Kang Dien, Mh, oge sadayana wae,
 
Dina usulan aksara Sunda (anyar) hasil "revitalisasi", minimal usulan ti abah Surya (HR Hidayat Suryalaga), huruf "Q" teh geus diasupkeun minangka aksara Sunda serepan,
 
Susunan aksara Sunda salengkepna dina eta usulan teh sarupa di handap ieu:
 
  • AKSARA NGALAGENA (SILABIK)
    KA GA NGA
    CA JA NYA
    TA DA NA
    PA BA MA
    YA RA LA WA SA HA
    SYA KHA FA QA VA XA ZA
  • AKSARA SWARA (VOKAL)
    a - i - u - e - o - E - eu
  • Gabungan antara aksara ngalagena jeung vokal aya anu nyebut salaku "Aksara (Sunda) Kaganga". Tapi, abah Surya ngusulkeun sangkan aksara Sunda meunang ngaronjatkeun teh disebutna "Aksara Ratu Pakuan". Ti heula si kuring kungsi posting rada panjang ngeunaan hal ieu.
     
    Seratan abah Surya salengkepna tiasa dipariosan dina alamat ieu: http://www.sundanet.com/artikel.php?id=233
     
    Sakitu wae, pamugi aya manfaatna.
     
    baktosna,
    manAR
    On 10/1/06, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

    --- Didin Kustandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

    > Teu mustahil ayana, Urang Sunda pinter nyarita ku basa Inggris, tapi
    > kitu ayana téh teu ngandung harti Urang Sunda mibanda aksara : ch, f, q,
    > sh, th, v, wh, x, z jsté.
    >
    > Teu mustahil ayana, Urang Sunda pinter nyarita ku basa Arab, tapi kitu
    > ayana téh teu ngandung harti Urang Sunda mibanda aksara dz, dl, dh, sy,
    > sh, th, 'a, gh, f, q  jsté.

    Kang Dien,
    Upama urang teu boga hiji barang, tapi urang perlu kana eta barang teh,
    diwenangkeun urang NGINJEUM. Komo deui ieu mah perkara nginjeum aksara,
    upama nginjemna teh teu kudu mulangkeun deuih. Pek we rek dipake nepi ka
    iraha oge, teu kudu mayar royalti sagala rupa. Kadar daek we makena.
    Hehehe.

    > Aksara Urang Sunda mah angger baé : a, i, u, é, o, e, eu – h, n, c, r,
    > k, d, t, s, w, l, p, j, y, m, g, b, ng. Urang Jawa angger waé teu
    > bisaeun nyebut "hayam", atawa "hideung" atawa "hiji" atawa "hejo" jsté.

    > Mun aya Urang Sunda leleb pisan nyebut "syukur", ngandung harti
    > manéhna ngarti yén éta téh basa Arab, nya atuh kudu diucapkeun ku kaidah
    > basa Arab, bisi sugan salah harti. Lamum aya Urang Sunda nyebut leleb
    > nyebut "sukur" poma ulah dicarékan sabab manéhna téh Urang Sunda nu
    > hayang némbongkeun kasundaanana kalawan daria, da mémang kitu nyata
    > létah Sunda mah.

    > Aksara téh gambaran sora, nyaéta sora manusa nu mangrupa basa. Mun aya
    > gambarna tangtu aya sorana. Nya ku kituna, kateuteu ari nyieun gambarna
    > lamun sorana nyata teu aya. Urang Amerika nyahoeun, malah sugan beukieun
    > kaolahan Urang Sunda nu disebut "peuyeum". Tapi sok sanajan kitu, pék wé
    > koréhan dina runtuyan aksara "Amerika", naha aya aksara "eu" ?

    Tah eta pisan puguh oge, "Aksara teh GAMBARAN sora." Cing urang cobaan
    toong naon eta kalimah teh maksudna. Upama aya GAMBARAN, tangtu aya nu
    DIGAMBARKEUN, sarta aya nu NGAGAMBARKEUN. Naon hasil gambaran-na, nya
    AKSARA tea. Nu digambarkeunana, SORA. Ari nu ngagambarkeunana tangtu
    MANUSA. Hehehe.

