Implengan kuring, kira-kira persis jiga nu didadarkeun ku Kang Rachmat. Urang bisa ngamangpaatkeun media Internet, pikeun media komunikasi ngadurenyomkeun kasundaan. Meureun kira-kira kieu skenariona:
Guru, Dosen Siswa, Mahasiswa Basa Sunda | | \ / \ / Budayawan, ------------------- Masayarakat Sastrawan, / I N T E R N E T \ Umum Seniman, --| alias | -- Inohong | JAGAT MAYA | Sunda,jsb \--------------------/ / \ Pamarentah, Tukang IT, jsb Sawasta, NGO Tah masing-masing bisa milu ulubiung luyu jeung fungsina masing-masing. Jigana upama ieu implengan bisa kawenehan, kakurangan bahan pikeun pangajaran basa Sunda, kakurangan waragad keur publikasi, jeung sajabana bisa diungkulan. Salam, MH --- MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Ieu mah rek neruskeun perkara basa Sunda tea. > Baheula kungsi ngobrol jeung Kang Kumincir, kumaha > lamun wikipedia edisi sunda, anu dipigawe ku kang > Kumincir teh dibukukeun, pikeun barudak SD atawa > barudak SMP. > Tibatan guru basa Sunda hese neangan topik naon > pikeun pangajaran basa Sunda, mending ngajarkeun anu > tos jadi > nyaeta wikipedia basa Sunda. tah ieu, sigana onjoyna > mangpaat IT teh, bisa neundeun data anu bisa diakses > ku saha wae. Tapi pan, teu satiap sakola aya > internetna (iklan internet telkom di tivi, iklan anu > durasina panglilana, ngan jadi angin sorga wae > pikeun > masyarakat daerah mah). tah kusabab kitu, jigana wae > dina hal ieu, ngabukukeun wikipedia sunda bag-bagan > sasatoan jeung tutuwuhan, bisa jadi hiji alternatif > pikeun ngajawab 'tantangan' ti mang Ayip Rosidi. > (mun > wartawan PR kreatip mah, bisa mukaan wikipedia edisi > Sunda, keur nyieun tulisan 'tandingan' "tantangan" > mang Ayip Rosidi). > > Aeh hilap, engke tanggal 28 Juni jam 13.00, acara > SIMPAY di FIB UI, anu ngeusian acarana Mang Ayip > Rosidi, dipeto sina ngadadarkeun pangalaman kumaha > ngajegkeun Sunda jeung kasundaan, saperti pangalaman > amis-pait ngadegkeun yayasan RANCAGE, nyitak buku > "Apa > dan siapa orang Sunda". > > > baktos, > > mrachmatrawyani > > --- MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> > wrote: > > > > > Perkara basa di sakola dasar, asana teh tos aya > > juklakna (petunjuk pelaksanaannya). Barudak anu > > sakola > > SD (kelas lima atawa kelas 6, diajar basa Sunda. > > Taun > > kamari,kuring kadatangan barudak SMP kelas 2, anu > > tunyu tanya perkara basa Sunda. Cenah aya tugas ti > > sakolana supaya ngawawancara ketua RT anu bisa > > ngomong > > basa Sunda. Eta budak teh ku kuring dibere VCD > > wawancara KUSnet jeung (alm) Mang Ayat, supaya > > ditongton jeng dibikeun keur guru basa Sunda. Ti > > saprak harita, lebeng, teu aya deui barudak SMP > anu > > ngawawancara. ===== Situs: http://www.urang-sunda.or.id/ [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> See what's inside the new Yahoo! Groups email. http://us.click.yahoo.com/B6DZeC/bOaOAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/