assalamu'alaikum punten ka saderek manawi gaduh iber, bewara atanapi maklamat, kalereusan abdi nuju ngadamel penelitian, tapi sanes kangge tesis atawa disertasi, tapi kangge, ceuk urang dieu mah personal Research, kumargi abdi gaduh minat kana dunya Islam di alam Melayu-indoensia, termasuk islam dikasundaan, kantos ngobrol sareng kang Tatang, supados langkung sae, panginteun saderek-saderek aya saran tur bewara, tah nu kahiji, urang teh tos uninga ka nami Pangeran Aria Hussein Djajadiningrat, malah upami teu leupat mah jalmi nu kahiji nu kenging gelar professor dibidangna zaman walanda, malah jadi babaturan jeung jang snouck, tapi upami teu leupat asa teu acan ngadangu jalmi nu nyerat perkawis anjeunna, boh tesis, disertasi atanapi artikel, khususna kontribusi pamikirannana kana islam tur kasundaan, atanapi artikel nu ngajentrekeunnana perkawis hayat hirupna, kantos abdi menakkan di salah sahiji jurnalnu aya diperpustakaan dimana abdi sakola tahun 1890-an, ngan diseratna dina bahasa walanda, janteun rada riweuh tah. teras nu kadua, andi rada ka inspirasi ku pun nini nu ayeuna tos nincak 98-an yuswana, tapi masih keneh apal kana pupujian, panginteun anjeunna waktos tipayun talab ilmu ti guruna teh ngange cara ieu, tapi asa teu aya nu ngayakeun penelitian khususna bidang islamic folklore kumaha berkembangna islam ku cara ieu, saha nu ngadamel pupujian ieu teh, naha sami teu pupujian nu aya digarut, ciamis sareng tasik, punteun kaleureusan abdi bade niliti di tilu kota, pokokna mah seueur lah patarosan2. kukituna manawi saderek, aya nu kantos ngadangu aya jalmi nu tos nyerat khususna di IKIP sareng UNPAD, atanapi aya buku, atanapi manuskrip, bingah pisan abdi ngadanguna, sareng mugia dibaleus kunu sae. amin. keleureusan, abdi ngayakeun riset nu sanes dibidangna kumargi kapincut ku perpustakaanana, janteun leubar upami teu ngariset bidang nu sanes.
sakitu heula wasalam malki Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

