia)
 
Pangabisa ---> asal kecap Bisa = Tiasa
Pangabisa = (lemes) Katiasa
conto kecap :
Boga pangabisa naon maneh ?? = Gaduh katiasa naon salira ??
 
Cag sakitu we, bilih ngagebay teuing.
 
Pihatur,
ssw
 
S.M Natapradja [EMAIL PROTECTED],com
Penjagaan = Penjagian.......??? Tadina mah bade
nyerat penjagian, naha leres kitu eta teh,  asa teu
srek dina bhs sunda aya penjagian....hihihihi
 
Sareng upami ' Pangabisa ' naon nya lemes na ?
contona : pangabisa di widang olah raga sim kuring
langkung sae ti salira ! " naha leres eta the kitu.?
 
Punten ah ka baraya sadayana pang leres keun, hatur
nuhun
 
Wassalamu'alaikum wr wb
Nata
 



Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda
__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke