|
Kanggo Euis GIBOL, Di Jerman Nitik wanci nu mustari, nincak mangsa anu sampurna,
di tungguan ti anggangna, lawas
ti lawas, antukna norojol oge serat ti
Euis GIBOL anu bakhnoll. Duuuh Euis… Ampun paralun,neda hapunten anu kasuhun…teu aya maksad
aa bade ngaraheutkeun manah anjeun duh jungjunan, sakali deui teu aya……pisan. Dalah di kumaha, panginten tos takdir
tinu kawasa, aa kedah
ngarandapak ieu cocoba. Aa tos
kabengbat ku panjaga gawang ti tailan, oge
ku penyerang ti …(poho
deui..heuheu). Aa tos mopohekeun barudak urang, anu aya
di wewengkon urang. Anu balukarna, ayeuna
aa aya
dina jurang degradasi. Anu teu pamohalan taun
hareup aa
moal bisa asup deui ka tipi. Kacian deh aa….. Duh Euis Gibol anu bakhenol…. Aa kacida
isina ku para bobotoh, baheula
aa di pikasieun
ku sakuliah nusantara, oge di sabudureun Euis… Aa tos
ngama’lum, upami dina danget ieu
Euis tos ingkar tina jangji,
sulaya tina basa. Rehna ayeuna
Hate euis keur kapengpeongan, kabengbat tur ka edanan ku
hiji jajaka gandang ti nagara
sebrang, Anu ayeuna keur di
eak-eakuen ku sadaya penjuru dunia, nya eta
Aa jerman
tea. Tapi tong klhilap….tur
aa percanten,
moal langkung ti 5 dinten deui,
hate Euis bakal nyangkut deui ka Aa, sanaos aa
teu sa hebat
aa Jerman oge. Aa sono ka euis, aa
peryogi dukungan Euis oge bobotoh
anu sanesna. Upami euis GIBOL alim
ngahiji, ngalaki-rabi deui sareng aa,
wios aa mah
di kandangan wae. “Maung Bandung Medal ka Sarung” Hapunten anu kasuhun ka
Euis GIBOL sareng ka
BOBOTOH anu sanesna, bilih aya cariosan
aa anu
ngaraheutkeun manah anjeun sadaya. Ma’lum aa
mah urang kampoeng anu bau
lisung, anu teu gaduh tata
titi duduga peryoga, tebih tina bangku sakola,
komo kudu ngadahar bangku namah. Baktos, Aa Persib tea…… -----Original Message----- Kanggo aa Persib Rumasa baheula kungsi
kapengpeongan,kajamparing ati kapentang panah Punten nya aa Persib, sanes abdi rayungan
sumawona bade midua hate, rumasa dina danget ieu nuju kabengbat ku hiji
jajaka anu tiasa nyumponan kahayang hate, matak reueus nu nempo, matak pogot nu
nenjo, raray indo, pangawakan jalugjug jangkung tur kuat daya gempurna, nya
taya lian aa Jerman tea. Baheula rumasa abdi sok ajrag ajragan poho
kaera nyumangetan aa Persib, tapi ayeuna ulah majar kumaha, ulah
ngananaha, komo nepikeun ka ngaheab panas, lamun abdi ceuceuleuweungan tur
nepikeun ka nyingsatkeun anderok, bakating ku reueus ka aa Jerman. Aa Persib, waktu nu kaliwat
urang jadikeun we kenangan, da ayeuna mah abdi tos gaduh pangancikan hate.
Ngan omat teu kedah pondok harepan, da saupami aa Persib bisa ngarobah sikep,
tiasa nyumponan kahayang hate tur jadi kareueus sarerea, teu pamohalan duriat
abdi anu baheula kungsi ngagedur tiasa lelentaban deui. Sakali deui sanes
abdi raja tega luluasan megatkeun tali duriat, ieu mah etang etang masihan
tanjakan ka aa Persib, sugan wae mikir, pupuriheun atuh tiasa ngungkulan aa
Jerman dina sagala rupina. Najan kitu, abdi moal ngaleuleungit, kanyaah,kaheman
aa Persib anu baheula kungsi ditembrakeun ka abdi tetep ngancik dina hate.
Aa Persib wayahna ayeuna mah urang TTM-an wae nya, Temen Tapi Merana,
da bongana ari maen teh sok merana wae. Baktos abdi, Euis Gibol. syam ridwan Kabaraya anu teu mirasa kana seuri,
ayeuna tos medal landong nu mujarab nyaeta ramuan "Keom Sakedap"
mangga toel MJ kanggo nebus resepna atanapi kapayuna tiasa digaleuh di TB
langganan baraya.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
YAHOO! GROUPS LINKS
|
- [Urang Sunda] Kanggo aa Persib sr
- RE: [Urang Sunda] Kanggo aa Persib vs Euis GIBOL !! Yosep Hania
- Re: [Urang Sunda] Kanggo aa Persib-Duh Gusti! brad porenges
- [Urang Sunda] quiz: neangan putri mh
- RE: [Urang Sunda] quiz: neangan putri Yosep Hania
- [Urang Sunda] Re: quiz: neangan putri kang_boim

