pasti aya apih......... salah sawiosna kang deni tos kersa. hanjakal abdi teu tiasa mantosan.
--- In [email protected], Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Waalaikum salam wr. wb.. > Aya kitu wargi Kusnet anu kersa janten relawan...?? > mangga para wargi Kusnet disuhunkeun kasayagianana... > Saha deui atuh anu kersa upami sanes wargi-wargi Kusnet mah. > > ssw > > > ndoell [EMAIL PROTECTED] > Assalamu'alaikum Wr. Wb. > Baraya Kusnet Sadayana..... > Kieu..... > pan Kusnet teh bada boboran teh rek ngayakeun Halal Bihalal. > enya lila keneh, kira-kira bulan Nopember, tapi pan kudu disiapkeun > ti anggalna keneh, ngarah teu riweuh teuing dina prungna. > HBH teh ngarupakeun Kopdar sataun sakali keur sakabeh anggota > Kusnet. Nu salse mah wayahna kudu ngaluuhan. Nu teu salse, > nya wayahna kudu maksakeun. nu jelas mah, Haratis... > Salian ti acara HBH teh, oge hayang ngayakeun acara Pasanggiri > (Lomba) ngarang pupuh jeung nembang pupuh sapoe samemeh HBH. > Lomba ngarang ieu mah nya ! sanes lomba ngorong ! > Tah, pasanggiri ieu diayakeun keur barudak sakola satingkat SD jeung > SMP nu aya diwewengkon dimana HBH diayakeun. Direncanakeun > HBH taun ieu teh diayakeun di Cibatu Garut. Tapi pamilon / peserta > ti wewengkon sejen ge bakal ditarima mun rek daptar mah, > asal masih keneh di wilayah Jawa barat. > Ngeunaan pasanggiri ieu, awal bulan Agustus rek dibewarakeun di > media massa sarupaning PR, mangle, cupumanik, galura jeung > sajabana. Tah kukituna, maksudna mah menta tulung ka sadaya > anggota Kusnet atawa barayana anggota Kusnet anu salse di lembur > anu daek katempatan jadi sekretariat, meh peserta teh teu kudu > jauh-jauh teuing daptarna. > Tugasna ngan saukur narima pendaptaran, ngeusian formulir, > narima pupuh hasil karangan peserta, tuluy diinformasikeun ka > sekretariat pusat. Formulirna mah ke dikirimkeun ka alamat > sekretariatna sewang-sewangan. > Alamat-alamat sekretariat eta teh baris dibewarakeun sakalian dina > media masa tea. > Kusabab Pasanggirina diayakeun di Garut, keur sakola-sakola nu aya > diwewengkon Garut mah, bakal dikiriman uleman ka sakolana sewang2an. > Cik, anu rido janten sekretariat atawa gaduh baraya dilemburna nu > kersa, mangga ngacung ! > bari ngintun data lengkep dihandap, kintun ka imel : [EMAIL PROTECTED] > kalayan nganggo subjek : Sayogi janten Sekretariat. > Nami :........................................................ > Alamat jelas : ..................................... Kode Pos : > Kabupaten : ........................................................ > No. Telpon /Hape : ......................................... > Mangga baraya sadayana, diantos pisan dugi ka kaping 24 JULI 2006. > Wa'alaikum salam Wr. Wb. > Panitia HBH & Pasanggiri > -Ndoell- > enbe : nu nembe ngacung teh Kang Iim wungkul..... > > > > > > > > > > > > http://cikundul3.multiply.com > Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda > Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

