Duh, dinten Saptu teh meuni tiiseun Bakus teh…tadi siang waktos istirahat nepangan MJ di ITENAS, mung sakedap da kedah tunggon rohangan damel, sieun aya nu ngagotong…heheh. Bari ngahuleng iseng ngadamel carpon…Punten bilih aya nu lepat, diantos kritikna. Mangga nyanggakeun mugia tiasa janten pangbeberah manah.
ro2
Si Manéhna
Gebeg! Haté kuring ngagebeg basa ngadengé yén manéhna rek kawin bulan hareup. Saawak-awak asa leuleus, leumpang asa ngalayang (siga ririwa waé…), geus puguh haté mah asa digerihan ku hinis…teu hayang dahar da teu lapar, teu hayang nginum da teu hanaang, komo hayang saré mah da beurang kénéh…
Sok ras inget ka jaman katukang-tukang, basa can apal ka manéhna, kuring mah haré-haré we sakitu ku unggal wanoja diomongkeun téh. Da nenjo buukna ge hiiiii…meuni panjang, siga awéwé…lain nanaon kuring mah ngabayangkeun hese nyisiranana oge, jembet. Kumaha mun loba kutuan? Totombe?Pangpangnamah olok sampo! Kudu gedé modal deuih, mun hayang alus kudu di krimbat ka salon. Leuheung jaman baheula mah masih kenéh bisa digélang ku taneuh porang, pucuk daun gedang atawa pucuk daun asem.
Beuki dieu beuki mindeng ningali bengeut manéhna. Komo basa buukna diteukteuk dipolkakeun, disidik-sidik, tétéla yén manéhna téh jajaka kasep ngalémpéréng konéng, irung bangir, awak jangkung badag, biwir beureum abong indungna gé impor ti Jerman. Beuki resep we kuring basa ngadéngé yén manéhna hobi Taekwondo jeung naék motor gedé siga na pélém Barat Renegade, nyaan bener ieu mah pantes jadi jagoan!
Teuing kumaha, kapibeungeut waé éta jajaka, ceuk lagu Dina Mariana baheula téa mah…"Aku mau tidur, ingat kamu…Aku mau makan, ingat kamu…aku mau mandi, ingat kamuuuuu…." Siga jalma lianna nu keur kabungbulengan, kuring néangan inpo ngeunaan manéhna boh tina obrolan wanoja lian, tina TiPi, majalah koran jeung ramatloka. Kungsi asup ka alamatna di ramatlokana, didinya loba pisan poto-potona, salah sahijina didonlod dijadikeun sekrinserper….méh unggal poé bari gawé bisa nénjo beungeut si manéhanana.
Kuring ngadengé, ka manéhna téh loba pisan wanoja nu hayangeun, tapi manéhna gé teu sagawayah, milih-milih heula meureun. Sarua pisan kuring ge hay-hay tapi ér-ér…. Da ceuk kolot mah awéwé téh dulang pinandé, nungguan. Tapi ceunah jaman kiwari mah kaci mun awéwé bogoh tiheula alias mapageun bal (menjemput bola)…tapi hanjakal kuring mah teu bisa-bisa acan méngbal!
Kumaha geuy atuh sainganana gé nu bareurat wungkul, kungsi ngadéngé manéhna boga sababaraha kabogoh ti mimiti Dian Purba, Yosefani Waas, trus béntang sinetron nu ayeuna rék jadi mantu Ki Ato, Lulu Tobing. Teu lila tidinya kuring ngadengé manéhna keur teu boga kabogoh…ah, cikan susuganan ayeuna aya duriat manéhna ka kuring, baélah kuring ngawani-wani manéh…
Pék téh asa dibentar gelap! tadi beurang kuring manggih béja yén manéhna geus meunang deui nu anyar. Masih kénéh teu percaya, kuring neangan dina TiPi, leungeun ngadégdég nyekelan rimot. Acara ngeunaan manéhna aya dina Kabar-kabari, Hot Shot, Insert, Was-was, Cek n Ricek, Peri Gosip, Go Show, Silet, Kroschek, Betis jrrd, angger uesina téh,"Manéhna rek kawin jeung Inge Nugraha!"
Dalah dikumaha jodo mah geus dipincukan tidituna ku Pangéran, nya kuring ngan bisa ceurik ngabangingik, tapi teu bisa kitu, kuring kudu kuat, iklas tur rido da simanéhanana lain jodo kuring. Keclak…keclak…panon ramasbas bari nulis kartu keur simanéhanana nu eusina :
Wilujeng Laki-Rabi, mugia sing janten Kulawarga Sakinah Mawaddah Warahmah.
nb : diantos dudana.
.![]()
--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.lembur deudeuh.:
http://banjarasih.blogsome.com __._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

