Kang MH,
Sigana implengan akang, kedah diebrehkeun langkung
paos, di koran PR. asana mah tos wancina ngadadarkeun
naon anu tos dipidamel ku urang KUSnet dina perkawis
basa Sunda jeung Kasundaan. Sakantenan wae mitembeyan
nyosialisasikeun acara pasanggiri HBH KUsnet anu bade
dongkap. Asa "mobok manggih gorowong" yeuh seratan
mang Ayip Rosidi sareng program kasundaan KUSnet.
Mangga ah, urang sabilulungan ngaramekeun media
(koran, majalah, televisi, radio). Minimal ngadamel
surat pembaca.

baktos,

mrachmatrawyani  

--- mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Implengan kuring, kira-kira persis jiga nu
> didadarkeun
> ku Kang Rachmat. Urang bisa ngamangpaatkeun media
> Internet, pikeun media komunikasi ngadurenyomkeun
> kasundaan. Meureun kira-kira kieu skenariona:
> 
> 
>          Guru, Dosen          Siswa, Mahasiswa
>          Basa Sunda         
>                |                      |
>                \                     /
>                 \                   /
>    Budayawan,    -------------------   Masayarakat
>    Sastrawan,   /  I N T E R N E T  \  Umum
>    Seniman,  --|       alias        | --
>    Inohong     |    JAGAT MAYA      |
>    Sunda,jsb   \--------------------/
>                 /                  \ 
>         Pamarentah,            Tukang IT, jsb
>         Sawasta, NGO
> 
> Tah masing-masing bisa milu ulubiung luyu jeung
> fungsina masing-masing.
> 
> Jigana upama ieu implengan bisa kawenehan,
> kakurangan
> bahan pikeun pangajaran basa Sunda, kakurangan
> waragad
> keur publikasi, jeung sajabana bisa diungkulan.
> 
> Salam,
> MH
> 
> 
> --- MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]>
> wrote:
> 
> > Ieu mah rek neruskeun perkara basa Sunda tea.
> > Baheula kungsi ngobrol jeung Kang Kumincir, kumaha
> 
> > lamun wikipedia edisi sunda, anu dipigawe ku kang 
> > Kumincir teh dibukukeun, pikeun barudak SD atawa 
> > barudak SMP.
> > Tibatan guru basa Sunda hese neangan topik naon
> > pikeun pangajaran basa Sunda, mending ngajarkeun
> anu
> 
> > tos jadi
> > nyaeta wikipedia basa Sunda. tah ieu, sigana
> onjoyna
> > mangpaat IT teh, bisa neundeun data anu bisa
> diakses
> > ku saha wae. Tapi pan, teu satiap sakola aya
> > internetna (iklan internet telkom di tivi, iklan
> anu
> > durasina panglilana, ngan jadi angin sorga wae
> > pikeun
> > masyarakat daerah mah). tah kusabab kitu, jigana
> wae
> > dina hal ieu, ngabukukeun wikipedia sunda
> bag-bagan
> > sasatoan jeung tutuwuhan, bisa jadi hiji
> alternatif
> > pikeun ngajawab 'tantangan' ti mang Ayip Rosidi.
> > (mun
> > wartawan PR kreatip mah, bisa mukaan wikipedia
> edisi
> > Sunda, keur nyieun tulisan 'tandingan' "tantangan"
> > mang Ayip Rosidi).
> > 
> > Aeh hilap, engke tanggal 28 Juni jam 13.00, acara
> > SIMPAY di FIB UI, anu ngeusian acarana Mang Ayip
> > Rosidi, dipeto sina ngadadarkeun pangalaman kumaha
> > ngajegkeun Sunda jeung kasundaan, saperti
> pangalaman
> > amis-pait ngadegkeun yayasan RANCAGE, nyitak buku
> > "Apa
> > dan siapa orang Sunda".
> > 
> > 
> > baktos,
> > 
> > mrachmatrawyani
> > 
> > --- MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]>
> > wrote:
> > 
> > > 
> > > Perkara basa di sakola dasar, asana teh tos aya
> > > juklakna (petunjuk pelaksanaannya). Barudak anu
> > > sakola
> > > SD (kelas lima atawa kelas 6, diajar basa Sunda.
> > > Taun
> > > kamari,kuring kadatangan barudak SMP kelas 2,
> anu
> > > tunyu tanya perkara basa Sunda. Cenah aya tugas
> ti
> > > sakolana supaya ngawawancara ketua RT anu bisa
> > > ngomong
> > > basa Sunda. Eta budak teh ku kuring dibere VCD
> > > wawancara KUSnet jeung (alm) Mang Ayat, supaya
> > > ditongton jeng dibikeun keur guru basa Sunda. Ti
> > > saprak harita, lebeng, teu aya deui barudak SMP
> > anu
> > > ngawawancara.
> 
> 
> =====
> Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
> [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
> 
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam
> protection around 
> http://mail.yahoo.com 
> 


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Feed a village from your office.  Donate at GlobalGiving.
http://us.click.yahoo.com/QhDZaC/GPaOAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke