sapertos nu dicarioskeun kapungkur di bumi aya buku kumpulan pupuh,
judul : lagu-lagu pupuh
kenging : mang koko jeung p nataprawira
penerbit : mitra buana, 1983, bandung
 
pupuh 17 lengkep diserat dina eta buku, contona pupuh pangkur dihandap ieu.
=========
PANGKUR

laras : saléndro
surupan : 1=tugu

*bébas wirahma

bapa doblang pada terang
kumis baplang nuruban biwir nu jeding
pipi kemong irung mancung
panon buringas hérang
goréng omong gawang geuweung harung gampung
pantrang mayar kana hutang
licik sarta sok curaling

hiji mangsa bapa doblang
weureu gadung kabebeng gulang-guling
jol nu nagih hutang sarung
gancang ngoréjat hudang
ngambek nyereng bari ngamang-ngamang pentung
bapa doblang leng ngoléang
labuh nyungkur biwir suwing

*tandak/panambih

gerakan : kering

euleuh, itu bapa doblang
notorogan boro baé kumis baplang
puas nyorang weureu gadung
beuteung bebeng lieur lanjung humaregung
matak ogé hirup urang
entong bedang bedegong curaling
bisi kawas bapa doblang
wawales tisuksruk jeung suwing

mana kalakuan urang
kudu bener ulah leuwih ulah kurang
sabab laku lampah urang
mawa jalan lara bagja nu disorang
usik malik beurang peuting
Gusti Alloh nu héman nu asih
ucap lampah haté wening
ciri jalma utama beresih

----
tah sakitu, dina eta pupuh diwangun ku dua bagean. bebas wirahma sareng tandak/panambih..
 
sakitu nu kapihatur, nyanggakeun
 
dh
he he he poho pernah ngaplod ka blog nu geus jadi runtah, tapi karek dua pupuh. toong di http://deha.wordpress.com/tag/sunda/pupuh/
 
On 6/9/06, Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
haturan kang santosa,
 
ieu cek elmu permeureunan nu ku sim kuring dicepeng.
sim kuring gaduh buku pupuh nu 17 kangge budak sd-smp. dina buku eta unggal pupuh dicontoan (minimal) ku dua pada. pada kahiji purwakantina saluyu jeung ugeran pupuh, ngan pada kadua mah henteu. biasana diluhureun pada kadua sok aya tulisan. panambih. tah duka pada kadua pupuh asmarandana di kusnet teh nu disebat panambih tea atapi sanes. nu kedah ngajawab ieu mah ahli pupuh panginten. mangga kapayun, gan!
 
punten bilih nyanyahoanan..
dh
On 6/9/06, trias santosa <[EMAIL PROTECTED] > wrote:

 
Mangga lereskeun pupuh Asmarandana dina Kusnet !
didieu:
 
Lepatna bait kadua teu murwakanti
Saha nu ngarang baik kadua?
 
Wasalam
Kang Santosa
 

Asmarandana

Eling-eling mangka eling
Rumingkang di bumi alam
Darma wawayangan bae
Raga taya pangawasa
Lamun kasasar lampah
Nafsu nu matak kaduhung
Badan anu katempuhan
Eling-eling masing eling
Di dunya urang ngumbara
Laku lampah nu utama
Asih ka papada jalma
Ucap tekad reujeung lampah
Tingkah polah sing merenah
Runtut rukun sauyunan
Hirup jucung panggih jeung kamulyaan




--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.lembur deudeuh.:
http://banjarasih.blogsome.com



--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.lembur deudeuh.:
http://banjarasih.blogsome.com __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke