Punten Kang, abdi bade tumaros heula naha nu dimaksad ku Akang teh Basa Sunda dialek Banten-Cirebon atanapi Basa Jawa Dialek BAnten-CIrebon. Soalna, penduduk di BAnten oge Cirebon sanes mung Urang Sunda wungkul tapi aya Urang Jawa. Urang Jawa di Banten sebagian besar menempati daerah Serang. Aya dua pendapat ngeunaan Urang Jawa Di Banten, Ka hiji. Urang Jawa teh dugi ka Tatar Sunda pas aya invasi Sultan Agung ti Mataram ka Batavia. Kadua, Urang Jawa di Banten teh nyaeta Urang Kerajaan Surosowan. Ditingal tina dialek, Basa Jawa-Banten teu benten tebih sareng Jawa-Cirebon, sehingga alasan nu kadua langkung masuk akal. Ari Jawa-Cirebon mah,Saur Babad Cirebon, mangrupakeun hiji komunitas pendatang ti Jawa Wetan, anu lami-kalamian melakukan akulturasi dengan budaya Sunda sehingga timbul budaya Jawa nu kapangaruhan budaya Sunda. Misalna vokal o digentos ku vokal a, ono=ana, kulo=kula, ojo=aja, teko=teka, pringgondani=pringgandani,opo=apa, sego=sega, purwo=purwa, loro ati=lara ati, jst. Ari basa Sunda dialek Banten-Cirebon mah ilaharna disebat Basa "Wewengkon" tea. Basa Sunda ieu teu benten tebih sareng basa Sunda umumna, namung aya sawatara basa nu khas. Sapertos "teoh"=landeuh,"kaenda-endi"=kamana-mendi,"disebat"=dipotong, Oge Urang Sunda-Baduy mah teu wanoheun kana Basa Sunda lemes, Da teu kapangaruhan ku Budaya Priangan-Mataraman. Nah, kitu sakaterang abdi mah, punten upami aya kalepatan, urang silih lereskeun wae. By the Way,Idena sae oge. --- mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Baraya, > Keur ngareuah-reuah bulan kamerdekaan, urang diajar > narjamahkeun yu. Urang mimitian, narjamahkeun naskah > proklamasi kana basa Sunda. > > Ka baraya urang BANTEN sareng CIREBON, cing bantuan > kuring, pang narjamahkeun naskah proklamasi kana > dialek BANTEN sareng CIREBON. > > Salam, > mh > ===== > > PROKLAMASI: > > Kami bangsa Indonesia dengan ini menjatakan > Kemerdekaan Indonesia. > > Hal-hal jang mengenai pemindahan kekoeasaan dll. > diselenggarakan denga tjara saksama dan dalem tempo > jang sesingkat-singkatnja. > > Djakarta, hari 17 boelan 8 tahoen 1945. > > Atas nama bangsa Indonesia. > > Soekarno/Hatta. > > ======= > PROKLAMASI: > > Kami bangsa Indonesia mertelakeun Kamerdekaan > Indonesia. > > Hal-hal nu tumali jeung mindahkeun kakawasaan jll. > dilaksanakeun kalawan saksama jeung dina waktu nu > sasingket-singketna. > > Jakarta, poe 17 bulan 8 8 tahun 1945. > > Atas nama bangsa Indonesia. > > Soekarno/Hatta > > > > > ===== > Situs: http://www.urang-sunda.or.id/ > [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] > > __________________________________________________ > Do You Yahoo!? > Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam > protection around > http://mail.yahoo.com > __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

