--- In urangsunda@yahoogroups.com, "irpan rispandi" 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Kuring mah rek ngaku we.
> kabeuki teh "SEMUR JENGKOL jeung GORENG JENGKOL !!!".
> 
> lalaban mah komo deui, kabeh oge beuki,
> saladah,surawung, antanan, jinten, daun sampeu, pucuk gedang, 
jeung rea-rea
> deui.
> 
> nu matak nyai, lamun naksir ka akang, kudu bisa nyieun semur 
jengkol nu
> ngeunah, anu ladana pas. nya.
> sok ka dituh ka dapur, bantuan si ambu, ulah ngageulis wae.
> "Beauty is only skin deep"  cenah.
> 
> ***anger we kuring mah neangan teh anu "beauty" he..he..he..
> komo anu "inner"-na "beauty" pisan mah, wah nomer hiji we sugan 
mah.
> Bi uti mah lewat !
> 
> 
> 
> 
> 
> On 7/28/06, kang boim <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > Ehmmm....., Mh bati waasna wae nya lamun inget mangsa ka 
tukang....
> > sarua sim abdi baheula kitu, mumuluk bin sarapan memeh indit 
sakola cukup
> > ku sangu tutug oncom anu didaharna hereupeun hawu kadang jeung 
goreng endog
> > meunang nyokot tina sayang ti pipir imah..., atuh pabeubeurang 
ngawadang
> > cukup ku saaya-aya dalah jeung sambel goang oge nikmat (sambel 
cengek + uyah
> > + surawung) atawa ditambahan jeung beuleum asin.
> > tapi barudak ayeuna mah sakitu geus sagala aya oge kadang dahar 
teh mani
> > hararese....duka pedah jamanna geus beda meureun....hehehe.
> > lamun mangsa kiwari hayang peuteuy selong geus hese nenganganana
> > oge...(duka di garut mah),
> > hayu atuh urang biasakeun deui bek to de natural tea alias balik 
deui ka
> > alam bari rada diropea, geura mo burung nikmat...geuning dikota 
mah hayang
> > sangu tutug oncom oge mahal....hehehe...
> >
> > cag...ah, nuhun.
> >
> > "kkbm'69"
> >
> >
> >
> > On 7/28/06, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > >
> > > Baraya,
> > > Jadi inget ka lembur yeuh. Sarapan sangu sangray kejo
> > > poe, diguley jeung rendo cikur jeung uyah. Disangrayna
> > > make sangrayan taneuh, matak seungit melenghir, nu teu
> > > make minyak kalapa sagala rupa, bebas kolesterol.
> > > Pabeubeurang balik sakola, rek madang beurang. Kalacat
> > > naek tangkal selong, ngala selong ngora keur rujakeun
> > > deungeun kejo. Laukna, ngodok heula endog si borontok
> > > di pipir, endog kampung karek borojol tadi isuk.
> > >
> > > Perkara lalab, urang lembur apal pisan, tutuwuhan naon
> > > wae nu bisa di lalab. Cenah mah aya kana ampir 40
> > > rupana tutuwuhan liar nu bisa dikosumsi jadi lalab.
> > > Kompilasi 40 rupa lalab rumbah tutuwuhan liar meunang
> > > di sawah di kebon, diseupan dihijikeun, dicoelkeun
> > > kana sambel medok. Mangga geura cobian.
> > >
> > > salam,
> > > mh
> > >
> > >
> > > --
> > >
> >
> > 
> >
>
[EMAIL PROTECTED] Saur saderek "beauty is only skin deep" tapi 
cenah "ugliness goes to the bone?" maning nu mana nya?








Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke