Kahatur
Pupujaning Ati Engkang Persib
Di Bandung
 
 
Mugia engkang dangat ieu sehat walafiat sareng aya dina panangtayungan Gusti Alloh, Pangeran nu murbeng alam salamina.
 
Engkang, ayeuna Euis parantos ngartos sareng eces tur jentre kana noan-naon anu karandapan Engkang ti ngawitan kamari ieu dugi ka sababaraha taun kapengker. Engkang sanes gagal, engkang henteu midamel nu cawadeun batur da buktos Engkang parantos tihothat sirikna pet hulu dug nyawa saur paribasana sepuh mah. Euis surti hate engkang kacida ngarakacak sareng ngaraos teu aya beungeutan ku masayarakat, mung eta sadayana tong dijantenkeun leutik harepan kang malah jantenkeun pecut keur ngentabkeun sumanget kanggo kapayunna.
 
Engkang, percanten ka Euis! Engkang teu kedah seueur emutan, hate Euis ngan kanggo Engkang sagemlengna, ka tresna Euis ka Engkang herang ngagenclang lir cai walungan Ciliwung nuju jaman Uyut Purnawarman, suci beresih Kang! Euis moal unggut kalinduan moal gedag kaainginan, sanaos serat ti Aa Zizau ngalangkungan teteh Sophi Marceau sareng kang Alain Delon kacida rongkahna. Euis bade tetep tigin kana janji satia ngantos Engkang salamina, Euis percanten kana sasauran Mang Raymond  Domenech nu unggelna " The time will come for Zizau.." oge sami kanggo Engkang!
 
Duh Gusti, Pangeran abdi, mugi maparin kakiatan kana ngantengna duriaat abdi sareng Kang Persib. Mugi Gusti ngalimpahkeun kasabaran, kajembaran sareng ngaronjatkeun kapinteran mengbal beubeureuh  abdi.
 
 
Nu moal weleh nineung,
Baktos,
 
Euis Saribanon 
 
 
sr <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kanggo aa Persib
Rumasa baheula kungsi kapengpeongan,kajamparing ati kapentang panah asmara ku aa Persib. Tapi saprak aa Persib ingkar tina kahayang hate, teu jadi kareueus deui malah sabalikna sok nyieun wiwirang, rasa katresna anu baheula ngagunung sagede  galunggung, lambat laun jadi suwung. Padahal ti baheula, teu bosen bosen nyumangetan sangkan tali katresna urang tetep nyangreud. Tapi buktina, beuki deui teh asa jauh ti harepan. Kukituna tong ngananaha lamun abdi milarian deui tempat panumplekan kadeudeuh salian ti aa Persib. Da bongan sorangan sok salah dipikaheman. Sanajan enya cinta teh pinuh pengorbanan tapi ari nepikeun ka ngorbankeun perasaan mah ke heulaanan.
 
Punten nya aa Persib, sanes abdi rayungan sumawona bade midua hate, rumasa dina danget ieu nuju kabengbat ku hiji jajaka anu tiasa nyumponan kahayang hate, matak reueus nu nempo, matak pogot nu nenjo, raray indo, pangawakan jalugjug jangkung tur kuat daya gempurna, nya taya lian aa Jerman tea. Baheula rumasa abdi sok ajrag ajragan poho kaera nyumangetan aa Persib, tapi ayeuna ulah majar kumaha, ulah ngananaha, komo nepikeun ka ngaheab panas, lamun abdi ceuceuleuweungan tur nepikeun ka nyingsatkeun anderok, bakating ku reueus ka aa Jerman.
 
Aa Persib, waktu nu kaliwat urang jadikeun we kenangan, da ayeuna mah abdi tos gaduh pangancikan hate. Ngan omat teu kedah pondok harepan, da saupami aa Persib bisa ngarobah sikep, tiasa nyumponan kahayang hate tur jadi kareueus sarerea, teu pamohalan duriat abdi anu baheula kungsi ngagedur tiasa lelentaban deui. Sakali deui sanes abdi raja tega luluasan megatkeun tali duriat, ieu mah etang etang masihan tanjakan ka aa Persib, sugan wae mikir, pupuriheun atuh tiasa ngungkulan aa Jerman dina sagala rupina. Najan kitu, abdi moal ngaleuleungit, kanyaah,kaheman aa Persib anu baheula kungsi ditembrakeun ka abdi tetep ngancik dina hate. Aa Persib wayahna ayeuna mah urang TTM-an wae nya, Temen Tapi Merana, da bongana ari maen teh sok merana wae. Baktos abdi, Euis Gibol.
 
syam ridwan
Kabaraya anu teu mirasa kana seuri, ayeuna tos medal landong nu mujarab nyaeta ramuan "Keom Sakedap" mangga toel MJ kanggo nebus resepna atanapi kapayuna tiasa digaleuh di TB langganan baraya.
 

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke