muhun sapuhu...

da kristen anu ngartos2 mah "aya" kasamianana
yen sadaya2 jalmi teh hoyongna milari kasalametan...salamet (islam) tea.
janten upami milarian islam anu hartosna salamet eta, bujeng2 anu katolik
(panginten), anu syareat islam oge can tangtos salamet...
maenya pedah syareat ageman islam anu sok merkosa, garong, rampok, koruptor
gede2an (waahhh) pedah, ageman syareatna islam...engkin teh...di akhirat teh...
salameet... kuring mah baris protes upami kitu...

da Allah mah dina unggel hadistna oge..."lebih dekat dari urat nadi"....
nya anu islam ayaan urat nadi...
anu ageman sanes oge aya, salami eta jalmi keneh mah...garaduh oge urat nadi...
ngan.....ari ku prak2an islam mah...baris langkung disampurnakeun bakal dugi
kana kaislamanana....ari kaislaman leureus seueur repokna sareng kasundaan...

jadi wajar lamun langkung seueur 'penyimpangan2' na...
pan saurna ge...penyempurna agama2 sebelumnya...
anu matak rusak kasampurnaan teh...kusabab jalmi2na keneh...
sok silih gorengkeun, atanapi eta tea....sirik,pidik,jail,kaniaya,geuleuhan,geureuhan jrrd...
matak langkung lami/sesah dugi kana kaislamanana anu kitu teh...

anu tos islam...geura "prak" weh...ulah seueur "pok"...
salami urang seueur "pok" keneh mah....atuh...moal ka eusian bae eta kitab anu
kedah "dieusian" ku urang teh....nya eta kitab suci tea....kitab anu ti asalna masih
keneh suci (bersih), teu acan aya nanaonana...pan kedah digurat dicutat, diguras digaris...

(waaahhh.......janten jiga nu enya yeuh sim kuring....:p)
punten ah...


wassalam.


Dudi Herlianto wrote:

haturan...
alah siah kumaha lamun dibalikeun ka tujuan milis US we lah... ngeunaan Sunda jeung kaSundaan hungkul. Keun ngagogoreng batur mah sina batur nu mosting.

ngeunaan ustad nyarekan lamun ngagogoreng ka ustadna sacara indipidu mah nya memang goreng. ngan lamun SEBAGAI (poho sundana) kritik mah asa merenah oge di cemplungkeun ka ieu milis. pan US teh kalolobaanna Islam. sugan we aya nu bisa mangnepikeun ka ustadz-ustadz. simkuring ge remen ngadenge nu khotbah eusina dengki wungkul, asa teu alus lamun kudu diuar-uar ka umum.

ngeunaan PASTOR mah kuring satuju jeung MJ. teu kudu dikecemplungkeun ka dieu lah... ka teu teu ari ngurusanan batur...

punten

dh

On 9/11/06, maman durahman <[EMAIL PROTECTED]com> wrote:

kumaha mun berita-berita ngeunaan "kagorengan" sorangan nu mindenga diposting di milist ieu? Sarua oge teu meunang? Atawa kumaha? Atawa tergantung nu mostingna? Soalna kuring sering maca postingan ngeunaan kagorengan dulur urang sorangan (conto teranyar postingan nu judulna; USTAD NYAREKAN). Masih loba deui conto nu sejena nu nyaritakeun "kagorangan" urang atawa dulur urang sorangan. Tapi kuring can sempet nuliskeun didieu.

On 10/09/06, mj <[EMAIL PROTECTED]ac.id > wrote:



alusna mah teu kudu ngirim berita2 nu teu bener2 perlu pikeun urang. beja
kagorengan batur, agama batur, mah, bungkus we ku masing2. teu kedah
dicemplungkeun ka kusnet.

soal kagorengan mah nya di unggal jelema oge aya.

mj

http://geocities.com/mangjamal



























--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.lembur deudeuh.:
http://banjarasih.blogsome.com

--

Kirim email ke