Ass wr wb,
Kule wong Serang, Banten, basa jawa sing kene
ampir-ampir mirip lan basa cirebonan, nanging basa
jawa sing kene mah mboten sami sareng basa jawa sing
jateng, atepani Jatim, tah saeutik penggalan basa
serang, bahasan bahasa serang kantos diguar dina email
kapungkur, nanging teu lepat pami diguar deui, di
Banten nu make basa jawa mung di sebagian wilayah
serang Cilegon, beh kaler atanapi basisi laut,
sapertos pontang, ciruas, tanara, jrrd, mun serang
kota ka beh kidul mah sunda logat banten (ke
dijelaskeun), sapertos petir, ciomas, baros, jrrd,
tilik tina sajarah basa jawa di banten mah sama sekali
teu aya pangaruh ti mataram, margina di pulo jawa,
banten teh hiji hijina karajaan nu teu bisa dijajah ku
mataram, anapon basa jawa di dieu margina sultan
banten kahiji Maulana Hasanudin teh anaknya Sunan
gunung Jati cirebon, jadi nalika harita aya migrasi
gegedean ti cirebon ka banten, jadi munasabah lamun
basa cirebon jeung serang loba samina, nanging
bentenna di Serang mah basa jawa ieu teu nimnulkeun
budaya anyar deui, malihan warga-na ngadaptasi budaya
lokal sapertos golek, jaipongan, kacapi, jrrd, kacuali
budaya nu sumberna tina islam sapertos debus, upami di
cirebon basa jawa ieu nimbulkeun budaya anyar sapertos
tarling, jrrd, matak di serang lamun aya nu hajat
biasana tradisina teu benten jeung sunda.
Tah di Banten nu make basa sunda 100% wilayahna ti
Serang ka Kidul, sapertos Pandeglang, Rangkas, Labuan,
Ciomas, jrrd, ngan logat basana teu sami sareng daerah
sunda sanesna (da di bogor oge teu sami sareng sunda
priangan), aya sabaraha basa nu teu sami basa banten
nu teu aya di sunda sanesna saperti hayam di banten
mah kotok, sampeu di banten dangdeur, sia (maneh) di
banten mah dia, jrrd, basa sunda banten ilaharna kasar
dia-aing eta kalimah geus biasa, malihan awewe di
banten mah sok disebut "bikang", meureun ieu basa
sunda asli da di priangan mah loba basa nu ti jawa
mataram sapertos undak usuk basa tea....


--- netta fahad <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Punten Kang, abdi bade tumaros heula naha nu
> dimaksad
> ku Akang teh Basa Sunda dialek Banten-Cirebon
> atanapi
> Basa Jawa Dialek BAnten-CIrebon. Soalna, penduduk di
> BAnten oge Cirebon sanes mung Urang Sunda wungkul
> tapi
> aya Urang Jawa. Urang Jawa di Banten sebagian besar
> menempati daerah Serang. Aya dua pendapat ngeunaan
> Urang Jawa Di Banten, Ka hiji. Urang Jawa teh dugi
> ka
> Tatar Sunda pas aya invasi Sultan Agung ti Mataram
> ka
> Batavia. Kadua, Urang Jawa di Banten teh nyaeta
> Urang
> Kerajaan Surosowan. Ditingal tina dialek, Basa
> Jawa-Banten teu benten tebih sareng Jawa-Cirebon,
> sehingga alasan nu kadua langkung masuk akal.
> Ari Jawa-Cirebon mah,Saur Babad Cirebon,
> mangrupakeun
> hiji komunitas pendatang ti Jawa Wetan, anu
> lami-kalamian melakukan akulturasi dengan budaya
> Sunda
> sehingga timbul budaya Jawa nu kapangaruhan budaya
> Sunda. Misalna vokal o digentos ku vokal a, ono=ana,
> kulo=kula, ojo=aja, teko=teka,
> pringgondani=pringgandani,opo=apa, sego=sega,
> purwo=purwa, loro ati=lara ati, jst. 
> Ari basa Sunda dialek Banten-Cirebon mah ilaharna
> disebat Basa "Wewengkon" tea. Basa Sunda ieu teu
> benten tebih sareng basa Sunda umumna, namung aya
> sawatara basa nu khas. Sapertos
>
"teoh"=landeuh,"kaenda-endi"=kamana-mendi,"disebat"=dipotong,
> Oge Urang Sunda-Baduy mah teu wanoheun kana Basa
> Sunda
> lemes, Da teu kapangaruhan ku Budaya
> Priangan-Mataraman.
> Nah, kitu sakaterang abdi mah, punten upami aya
> kalepatan, urang silih lereskeun wae.  
> By the Way,Idena sae oge.   
> --- mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> > Baraya,
> > Keur ngareuah-reuah bulan kamerdekaan, urang
> diajar
> > narjamahkeun yu. Urang mimitian, narjamahkeun
> naskah
> > proklamasi kana basa Sunda.
> > 
> > Ka baraya urang BANTEN sareng CIREBON, cing
> bantuan
> > kuring, pang narjamahkeun naskah proklamasi kana
> > dialek BANTEN sareng CIREBON.
> > 
> > Salam,
> > mh
> > =====
> > 
> > PROKLAMASI:
> > 
> > Kami bangsa Indonesia dengan ini menjatakan
> > Kemerdekaan Indonesia.
> > 
> > Hal-hal jang mengenai pemindahan kekoeasaan dll.
> > diselenggarakan denga tjara saksama dan dalem
> tempo
> > jang sesingkat-singkatnja.
> > 
> > Djakarta, hari 17 boelan 8 tahoen 1945.
> > 
> > Atas nama bangsa Indonesia.
> > 
> > Soekarno/Hatta. 
> > 
> > =======
> > PROKLAMASI:
> > 
> > Kami bangsa Indonesia mertelakeun Kamerdekaan
> > Indonesia.
> > 
> > Hal-hal nu tumali jeung mindahkeun kakawasaan jll.
> > dilaksanakeun kalawan saksama jeung dina waktu nu
> > sasingket-singketna.
> > 
> > Jakarta, poe 17 bulan 8 8 tahun 1945.
> > 
> > Atas nama bangsa Indonesia.
> > 
> > Soekarno/Hatta
> > 
> > 
> > 
> > 
> > =====
> > Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
> > [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran,
> Koropak]
> > 
> > __________________________________________________
> > Do You Yahoo!?
> > Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam
> > protection around 
> > http://mail.yahoo.com 
> > 
> 
> 
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam
> protection around 
> http://mail.yahoo.com 
> 
> 
> 


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke