hihihi duka atuh naha lauk benteur teh masih aya atanapi henteu, da seuseurna upami hoyong lauk teh ayeunamah mancing na di pasar he he he...
tapi pasawahan masih keneh seu'eur pan saur pamarentah mah teu kengeng dijantenkeun pabrik eta pasawahan teh, tapi duka kapayunamah, tapi eta ge anu lebet kana kacamatan ciparay we sapan na teh, da upami daerah sapan anu lebet ka kacamatan bojongsoang, majalaya atanapi rancaekek mah seuseu'eurna tos dijarantenkeun lahan pabrik..
tapi upami anu didaerah abdimah nu ka lebet ciparay masih bebas ku pabrik, namung angger we kabagean limbah na nu ti pabrik2 ti majalaya mah, komo ka citarum mah ah tos awon caina teh janten teu tiasa mancing deui, lauk lauk na ge tos teu araya benten sareng kapungkurmah..
abdi tos bade 2 taun dibatam teh kirang 2 sasihan.. kapungkur uih ka sapan teh sasih ahir januari.. upami bade pesen pais mah paling pais lauk emas, namung kedah nyandak lauk na he he ke dipang maiskeun .. :D

On 7/6/06, riksanagara <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Teh Neng Nong,

Sapan teh sakaterang kuring mah daerah pasawahan anu subur hejo
ngemploh malah anu sisi irigasina tiasa panen sataun 3x.

Nyoreang mangsa katukang basa kuring keur budak, mangsa polusi masih
keneh teu acan mahabu di tanah Parahyangan sering diajak nguseup ku
pun Bapa ka daerah Sapan, haritamah di usukan alit/irigasi na oge
masih keneh seueur beunteur, lele, genggehek,nila, mujaer malah
upami nuju negtog mah so aya oge lauk emas anu nyanggut. Korang teh
seseringnamah pinuh.

Hasil nguseup teh sok di pais ku pun biang (ngamangfaatkeun
pepelakan dipipir bumi) nganggo surawung, bawang daun, jahe (ngarah
teu hanyir), dilebetan cengek hejo guluntungan dibungkusna nganggo
daun cau manggala anu rubak, direrab heula dina hawu ngarah
leumpeuh, wah ari di teda nganggo sangu haneut pulen anu tos diakeul
dina dulang, asana mah tos pang nikmatna.

Teh Neng Nong kumaha kondisi Sapan ayeuna? Tos saaraha lami ngumbara
di Batam? Iraha mulih ka Sapan? Kenging kuring pesen pais lauk
beunteur?

Baktos
RS


__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Reply via email to