    Aksara gambaran sora, ngandung harti aksara teh MODEL tina sistim sora.
    Kangaranan model, nepi ka iraha wae oge, moal bisa persis sarua jeung nu
    dimodelkeunana. Hal ieu kulantaran domain-na teu sarua. Domain SORA
    dirobah jadi domain TULISAN. Salian ti eta, ari nu ngaranna ngamodelkeun
    mah pinasti kapangaruhan ku waktu jeung pangabutuh manusa nu
    ngamodelkeunana. Kulantaran kitu, atuh pangabutuh kana aksara teh bakal
    gumantung kana pangabutuh manusa nu mituturkeunana. Tangtu wae, kaperluan
    manusa Sunda kiwari, baris beda jeung pangabutuh manusa Sunda bihari.
    Mangga we titenan, boh aksara, boh kosakecap basa Sunda nu aya dina naskah
    heubeul, naha sarua kitu jeung nu dipake kiwari. Apan heunteu nya. Eta teh
    ciciren, pangabutuh manusa Sunda kiwari, geus robah jeung pangabutuh
    karuhunna.

    Elmu basa, teu bina jeung elmu sejen, tangtu nu disebut katangtuan dina
    hiji mangsa baris robah. Mangga toong, kumaha kamekaran pamikiran manusa
    dina ngamodelkeun atom, misalna. Atawa kamekaran pamikiran manusa dina
    ngahartikeun asal muasal kahirupan.

    Pangabutuh kana aksara /q, x, z/ jeung sajabana teh saenyana mah lain ngan
    ukur keur nuliskeun kecap /Qur'an/ hungkul, eta mah ngan saukur conto,
    tapi geus mangrupakeun pangabutuh nu kawilang WAJIB, upama basa Sunda
    hayang dipake pikeun alat ngabungkeuleukeun hasil olah pikir jeung olah
    rasa manusa Sunda dina sagala widang kahirupan. Misalna, upama urang Sunda
    rek nyieun buku "Diajar Ngitung", piraku upama aya ekspresi Aljabar jiga
    kieu /2x + 3y + 4z = 50/ kudu ditulis /2KA + 3GA + 4NGA = 50/ onaman. Eta
    teh, karek dina pngajaran ngitung. Upama pangajaran fisika, na ekspresi
    v-ektor rek ditulis jiga kumaha, upama keukeuh teu daek nginjeum aksara
    sejen.

    Perkara sora "eu" nu digambarkeun ku aksara /eu/, nu pernah katoong ku
    kuring mah lain ngan bobogaan urang Sunda wungkul, basa urang Eropa oge
    bogaeun. Sakadar conto, dina basa Perancis, aya sababaraha kecap jiga
    kieu:  /deux, peu, je veux, tu peux/. Eta kecap nu diberendelkeun teh
    sorana mirip jeung sora /eu/. Tangtu baraya nu bubuara di Perancis leuwih
    apal kana eta pasualan. Malahan Ki Buldan Jayawiguna pernah ngusulkeun
    kieu: upama hayang praktis, hiji aksara ngagambarkeun hiji sora, sora "eu"
    bisa digambarkeun ku aksara /ö/ (o diluhurna make titik dua ngadapang).
    Kitu deui dina basa Inggris, aya eta teh.

    salam,
    mh

    =====
    Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
    [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]

    __________________________________________________
    Do You Yahoo!?
    Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
    http://mail.yahoo.com


    Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

    Yahoo! Groups Links

    <*> To visit your group on the web, go to:
       http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

    <*> Your email settings:
       Individual Email | Traditional

    <*> To change settings online go to:
       http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
       (Yahoo! ID required)

    <*> To change settings via email:
       mailto:[EMAIL PROTECTED]
       mailto: [EMAIL PROTECTED]

    <*> To unsubscribe from this group, send an email to:
       [EMAIL PROTECTED]

    <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
       http://docs.yahoo.com/info/terms/




    __._,_.___

    Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





    SPONSORED LINKS
    Culture change Corporate culture Cell culture
    Organization culture Tissue culture

    Your email settings: Individual Email|Traditional
    Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
    Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
    Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

    __,_._,___

    Reply via email to