Kang Tantan,

Sim kuring parantos ngaos seratan akang ngeunaan

Mengembangkan Aset Untuk Orang Miskin
di ramat loka akang
www.tantanhermansah.co.nr    dina bagian KARYA

Munel sareng sae pisan eusina kang,...abdi ngiring reueus.

Sok kang Tantan sareng para inohong Kusnet anu sanesna janten 
lokomotif ngaimplementasikeun nana sakedik2 sangkan harkat darajat 
sareng ekonomi masyarakat sunda teh tiasa ditingkatkeun.

Baktosna
Riksanagara 


--- In urangsunda@yahoogroups.com, "tantan hermansah" 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Mangga seratan eta tiasa ditinggali dina web si kuring,
> dina rohangan Karya:
> Judulna: "*Mengembangkan Aset Untuk Orang Miskin"*
> Baktos,
> tantan
> (anu keur di sul-sel)
> 
> On 8/2/06, riksanagara <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> >    Kahatur kang Tantan,
> >
> > Diantos seratan di Eksekutif na sateuacan ka sulsel nya,....
> > Mulih ti Sulsel ulah hilap nyadak oleh-olehna,.
> >
> > Baktosna
> > Riksanagra
> >
> > --- In urangsunda@yahoogroups.com <urangsunda%
40yahoogroups.com>, "tantan
> > hermansah"
> > <sariak.layung@> wrote:
> > >
> > > Sumanget anu teu pernah (bisa) pareum
> > >
> > >
> > >
> > > Kabeneran, poe senen 30 Juli 2006 rada peuting, kuring
> > alhamdulillah bisa
> > > ditepungkeun jeung salah sahiji tokoh KUSNET, Ua Sas. Kuring
> > memang teu
> > > ngahaja nepangan anjeuna. Pedah we, aya tugas dines ti tempat
> > buburuh kudu
> > > ka Bandung. Nya lumayan, ngamangfaatkeun fasilitas anu aya, 
bari
> > nepangan
> > > eta tokoh.
> > >
> > > Ngahaja kuring ti imah sorean, kira-kira jam 2-an. Perkiraan 
mun
> > di jalan
> > > meakeun waktu 4 jam, kuring bisa tepi wanci magrib. Tapi,
> > kanyataana di
> > > jalan kuring teu bisa saperti anu direncanakeun. Nyaeta pedah 
beus
> > anu
> > > di"sewa" teh keukeuh rek ngaliwatan puncak. Padahal jal sakitu
> > puncak arah
> > > ka luhur ditutup kumargi jalma-jalma benghar anu tos liburan di
> > Puncak,
> > > nembe lalungsur. Janten, kuring, jeung ratusan jalma anu rek 
make
> > eta jalan,
> > > nya kudu sabar nungguan. Lumayan: 3 jam!!
> > >
> > > Tapi ka Bandung anu direncanakeun wanci magrib, *ngaret* jadi 
jam
> > 10.
> > > Alhamdullah, Ua Sas tetep sabar ngantosan kadatangan kuring.
> > >
> > > Dugi ka Bumi Ua Sas, kuring, sok sanajan rada era, menta sangu 
da
> > lapar.
> > > Maklum, pan ieu beuteung dieusi terakhir basa lohor. Habeuk-
habeuk
> > kuring
> > > kana sangu. Mani nikmat.
> > >
> > > Beres "nyarap", kuring ngawangkong jeung Ua. Sagala kabahas. 
Anu
> > katinggali
> > > ku kuring tina hasil obrolan sareng anjeuna, aya sababaraha 
hal:
> > >
> > > *Hiji*, seueur cita-cita badag anu kaimpleng Anjeuna teh estu
> > stratehis
> > > pisan. Saperti ngalegaan widang koleksi buku-buku sangkan beuki
> > narik
> > > "pembaca". Sabab, salila ieu, kusabab fokus pisan kana buku 
sunda,
> > pembacana
> > > estu kurang pisan.
> > >
> > > *Kadua, *Anjeuna teh geus jadi suri tauladan jang Urang Sunda, 
boh
> > dina
> > > sumanget, boh dina aksi. Ua Sas ngarupakeun hiji bukti nyata 
yen
> > gede
> > > leutikna cita-cita mulia gumantung kana sabaraha gede nga-
> > aksikeuna di
> > > lapangan.
> > >
> > > ***
> > >
> > > Di luar sakabeh kaistimewaan Ua Sas, kuring manggihan hiji hal 
anu
> > estu
> > > nyongcolang, nyaeta: sumanget. Sumanget kasundaan anu ngagedur
> > bari teu
> > > pareum. Conto, anjeuna salaku kolektor buku Sunda kuno sanggup
> > ngorbankeun
> > > pangabogana mun memang mendakan aya hiji buku sae anu langka.
> > Salian ti eta,
> > > anjeuna ge ngaluangkeun waktu jang "gaul" sareng komunitas 
buku.
> > >
> > > Ceuk bayangan kuring, sok sanajan nga"muara"na di para sepuh
> > (hehe, punten
> > > Ua), mun anu siga anjeuna teh seu-eur di alam Sunda, pasti, 
tesis
> > yen Sunda
> > > bakal punah, ilang, jeung sajabana teh, bakal ancur.
> > >
> > > Buktina, Sunda tetep aya, sabab kasundaan anu ngajangkar dina
> > > pribadi-pribadi anu teu pernah laas ku jaman dina merjuangkeun
> > basa Sunda.
> > >
> > >
> > >
> > > Bogor, 31 Juli 2006
> > >
> > > NB: Baraya, kuring rek ka Sulsel heula. dikantun sapuluh poean 
lah
> > > --
> > > tantan hermansah
> > > www.tantanhermansah.co.nr
> > >
> > > "jig geura narindak; jeung omat ulah ngalieuk ka tukang!"
> > > --siliwangi--
> > >
> >
> > 
> >
> 
> 
> 
> -- 
> tantan hermansah
> www.tantanhermansah.co.nr
> 
> "jig geura narindak; jeung omat ulah ngalieuk ka tukang!"
> --siliwangi--
>







Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke