Aya hiji deui nu kalangkung, urang sunda mah mun nyarios bahasa Indonesia atanapi bahasa Inggris sok hese ngabedakeun ngalafazkeun "F" sareng "P". Hueheuheuheu.... :)

Memang rada araraneh, terutama urang sunda nu ngumbara, biasana anak-anakna sok teu ngartieun basa sunda. Hese weeeeh mun diajak ngomong sunda teh, malahan mah teu bisa diajak ngobrol make basa sunda. Padahal indung bapana mah mun diajak ngobrol masih sok make basa sunda.

Pangalaman ieu teh, pun lanceuk aya nu di Bandung aya nu di Jakarta. Anak2 pun lanceuk nu di Bandung mah masih lumayan bisa diajak ngobrol make basa sunda najan kadang sok teu make aturan undak usuk basa oge, nya... sakapeung masih kasar.   Naaaa... ari nu di Jakarta mah amboiiiing... teu bisaeun tah diajak ngobrol sunda teh. Pangaruh lingkungan jigana mah, sabab gaulna sapopoe memang make basa Indonesia campur betawi gaul "elu-gue". Tapi ayeuna rada lumayan tah budak anu teu bisa basa sunda teh daek teu daek kudu adaptasi jeung lingkungan anyar sabab kolotna pindah ka bogor, daek teu daek tah lingkungan gaul manehna make basa sunda. Kadang lucu oge ngadangu obrolan budak umur 5-10 tahun ngobrol make basa sunda nu campur aduk jeung basa Indonesia :-).

Aya oge pun lanceuk nu di Tangerang, anak-anakna diajar basa Sunda di sakola sabab  memang kurikulumna aya pelajaran basa sunda. Tapi gaul sapopoe mah anggeur weeeeh basa Indonesiaan. Najan peunteunna 9 di raport da ari diajak ngomong sunda mah geuning arapap eureupeup keneh. Mun ku sim kuring diajak ngobrol sunda teh kalahkah seuri koneng.... :-)

Wassalam,

aryadi


__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke