Kenging teu hoyong nambihan iyeu lalab kanggo nyocol sambel oncom atanapi sambel tarasi: daun bunut, tespong, genjer, hiris, roay, lampenas sareng palanding ngora. Upami peuteuy, sepi sareng jengkol kalebet lalab henteu? Sangu beas beureum ditimbel ku pucuk cau sok seungit, heg botram di saung sawah sisi leuwi anu caina herang ngagulidag. Mangga atuh dulur2 raosan tah.
Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
mh oge baraya sanesna,
geuning seueur mang nya lalab-lalaban rumah-rumahan bongborosan ceuk ni sunda teh. kumaha lamun ditatan ku urang, ari nu ku sim kuring apal mah ukur sakieu:
salam,
- antanan, biasana diala tina galengan sawah, tangkalna nu ngarambat. cocok pisan dipake coel sambel oncom..
- jong he, sambel oncom keneh..
- kahitutan, disebut kitu teh sabab bauna sari-sari bau hitut, tapi cek nu resep mah cenah ngeunah. sarua cocok dipake nyoel sambel oncom
- pucuk gedang, hejo jeung pait eta ciri utamana jeung tangtuna ngarupakeun daun ngora tangkal gedang. meunang nyepan atawa ngaleob ngeunah dipake nyoel sambel tarasi dadakan. bisa oge didahar atah. komo nu masih ngora pisan mah..
- pucuk sampeu, daun ngora tangkal sampeu. nu atah mah cenah ngandung sianida, racun. ngan sangeus di sepan atawa dileob racun eta leungit. cocok jeung sambel tarasi
- katuncar. ngaran sarua jeung salah sahiji bungbu dapur sarupa pedes. ngan nu dimaksud didieu mah ngarupakeun jujukutan nu nemprak dina taneuh. bauna has, biasan oge diseupan atawa dileob.
- daun katuk. sari amis lamun geus diseupan atawa dileob. cenah alus lamun didahar nu karek ngalahirkeun jeung nyusuan. matak juuh cinyusu.
- mamangkokan.
- pucuk jambu monyet. kesed biasana di dahar atah. lamun hayang ngurangan paitna pucuk gedang.
- pucuk buah. buah mun ceuk urang bogor mah manggah, daun ngorana nu atah oge sok dipake lalab rumbah.
- mangga lajengkeun..
.rada hi lap yeuh..
dh
On 7/28/06, mh <[EMAIL PROTECTED]com > wrote:Baraya,
Perkara lalab, urang lembur apal pisan, tutuwuhan naon
wae nu bisa di lalab. Cenah mah aya kana ampir 40
rupana tutuwuhan liar nu bisa dikosumsi jadi lalab.
Kompilasi 40 rupa lalab rumbah tutuwuhan liar meunang
di sawah di kebon, diseupan dihijikeun, dicoelkeun
kana sambel medok. Mangga geura cobian.
Groups are talking. We´re listening. Check out the handy changes to Yahoo! Groups. __._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture Organizational culture change Organizational culture assessment
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
__,_._,___
- Re: [Urang Sunda] LALAB-RUMBAH ceuk Ki SUNDA kumincir
- Balasan: [Urang Sunda] LALAB-RUMBAH Emod Morales
- Re: Balasan: [Urang Sunda] LALAB-RUMBAH Dudi Herlianto
- Re: Balasan: [Urang Sunda] LALAB-RUMBAH mj
- Balasan: [Urang Sunda] LALAB-RUMBAH Emod Morales
- Re: Balasan: [Urang Sunda] LALAB-RUMBAH yana sugiarna
- Re: [Urang Sunda] LALAB-RUMBAH ceuk Ki SUNDA Mae West
- Re: [Urang Sunda] LALAB-RUMBAH ceuk Ki SUNDA netta fahad
- Re: [Urang Sunda] LALAB-RUMBAH ceuk Ki SUNDA Roro Rohmah
- Re: [Urang Sunda] LALAB-RUMBAH ceuk Ki SUNDA kuncen kasep
Kirim email ke