Siap Mang J.
Jawa Barat oge jieunan Walanda Mang. Matak oge urang nyieun provinsi sewang2an. pan ieu mah nagri liberal. sagala kayahang teu meunang dihulag. dan bisi ngalanggar HAM.
Provinsi GTC? alus tah ngaran teh. Ngan rada bau kapitalis. siga WTC, BTC, ITC, TTC, Mangga Dua, jrrd. tapi wae lah, kaciri gaul. heuheu..
Urang kolaborasi. nya bagi2 kakawasaan tea. Saperti email kuring tiheula, mun kuring jadi guvernurna, kuring moal korup, supaya meunang tunjangan jabatana we, lumayan...
lobana provinsi teh alus. jadi nambahan peluang...mudah2an teu nambahan kompetitor. jadi peluang kapilihna rada gede.hehe
nomenklaturna, ah siga Urang SIak we turutan.
Mawa tandatangan sajuta jalma. Sawareh piktip oge sigana moal katohyan. mun perlu, tah anu ayeuna keur SPMB oge sina nandatangan. bejakeun ka DPR. engke biasana dijieunkeun UU-na. eh...Kang Agung Laksono pan urang ciamis. Kitu deui Men Han, Juwono Sudarsono. Ajak maranehna. Meh leuwih tereh...
jadi provinsi anyar...tereh tah

baktos
tantan

Cirebon jadi provinsi atawa lain, teu bisa ditangtukeun ku maranehna sorangan, tapi kudu ku rahayat Jawa Barat.




On 7/5/06, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:


Cirebon hayang jadi provinsi, mangga we da keur usum ieuh. heuheu.
 
baheula, teuing iraha, cirebon mangrupa hiji karesidenan. wilayahna ngawengku kabupaten  kuningan, majalengka, indramayu.
 
masalahna ayeuna naha urang kuningan, majalengka daraek gabung jeung cirebon? mun enya, nya modelna provinsi cirebon jasunreh teh teu beda ti karesidenan.
 
model karesidenan, jieunan walanda, geus lila oge dipupus ti sistem pamarentahan urang. ayeuna, siga banten, ngajenggelek jadi provinsi tea.
 
tah, lur, dumasar kana cara provinsi nu awalna ti urut karesidenan, meureun karesidenan priangan timur oge kaci atawa bisa lah jadi provinsi. ulah make priangan ah, soalna lain nanaon, kesanna teh lembur jalu wungkul. pria-ngan, ngan jalu wungkul. mending ge provinsi GTC, garut tasik ciamis. heuheu.
 
sumedang bandung subang purwakarta cianjur pek kadinyah nyieun deui provinsi.  ngarana provinsi Bandung Raya, atawa make inisial masing2 kabupaten. Subasupurci. bogor cianjur bekasi sukabumi kadinyah, jadi hiji provinsi deui.  kaci ngarana provinsi Pakuan Pajajaran.  meh aya wibawa jeung maju sugan.
 
jawa barat wilujeng, bubar jalan...!
punten sanes ahli tata nagara, ngan ahli tata beuhan. hehe
--
geocities.com/mangjamal




--
tantan hermansah
www.tantan.coz.in

"jig geura narindak; jeung omat ulah ngalieuk ka tukang!"--siliwangi-- __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Reply via email to