Baraya,
 
Hapunten upami sabagean tina posting ieu ngarupakeun posting kaduakalina.
Ieu obrolan dina chatting abdi + Kang Yaya pamugi aya manfaatna. Ka Kang Yaya: Ngiring belasungkawa anu saageung-ageungna, pamugi anu ngantunkeun ditampi iman islamna, kalebet anu maot di jalan Alloh, atuh ka sadaya anu dikantunkeun pamugi aya dina sobar tawekal. Amin:
 
o_arahman: Kang...ngiring belasungkawa anu sageung-ageungna
Rukayadi Yaya: hatur nuhun Kang
o_arahman: duh mani nyodcod tuur ngupingna oge
Rukayadi Yaya: muhun atuh...kaping 18 Juli 2004 raka abdi ngantunkeun, kang oman ge panan ngalayad harita, kaping 17 Juni 2005 suamina ngantunkeun, kaping 24 Juni 2006 anak + incuna ngantunkeun
o_arahman: Gusti...........
Rukayadi Yaya: kurang ti 3 taun anak-minantu-incu-bunyut punbiang ngantunkeun
o_arahman: Inna lillahi wa inna ilahi rojiun
o_arahman: urang tiasa sedih parat dugi ka langit, namung urang ukur tiasa ngabudalkeun naon2 abu dijinkeun ku Alloh
Rukayadi Yaya: sumuhun kang
o_arahman: sing kiat Kang
o_arahman: masih pasrah sumerah ka pangeran
o_arahman: gunakeun timbangan anjeunNa sanes timbangan urang salaku makhluk dina ngemutanana
Rukayadi Yaya: pun biang mah nyarios kieu: "Tong nanya kumaha sedihna ema, tapi perhatikeun bagaimana ema mengatasi kesedihan"
o_arahman: leres pisan
Rukayadi Yaya: pun biang mah kiat pisan
o_arahman: reueus kang...
o_arahman: tah eta salah sawios hikmahna
o_arahman: AnjeunNa "ngamaotkeun" ku cintaNa anu moal kahartos ku urang salaku anu awam
Rukayadi Yaya: leres....
o_arahman: salira dimana ayeuna?
Rukayadi Yaya: di korea
o_arahman: moal mulih rupina?
Rukayadi Yaya: moal...da saur kulawargi teu kedah....
o_arahman: muhun masing tawekal wae
o_arahman: mangga didoakeun pisan
Rukayadi Yaya: hatur nuhun
 
Baktos,
manAR
__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Reply via email to