Haha...
Tumpangan lah...sabungkus (Ha)dji sam soe(din)!
Bari ngetik waleran....Akang nyurucud tah...tiluanana, soca sareng pangambung sabab lada teuing! Nu katilu baham...bakating ku kabita!
 
"Daya fantasi" Akang kana goreng jengkol, sambel ledok sareng cikopi lekoh dina batok kuat pisan! Hebat tiasaan nuliskeunana...
 
Gelo.., abdi ngilu ngacay oge gening!
Duh...nyakclakan kana keyboard euy!
Alah siah...gelas cikopi kabadug!
Beu...Epigram MJ ngilu cipruk!
Anyir...bisa "short" oge yeuh!
Wah...beunang yeuh motherboardna!
Uluh... eta naon nu ngebul?
Eh...roko nya!
 
Cobi we emutkeun? Har...naon make jeung menta bantuan mikir!
Enya, hese oge geuningnya nahan seuri jeung ngacay babarengan!
Nya heueuh, da seurina bari peureum!
 
baktos,
brad
 
 
 
 

riksanagara <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang Ndoel,

Mani pikaresepeun kitu eta survey teh, mun wasa mah engke upami
survey deui kuring mah dek ngiring,...keun we nangkel janten kenek
atanapi calik dina jojodog oge,....asal ka ajak we,...

Komo eta susuguhan tuang di Bumina kang Deny Suwarja (kang Deny
kumaha damang,...?),...mani pikabitaeun kitu,....kacipta goreng lauk
emas na anu rangu girinyih,...ari digegel teh ngadelewo,...aduna
sambel tomat ngora,....woooooow nganggo goreng jengkol,...anu
cakial,...matak seep kejo saboboko sareng kamerkaan ieu mah,....
Kumaha duwegan na,...kacipata ngageleser kana tikoro,...nikmat pisan

Kedahna mah saparantos tuang teh,..ngalonjor di pipir
tajug,..handapeun dapuran awi,..sisi walungan alit sora seahna
tagkal awi,...nglicrik na sora cai,..angin leutik
ngahaliwir,......waaaah reup we,..tibra kerek nyegrek,...anu kieu
anu disebat full nikmat teh,..... kerek teh sajam weh,....pas lilir
teras nyuruput ci kopi lekoh dina batok kalapa,..gula na ku gula
kawung,...di tinggang ku goreng cau/ sampeu/hui boled,..bari
nyeuseup dji sam soe,.....

Kang NDoel,..upami survey deui kuring ajakan nya,....

Baktosna

RN








__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke