Mun nginjem kekecapan kolot, naon pangna mun seserahan sok aya sosoangan
jeung paparahuan. Hal ieu ngan ukur siloka, yen rumah tangga teh bakal
nyorang sagara. Dina nyorangna pan kudu bisa ngojay siga soang, atuh dina
teu bisana ge ari geus boga parahu mah, tanwande sagara anu bakal kasorang
teh bakal jadi sagara kaendahan. "Jadi mun can boga kabisa jeung kadaek oge
can masagi sagala rupana, ulah coba coba hayang ngarumah tangga. Bisi
tilelep!" kitu ucapan ua semar basa sicepot ngagerejeg hayang kawin. Kitu
deui naon pangna seserahan urang sunda tara make roti buhaya, lain nanaon
jeung deui henteu ari nepi ka cadu mah. Ieu mah meureun inggis kubisi rempan
kusugan tea, pangpang na mah bisi aya nu sing kecewis kieu ka calon
panganten "Beu eta buhaya
diiringkeun buhaya!"

Jaman kiwari lamun aya nu seserahan asa geus jarang ningali sosoangan jeung
paparahuan, komo nepikeun ka mawa dongdang mah. Kanu can apal, dongdang teh
hiji tanggungan anu dijieun tina awi, masagi juru opat, unggal juruna
ditalian pikeun ngaitkeun rancatan jang ngagotong. Dongdang teh dina
seserahan mah sok dipake mawa sarupaning, kadaharan katut paralatan dapur
timimiti seeng,dulang katut hihidna. Tujuan utamana mah, matak sagala
diringkid ge meh teu ngarisikeun nu boga imah lamun dina emprona,
saheulaaneun bakal netep dikomplek "mitoha indah". Salain dipake
seserahan,jaman baheula dongdang oge sok dipake  jang ngagotong nu gering
mun
nek ka rumah sakit atawa ka pa mantri (dokter), kawantu baheula mah jaman
werit ku kandaraan.

Seserahan anu didadarkeun diluhur ku ayeuna mah asa geus teu lumrah. Enya
ari baheula mah jodo teh apan tara jauh jauh teuing cukup ku ALAP( antar
lembur antar padesan) jadi mun sagala diringkid ge moal barabe teuing.
Ayeuna mah jodo ge nyaluyukeun jeung kaayaan jaman teu cukup ku ALAP tapi
AKDP( antar kota dalam propinsi) nepi ka AKAP(antar kota antar propinsi)
malahan aya oge ANAB ( antar nagara antar benua) komo ayeuna mah jaman
tehnologi jeung impormasi canggih aya kalana jadi AAK (antar anggota
kusnet).Kiwari dina ayana ge seserahan cukup ku simbolis, cukup mawa konci
kontak tur dibungkus ku kanjut kundang  atawa cukup dibawa tulak pantona
wungkul mun nek babawaan mangrupa imah.

Tah kitu omongan ua semar bari dituungtungan ku ngomong ka si cepot. "Pot
nya geus boga konci kontak kitu, make hayang kawin sagala?" Ditanya kitu
sicepot kalahka serengeh bari pok ngomong. "Ari ieu lain konci kontak
kitu?"bari nuduhkeun ka lebah kolorna.

syam ridwan

--- In urangsunda@yahoogroups.com, "M. Apri" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Naha nya mun seserahan kitu bet kudu nyandak sosoangan sagala???
Aya sajarahna kitu, siga sajarah roti buaya ti betawi mun pas acara
nikahan? asa panasaran, mun saupamina sosoangan digentos ku oontaan,
aya nu protes moalnya? hehehe.....
>
>  baktos,
>  apri



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke