DONGENG SORE-SORE
 
Aya hiji pandita sakti ngajak murid muridna tatapa ka hiji tempat anu jauh.Pandita eta masih ngarasiahkeun tempat keur tatapa eta.
"Ki sanak, ayeuna kuring rek ngajak kisanak kabeh ka hiji tempat tapa .Tempat eta jauh  ti tempat ieu kukituna sakabeh ki sanak kudu siap siap mangkat isukan subuh", Pandita eta muka carita.
"Atuh upami tebih mah ,kedah barang bekel anu seueur ki suhu", salah sahiji murid na nanya.
" Nu matak dina sajeroning perjalanan ieu mah  saurang oge teu meunang aya anu  mawa bebekelen sarupaning kadaharan. Ari kempis keur nginum mah  pek we marawa eusian sapinuhna ", Para muridna hemeng  sakedapan mah. Can oge pulih kahemengannna , pandida geus pok deui nyarita.
"Ku kuring  satiap maraneh diwajibkeun mawa hiji  batu sewang-sewangan .Eta batu ulah aya anu dipiceun atawa diganti ku batu sejen  dina sajeroning lalampahan naek gunung engke.", kitu parentahna teh. Atuh murid-muridna beuki heran wae. Pandita nuluykeun parentahna.
" Pokona laksanakeun parentah kuring, teu meunang aya nu nanya kunaon kuring make marentah kitu", pokna deui.
Diantara murid-muridna karereanna paratuh jeung satia pisan. Tapi akalna  karereaan muridna teu pati nyongcolang.Aya hiji muridna anu rada perceka tur akalna rada punjul ti batan nu sejenna. Ngaran ki Asma.Dina pikiran ki Asma harita  kieu cenah
" Aing hayang nanya, tapi teu meunang nanya. Keur nanahaon atuh make kudu mawa batu sagala, padahal lalampahan teh rek unggah gunung turun gunung. Ah aing mah rek mawa batu nu leutik we,ambeh teu ridu jeung beurat", kitu dina pikiran ki Asma sapada harita.
Ari nu sejen mah kulantaran paratuh tea rata-rata boga pikiran basajan wae.
"Meureun diditu teh engkena moal aya batu. Ieu batu mungkin wae diperlukeun keur  tempat diuk dimana urang engke tapa". Nya atuh rata rata murid nu sejen na mah rek ngarencanakeun mawa batu nu cukup gede pikeun  diuk tatapa engke.Iwal ki Asma anu henteu kitu teh
 
Kacaritakeun subuh geus manjing. Samemeh mangkat pandita  cumarita deui.
"Omat lamun geus mutuskeun mawa batu sewang sewangan  ulah aya  anu ngecagkeun dina sajeroning lalampahan ka tempat tapa. Jeung deui ulah patukeur tukeur batu. Ngarti?"
" Ngartos ki suhu", murid muridna reang.
Kacaritakeun bring wae arindit mapay jalan satapak.Geus meh 5 jam laleumpang teu aya saurang oge anu cumarita . Kabeh napasna ngaharegak da atuh leumpangna terus nanjak. Nu teu pati ripuh teh iwal Ki Asma. Bari mesem ki Asma ngagerentes dina cero hatena.
" Barelegug siah maraneh mah. Naha make kudu mawa batu gede-gede teuing.Engke oge keur tempat  tapa mah pasti loba di gunung oge. Maenya di gunung euweuh batu. Ieu mah ngan saukur syarat wungkul. Hayoh rasakeun ayeuna", cenah bari rada tanggah leumpangana teh.Teu lila  pok pandita ngagero :
" Sok teruskeun leumpangana  mapay jalan satapak ieu. Dimana engke manggih tangkal  caringin anu badag lebah katuhueun ieu jalan satapak. Urang bakal reureuh didinya.Bisi wae aya nu rek gancang gancang leumpangna , sok ti  heula".
Atuh gancaning carita ki Asma leumpangna digancangan.Dina pikirna dimana geus nepi ka tangkal caringin eta , manehna rek gancang istirahat.
Teu kungsi lila ki Asma pangheulana nepi ka na tangkal caringin badag eta.Sanggeus nungguan sababaraha lila  can katempo ku manehna babaturannana aya nu geus nepi. Atuh kulantaran rada lila nungguan katurug turug tempatna iuh jeung tiis,tungtungna ki Asma kasarean. Kahudangkeun deui teh kulantaran baturna hiji hiji  cunduk ka tempat eta,kira kira sanggeus 2 jam manehna sare.Ki Asma ngagelenyu seuri ngejek.Harita panonpoe geus  ngised ngulon. Atuh sakabeh rombongan eta ngarasa lapar kacida. Pok wae ki Pandita ngomong.
" Lalapar nya?. Sok atuh buka bebekalanna. Pek kadinya geura dalahar. Omat ulah aya saurang oge anu menta kadaharan ti nu sejen. Dahar masing masing bekelna", ngomomgna daria pisan
" Ke..ke ki suhu. Naon anu  ku kami  kudu diteda. Pan teu aya saurang oge anu mekel kadaharan " ki Asma anu pangcengharna nyarita.
" Ari eta naon anu dikeupeul ku andika" ,ceuk pandita mari nunjuk kana leungeun katuhu ki Asma.Ki Asma muka keupeulannana. Gebeg teh manehna ngagebeg, sabab  batu anu ti tatadi teu lesot dikeupeul  ku manehna teh jadi roti.Mireungeuh  aya roti dina keupeulan ki Asma, nu sejenna ngaralieuk kana batu na masing masing. Kabehannana euweuh nu teu ngagebeg sabab batu anu ti lembur digegembol teh  kabeh robah jadi kadaharan. Aya nu jadi sangu jeung deungeunna, aya anu jadi roti jeung sajabana. Atuh der we  rombongan eta balakecrakkan ngadahar bekel masing-masing. Dalaharna ngalemid pisan ma'lum kadaharanna ngareunah jeung rea pisan.Gedena atawa rea kadaharan sakumaha gede atawa leutikna batu anu digegembol ti lemburna tea. Ari ki Asma daharna ngan sakulapet pisan. Ma'lum atuh da batu anu dibawana ngan sagede endog.Sarengsena dalahar, ki pandita pok nyarita.
" Pek ayeuna mah istirahat ,isukan lalampahan urang dituluykeun deui.Omat sesa bekel anu tadi didalahar ulah aya nu dipiceun, jeung ulah aya nu dibikeun kanu sejen"
Peutingna sakabeh murid murid pandita eta sarena talibra pisan, kecuali ki Asma, salian ngarasa lapar keneh, oge ngarasa kaduhung sagede gunung. Naha atuh manehna ngan mawa batu nu leutik.
Subuh subuh pandita geus ngahudangkeun murid-muridna , terus cumarita.
" Ayeuna maraneh kudu siap siap deui indit. Sakali deui pek mulung hiji batu ti sabudeureun maraneh ayeuna . Syaratna sarua. salila perjalanan  batu eta ulah aya nu dipiceun atawa diganti.
Kusabab ngarasa bekel kadaharanna masih rea keneh jeung deui gembolannana moal picukupeun,sakabeh murid murid pandita eta marilih batu anu laleutik. Aya anu milih nu sagede endog puyuh paling gede sagede peureup. Lain deui ki Asma. Kusabab kamari ngarasa  salah , ayeuna manehna milih batu anu gede pisan ,leuwih gede tibatan batu anu dipilih kamari  ku babaturanna . Mireungeuh polah kitu pandita teu nyarita nanaon.  
Kacaritakeun nepi ka tempat pangistirahatan anu kadua. Sakabeh murid murid pandita eta geus lila cunduk . Malah geus sarare salila ampir 4 jamna, nungguan ki Asma anu datangna pangpandeurina.Sanggeus kabehan muridna datang ka tempat istirahat nu kadua eta, pok pandita eta ngomong.
" Ayeuna kuring jangji,engke di patapaan kuring   rek mere bekel ilmu anu engkena bakal aya gunana pikeun  hirup jeung kahirupan  andika  pikahareupeun. Reana ilmu anu ku kuring rek dibikeun ka andika  gumantung kana bisa nyumponan syarat atawa henteuna ti  masing masing andika"
" Naon syarat na ki suhu?", ki Asma anu ngarasa pang calakanna nanya kalawan sumanget pisan, sok sanajan manehna pangcapena dina sajeroning leumpang tadi. 
" Sok atuh darengekeun. Cing saha wae anu pang jauhna  ngalungkeun batu anu kumaraneh dibabawa tadi, ku kuring rek dibere elmu anu pangkumplitna. Cing saha anu pangdeukeutna , moal meunang elmu nanaon ti kuring. Nu bisa ngalungkeun diantara anu pangjauhna jeung pangdeukeutna ,kabeh meunang elmu pangaweruh ti kuring. Rea jeung saeutik , kuring anu nangtukeun.Ngadenge omongan pandita kitu ngan leketey we ki Asma kapiuhan. Puguh we rek teu kapiuhan kumaha eukeur mah batu anu dibabawa tadi panggedena, tanagana oge ayeuna mah anu panghengkerna, kusabab ti kamari daharna teu cukup. Sakabeh mudrid-muridna galumbira. Ki Asma mimiti ngarasa diteuteuingan ku pandita eta. Dina jero uteukna oge mimiti aya pikiran goreng, hatena pinuh ku rasa sirik ka babaturannana.
Subuh-subuh pisan pandita geus ngahudangkeun murid-muridna supaya indit deui.
" Ki sanak, subuh ieu urang rek indit deui nganggeuskeun hanca lalampahan urang.
Sakali deui kuring menta maraneh milih hiji batu deui pikeun syarat nganggeuskeun lalampahan urang ayeuna. Syaratna sarua wae ulah dipiceun atawa diganti  dina sajeroning perjalanan ieu." kitu  pokna teh.
Kusabab bekel kadaharan masih araya keneh jeung elmu geus mareunang, sakabeh murid murid pandita eta milih hiji batu anu leutik pisan. Masing masing  nyokot hiji..Ku lantaran ki Asma mah teu boga bekel jeung elmu oge moal  dibere ku guruna, dina pikirna nyungkelit pikiran nu rek nyaliwang tina papagon ki pandita.
" Aing moal katipu deui ku pandita, malah aing ayeuna rek ngakalan pamenta pandita. Aing moal mawa batu ngan hiji. Aing rek mawa dua batu.Nu hiji gede, nu hiji leutik. Dimana pandita ngomong soal  kadaharan ku aing rek diaku yen  aing mawa batu nu gede. Mun syaratna kudu ngalungkeun batu  deui ku aing rek diaku yen  aing mawa nu leutik", kitu dina pikirna anu mimiti teu jujur.
Kacaritakeun  geus nepi we ka tempat patapaan .Ki pandita ngomong.
" Ayeuna pisan elmu anu ku kuring dijangjikeun  kamari rek dibikeun, tapi aya syaratna. Syaratna andika kudu miboga hate nu bersih, pikiran anu bersih, jujur, teu aya sirik pidik, iri jeung dengki. Saupama  dina hate jeung pikiran arandika miboga  pasipatan anu disebutkeun ku kuring tadi, andika bakal meunang mamalana. Tapi mun hate jeung pikiran arandika bersih, arandika moal hese neangan pikeun hirup jeung kahirupan pikeun kahareupna.Pek ayeuna peureumkeun mata arandika." , kitu pokna teh.Sanggeus kira samenit lilana, pandita nyarita deui.
" Sok ayeuna buka matana", cenah. Na ari gebeg teh  ki Asma ngagebeg sataker kebek, sabab  dua batu anu dikeupeul tadi geus leungit tina keupeulannana. Batuna  ayeuna geus aya dina jero  calanana. Leuwih ngagebeg deui ternyata batu eta lain ngan saukur di sambarang jero calanana wungkul, tapi geus robah jeung ngajirim jadi siki kanjutna. Nu hiji leutik sagede kaleci nu hiji gede  sagede jojodog.Sanggeus kanyahoan kitu ngan leng we teu inget deui di alam bumi. Kapiuhan deui wae.
 
 
Sudan , 10 July 2006
 
Wassalam
 
Dudi
 


Do you Yahoo!?
Everyone is raving about the all-new Yahoo! Mail Beta. __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke