Mangga seratan eta tiasa ditinggali dina web si kuring,
dina rohangan Karya:
Judulna: "Mengembangkan Aset Untuk Orang Miskin"
Baktos,
tantan
(anu keur di sul-sel)
 
On 8/2/06, riksanagara <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Kahatur kang Tantan,

Diantos seratan di Eksekutif na sateuacan ka sulsel nya,....
Mulih ti Sulsel ulah hilap nyadak oleh-olehna,.

Baktosna
Riksanagra

--- In urangsunda@yahoogroups.com, "tantan hermansah"
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Sumanget anu teu pernah (bisa) pareum
>
>
>
> Kabeneran, poe senen 30 Juli 2006 rada peuting, kuring
alhamdulillah bisa
> ditepungkeun jeung salah sahiji tokoh KUSNET, Ua Sas. Kuring
memang teu
> ngahaja nepangan anjeuna. Pedah we, aya tugas dines ti tempat
buburuh kudu
> ka Bandung. Nya lumayan, ngamangfaatkeun fasilitas anu aya, bari
nepangan
> eta tokoh.
>
> Ngahaja kuring ti imah sorean, kira-kira jam 2-an. Perkiraan mun
di jalan
> meakeun waktu 4 jam, kuring bisa tepi wanci magrib. Tapi,
kanyataana di
> jalan kuring teu bisa saperti anu direncanakeun. Nyaeta pedah beus
anu
> di"sewa" teh keukeuh rek ngaliwatan puncak. Padahal jal sakitu
puncak arah
> ka luhur ditutup kumargi jalma-jalma benghar anu tos liburan di
Puncak,
> nembe lalungsur. Janten, kuring, jeung ratusan jalma anu rek make
eta jalan,
> nya kudu sabar nungguan. Lumayan: 3 jam!!
>
> Tapi ka Bandung anu direncanakeun wanci magrib, *ngaret* jadi jam
10.
> Alhamdullah, Ua Sas tetep sabar ngantosan kadatangan kuring.
>
> Dugi ka Bumi Ua Sas, kuring, sok sanajan rada era, menta sangu da
lapar.
> Maklum, pan ieu beuteung dieusi terakhir basa lohor. Habeuk-habeuk
kuring
> kana sangu. Mani nikmat.
>
> Beres "nyarap", kuring ngawangkong jeung Ua. Sagala kabahas. Anu
katinggali
> ku kuring tina hasil obrolan sareng anjeuna, aya sababaraha hal:
>
> *Hiji*, seueur cita-cita badag anu kaimpleng Anjeuna teh estu
stratehis
> pisan. Saperti ngalegaan widang koleksi buku-buku sangkan beuki
narik
> "pembaca". Sabab, salila ieu, kusabab fokus pisan kana buku sunda,
pembacana
> estu kurang pisan.
>
> *Kadua, *Anjeuna teh geus jadi suri tauladan jang Urang Sunda, boh
dina
> sumanget, boh dina aksi. Ua Sas ngarupakeun hiji bukti nyata yen
gede
> leutikna cita-cita mulia gumantung kana sabaraha gede nga-
aksikeuna di
> lapangan.
>
> ***
>
> Di luar sakabeh kaistimewaan Ua Sas, kuring manggihan hiji hal anu
estu
> nyongcolang, nyaeta: sumanget. Sumanget kasundaan anu ngagedur
bari teu
> pareum. Conto, anjeuna salaku kolektor buku Sunda kuno sanggup
ngorbankeun
> pangabogana mun memang mendakan aya hiji buku sae anu langka.
Salian ti eta,
> anjeuna ge ngaluangkeun waktu jang "gaul" sareng komunitas buku.
>
> Ceuk bayangan kuring, sok sanajan nga"muara"na di para sepuh
(hehe, punten
> Ua), mun anu siga anjeuna teh seu-eur di alam Sunda, pasti, tesis
yen Sunda
> bakal punah, ilang, jeung sajabana teh, bakal ancur.
>
> Buktina, Sunda tetep aya, sabab kasundaan anu ngajangkar dina
> pribadi-pribadi anu teu pernah laas ku jaman dina merjuangkeun
basa Sunda.
>
>
>
> Bogor, 31 Juli 2006
>
> NB: Baraya, kuring rek ka Sulsel heula. dikantun sapuluh poean lah
> --
> tantan hermansah
> www.tantanhermansah.co.nr
>
> "jig geura narindak; jeung omat ulah ngalieuk ka tukang!"
> --siliwangi--
>




--
tantan hermansah
www.tantanhermansah.co.nr

"jig geura narindak; jeung omat ulah ngalieuk ka tukang!"
--siliwangi-- __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke