--- Didin Kustandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Teu mustahil ayana, Urang Sunda pinter nyarita ku basa Inggris, tapi
> kitu ayana téh teu ngandung harti Urang Sunda mibanda aksara : ch, f, q,
> sh, th, v, wh, x, z jsté.
>
> Teu mustahil ayana, Urang Sunda pinter nyarita ku basa Arab, tapi kitu
> ayana téh teu ngandung harti Urang Sunda mibanda aksara dz, dl, dh, sy,
> sh, th, ‘a, gh, f, q  jsté.

Kang Dien, 
Upama urang teu boga hiji barang, tapi urang perlu kana eta barang teh,
diwenangkeun urang NGINJEUM. Komo deui ieu mah perkara nginjeum aksara,
upama nginjemna teh teu kudu mulangkeun deuih. Pek we rek dipake nepi ka
iraha oge, teu kudu mayar royalti sagala rupa. Kadar daek we makena.
Hehehe.

> Aksara Urang Sunda mah angger baé : a, i, u, é, o, e, eu – h, n, c, r,
> k, d, t, s, w, l, p, j, y, m, g, b, ng. Urang Jawa angger waé teu
> bisaeun nyebut “hayam”, atawa “hideung” atawa “hiji” atawa “hejo” jsté.

> Mun aya Urang Sunda leleb pisan nyebut “syukur”, ngandung harti
> manéhna ngarti yén éta téh basa Arab, nya atuh kudu diucapkeun ku kaidah
> basa Arab, bisi sugan salah harti. Lamum aya Urang Sunda nyebut leleb
> nyebut “sukur” poma ulah dicarékan sabab manéhna téh Urang Sunda nu
> hayang némbongkeun kasundaanana kalawan daria, da mémang kitu nyata
> létah Sunda mah.

> Aksara téh gambaran sora, nyaéta sora manusa nu mangrupa basa. Mun aya
> gambarna tangtu aya sorana. Nya ku kituna, kateuteu ari nyieun gambarna
> lamun sorana nyata teu aya. Urang Amerika nyahoeun, malah sugan beukieun
> kaolahan Urang Sunda nu disebut “peuyeum”. Tapi sok sanajan kitu, pék wé
> koréhan dina runtuyan aksara “Amerika”, naha aya aksara “eu” ?

Tah eta pisan puguh oge, "Aksara teh GAMBARAN sora." Cing urang cobaan
toong naon eta kalimah teh maksudna. Upama aya GAMBARAN, tangtu aya nu
DIGAMBARKEUN, sarta aya nu NGAGAMBARKEUN. Naon hasil gambaran-na, nya
AKSARA tea. Nu digambarkeunana, SORA. Ari nu ngagambarkeunana tangtu
MANUSA. Hehehe.

Aksara gambaran sora, ngandung harti aksara teh MODEL tina sistim sora.
Kangaranan model, nepi ka iraha wae oge, moal bisa persis sarua jeung nu
dimodelkeunana. Hal ieu kulantaran domain-na teu sarua. Domain SORA
dirobah jadi domain TULISAN. Salian ti eta, ari nu ngaranna ngamodelkeun
mah pinasti kapangaruhan ku waktu jeung pangabutuh manusa nu
ngamodelkeunana. Kulantaran kitu, atuh pangabutuh kana aksara teh bakal
gumantung kana pangabutuh manusa nu mituturkeunana. Tangtu wae, kaperluan
manusa Sunda kiwari, baris beda jeung pangabutuh manusa Sunda bihari.
Mangga we titenan, boh aksara, boh kosakecap basa Sunda nu aya dina naskah
heubeul, naha sarua kitu jeung nu dipake kiwari. Apan heunteu nya. Eta teh
ciciren, pangabutuh manusa Sunda kiwari, geus robah jeung pangabutuh
karuhunna.

Elmu basa, teu bina jeung elmu sejen, tangtu nu disebut katangtuan dina
hiji mangsa baris robah. Mangga toong, kumaha kamekaran pamikiran manusa
dina ngamodelkeun atom, misalna. Atawa kamekaran pamikiran manusa dina
ngahartikeun asal muasal kahirupan. 

Pangabutuh kana aksara /q, x, z/ jeung sajabana teh saenyana mah lain ngan
ukur keur nuliskeun kecap /Qur'an/ hungkul, eta mah ngan saukur conto,
tapi geus mangrupakeun pangabutuh nu kawilang WAJIB, upama basa Sunda
hayang dipake pikeun alat ngabungkeuleukeun hasil olah pikir jeung olah
rasa manusa Sunda dina sagala widang kahirupan. Misalna, upama urang Sunda
rek nyieun buku "Diajar Ngitung", piraku upama aya ekspresi Aljabar jiga
kieu /2x + 3y + 4z = 50/ kudu ditulis /2KA + 3GA + 4NGA = 50/ onaman. Eta
teh, karek dina pngajaran ngitung. Upama pangajaran fisika, na ekspresi
v-ektor rek ditulis jiga kumaha, upama keukeuh teu daek nginjeum aksara
sejen.

Perkara sora "eu" nu digambarkeun ku aksara /eu/, nu pernah katoong ku
kuring mah lain ngan bobogaan urang Sunda wungkul, basa urang Eropa oge
bogaeun. Sakadar conto, dina basa Perancis, aya sababaraha kecap jiga
kieu:  /deux, peu, je veux, tu peux/. Eta kecap nu diberendelkeun teh
sorana mirip jeung sora /eu/. Tangtu baraya nu bubuara di Perancis leuwih
apal kana eta pasualan. Malahan Ki Buldan Jayawiguna pernah ngusulkeun
kieu: upama hayang praktis, hiji aksara ngagambarkeun hiji sora, sora "eu"
bisa digambarkeun ku aksara /ö/ (o diluhurna make titik dua ngadapang).
Kitu deui dina basa Inggris, aya eta teh. 
 
salam,
mh

=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Reply via email to