kuring geus netelakeun, kuring mah teu ngajak pasea. sumpah.
ka anu tersinggung, naha bet tersinggung.
ari teu rumasa "teu boga uteuk" mah teu kudu tersinggung.
kuring ngabejaan ka anu can nyaho, yen ngaroko teh goreng.
sukur lamun saanggeus na nyaho, terus eureun.
tandana uteukna aya tur dipake.
conto uteuk anu aya tur dipake :
numpak motor di jalan raya, teu make helm.
urang teu nyaho mun dijalan raya kudu make helm.
ahirna ditilang ku pulisi.
sanggeus kitu pan jadi nyaho, yen di jalan raya teh kudu make helm.
naon anu nyieun kasimpulan eta ?
UTEUK.
saterusna lamun numpak motor di jalan raya, pasti make helm.
analogi anu kurang leuwih sarua, dilarapkeun kana aktifitas ngaroko.
jalma anu ngaroko, nyaho yen ngaroko teh teu hade.
tapi naha teu bisa ngeureunan ?
naon hartina ?
On 8/4/06, S M Natapradja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamu'alaikum wr wb.Kang irfan, kahartos pisan eta tantangan teh meni jentre sareng sae pisan, bravo lah kanggo kang irfan, namung abdi ayakomentar sakedik, sim kuring rumaos tukang ngaroko sareng jalmi nu teu bodo2 acan, namung sim kuring mah gaduh elmusa cuil oge di amalkeun, henteu di janten keun bahan pipaseaeun, langkung sae upami didinya demo anti-rokok ku jalan anu radasopan sareng amalkeun atuh elmu teh kana pisalameteun sangkan jalmi anu sanes teu aya nu tersinggung, naha teu aya jalansanes anu teu ngangge kata ' Uteuk ' biasana kata 'utheuk ' teh osok di angge ka na sato, emutan weh ku nyalira eta mah.WassalamNata----- Original Message -----From: irpan rispandiSent: Friday, August 04, 2006 2:34 PMSubject: [Urang Sunda] NANGTANG anu sok ngaroko !Email ieu NANGTANG baraya kabeh khususna anu ngaroko.
Mun aya nu wani, sok tembalan ieu email. :)
biasana nu ngaroko mah sok merasa jantan. :D
Maju kadieuh !
eusina aya 4 bagian :
- Kalimat provokasi ti kuring
- Argumen pembenaran anu ngaroko
- FAKTA
- Saran
Provokasi :
Nu ngaroko mah teu boga uteuk, teu nyaah ka anak pamajikan, teu ngahargaan batur.
Argumen pembenaran :
- mun eureun ngaroko, perusahaan roko tutup, rebuan karyawan bakal di PHK
- Ngaleungitkeun stress
- kabutuhan kulawarga tetep terpenuhi.
- Nepi ka umur 50 tahun euweuh keluhan nanaon, kesehatan tetep prima.
- Ngeunah
- pergaulan
- jrrd.
Fakta :
a. Data ti WHO :
http://www.who.int/tobacco/health_priority/en/index.html
- Pamaeh nomer 2 di dunia.
1 dari 10 orang dewasa paeh lantaran ngaroko.
- Pos pengeluaran gede di kulawarga miskin.
pikeun kulawarga miskin, ngaroko teh nyedot biaya nepi ka 10% belanja kulawarga. Padahal mun maranehna boga uteuk mah, eta nu 10% teh bisa dipake jang perbaikan giji anak, atawa biaya pendidikan, kesehatan, jsb.
Acan lamun anu ngaroko teh gering paru-paru atawa saluran pernapasan, tangtu pengeluaran deui jang ka dokter.
- Ngandung zat-zat berbahaya pikeun awak :
http://en.wikipedia.org/wiki/Chemicals_in_a_cigarette
http://en.wikipedia.org/wiki/Cigarette
diantarana : Arsenic, Cyanide, Butane, Formaldehyde, jsb
- Arsenic (anu dipake maehan Munir)
- Cyanide (sianida, racun mematikan deui wae)
- Butane (dina LPG jang masak aya na teh)
- Formaldehyde (masih inget Formalin ?)
b. ngakibatkeun teu kurang ti 73 panyakit :
http://www.ash.org.uk/html/factsheets/html/fact02.html
diantarana : Mandul, Impoten, Menurunnya kualitas Sperma, Diabetes, Kangker, jsb
c. Perokok Pasive (Pamajikan, anak, babaturan anu teu ngaroko) boga potensi panyakit anu teu jauh beda ti anu ngaroko.
http://www.ash.org.uk/html/passive/html/passive.html
d. ngakibatkeun kecanduan jeung ketergantungan :
http://www.quitsmokinghelp.net/psychology_of_smoking.html
Saran
(ari disebut solusi mah jajauheun, da yakin moal dilaksanakeun ku anu ngaroko na oge.)
a. Masalah perusahaan roko, keun we da sakabeh manusa didunya, geus ditangtukeun rejekina ku Allah. Urang mah nyaah ka anak pamajikan, mikirkeun ekonomi rumah tangga. nya eureunan ngaroko.
b. Masalah ngilangkeun stress.
kapanan aya laguna
obat hati eta aya lima perkara
1. maca quran
2. solat peuting
3. kumpul jeung jelma soleh
4. puasa
5. dzikir
Lain ngadurukan duit !
c. Kabutuhan kulawarga terpenuhi.
biasana jalma cukup nu kieu mah. hanjakal sombong. kena-kena boga duit leuwih tuluy diduruk.
mendingan duit anu di duruk teh, di sedekahkeun.
d. Tetep sehat neupi ka umur 50 taun.
Sabaraha hiji anu bisa kitu? batur bisa nepi ka kolot. ari urang saha anu ngajamin bakal sehat ? sakitu geus jelas, unggal poe nyeuseup arsen, sianida, formalin, jrrd. Mikir atuh !
e. Ngeunah.
Nu kieu anu egois teh. ngeunah jang sorangan teu ngeunah jang batur.
Awak/baju bau haseup, huntu gading hideung, nafas bau, karunya we pamajikan jeung anak.
Kangeunahan teh loba jenis na. cing atuh kangeunahan nu ngarugikeun batur mah tong dipiara wae.
f. Gaul
Nu kieu biang na ngaroko teh. khususna budak ngora. padahalmah mun eunya boga uteuk, teu ngaroko ge tetep we bisa gaul. teu kudu bari ngaroko wae.
Numatak baraya, STOP SMOKING !
***langkung saur bahe carek, neda dihapunten.
__._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
Organizational culture change | Organizational culture assessment |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
__,_._,___