Rampes!

Kang Engkus kamana wae atuh. Asa tos lawas teu aya ngulampreng. Nuhun Kang
kana bahasannana. Cing, sim kuring oge seja ngiring ngamalkeun 'pakacian'.
Hehehe. Muhun, maksad teh kaci mairan, kaci noongan, kaci saluyu, oge kaci
teu saluyu kana naon ku baraya sanesna dipadungdengkeun.  

--- engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Sampurasun baraya kisunda sadayana!
> Simkuring bade ngiring mairan etang-etang ngaramekeun
> dina gunem catur perkara aksara dumasar kana pamikiran
> pribadi, kaci oge pan upama simkuring teu sapuk sareng
> nu sanes, oge kaci mun aya nu teu sapuk sareng
> pamikiran simkuring.

Tah lebah dieu, kuring sapuk pisan, kana pamadegan salira. Kuring oge seja
nempatkeun diri teh jiga kitu: Kaci upama sim kuring teu sapuk sareng
pamadegan nu sanes; Oge kaci pisan upama aya baraya nu teu sapuk sareng
pamikiran sim kuring.
 
> Kamekaran hiji basa di bangsa mana bae ti bihari tepi
> ka kiwari tangtu teu bisa dihalangan jeung memang teu
> perlu dihalangan, anu tinangtu bakal aya silih
> pangaruhan antara basa hiji bangsa ka bangsa nu lianna
> ku ayana kecap-kecap anyar nu kapanggih nu
> ngalambangkeun hiji barang, pagawean atawa nu disebut
> “model” ku kang MH. 
> 
> Sok sanajan kitu sakanyaho simkuring mah asa can
> pernah nguping ayana “aksara serepan”. Ti baheula
> simbol aksara Latin A tepi ka Z teu aya robah, aksara
> Yunani ti "alpha" tepi ka “zetha", aksara Arab ti
> “alip" tepi ka “iya"  tetep teu robah, pon kitu deui
> jiga-jigana aksara Cina, Jepang, India, Rusia jeung
> sakumna bangsa-bangsa nu ngabogaan aksara tetep teu
> ngarobah aksara baku hasil kalinuhungan budaya
> luluhurna. Ari nu tangtu ayana di unggal bangsa teh
> nyaeta “kecap serepan”, sabab ku ayana barang atawa
> kanyaho anyar nu datang ti luar. Tah dina makena atawa
> nyerepkeunana teh diluyukeun jeung sora/aksara nu geus
> kapiboga saperti dina basa Indonesia aya kecap machine
> jadi mesin, architecture jadi arsitektur, Television
> jadi televisi, computer jadi komputer jeung sajabana.

Bisa jadi teu ilahar aya 'aksara serepan'. Tapi lain hartina teu kaci aya
aksara serepan. mangsa kiwari, dimana media lain ngan saukur media citak,
reungeu, jeung toong, tapi geus dibanjiran ku 'media alir' nu interaktif,
ieu kateuilaharan teh geus lumrah camal. Mangga geura titenan, situs situs
media nu migunakeun aksara Jepang, Korea, Cina, Arab, jeung Thailand. Geus
biasa jeung teu dianggap dosa deuih, upama rek nuliskeun hiji istilah nu
teu dipibanda ku sistem aksara manehna, atawa hese beleke nuliskeun
istilah deungeun make aksara manehna, manehna sok nyerep aksara sejen,
utamana aksara Laten. 

Kuring nginjeun istilah 'media alir' ti tukang ngadongeng media, pikeun
maksud ngabedakeun lakulampah media Internet, jeung media sejenna nu geus
ilahar (jiga media citak, reungeu, jeung toong). Sabab cenah media
Internet mah lir ibarat 'aliran' cai walungan. Barang nu aya diji tempat
teh robah ti waktu ka waktu, bisa jadi ngan dina itungan detik. 

Naha enya kitu aksara Laten, Arab, Yunani, Rusia, Cina, Jepang, jeung
India teh kekal, teu robah ti jaman ka jaman? Nu katoong ku kuring mah,
sami we sareng kailaharan buah pikir jeung karya manusa sejenna, tinangtu
robah jaman ka jaman. Sabab eta sistem aksara teh hasil evolusi ti waktu
ka waktu. Mangga toong geura didieu (http://www.ancientscripts.com/),
dongeng lalampahan aksara ti jaman ka jaman. 

> Tah ayeuna keur aksara Sunda, asa teu kaharti ku
> simkuring lamun urang kudu make nambahan aksara
> kulantaran hayang luyu/nyurupkeun jeung kecap/basa
> atawa sora nu datang ti luar, anu ceuk pamikiran
> simkuring mah sakuduna kecap/sora ti luar
> ngaluyukeun/nyurupkeun diri ka aksara Sunda, lain
> aksara Sunda nu kudu ngarobah diri pikeun nyurupkeun
> kecap/sora nu datang ti luar. Jadi katingali pisan
> jiga urang Sunda nu teu boga kapercayaan diri (rendah
> diri), sagala kumaha ceuk juragan nu datang ti luar
> (sanes kajajah deui bae ari kitu teh??). Ceuk pikir
> simkuring unggal bangsa ngabogaan basa, budaya, adat
> sorangan nu memang diwangun ku alam lingkunganna
> sewang-sewangan. Ayana sora, basa, adat jeung budaya
> Sunda nu kapiboga ku urang warisan luluhur urang
> sorangan eta katangtuan ti Nu maha kawasa (kudrat),
> teu meunang ku urang dilalaworakeun, kitu soteh lamun
> memang deuk ngajenan warisan sorangan. 

Tah lebah dieu, kuring seja ngajentrekeun heula naon anu jadi bahan
padungdengan kuring ti heula. Nu jadi padungdengan sim kuring mah lain
perkara aksara serepan pikeun Aksara Sunda (Ka-Ga-Nga). Tapi kecap serepan
Basa Sunda nu awalna make aksara 'q'. Jadi domain toongan kuring: Basa
Sunda tulisan hususna eusi Kamus Umum Basa Sunda (KUBS) nu make aksara
meunang nginjeum ti alfabet (alfabet atawa alpabet?) Laten. Numutkeun Kang
Didin mah cenah, lain 'nginjeum' tapi 'ngawasa'. Keun wae da eta mah ngan
beda gaya, ari maksduna mah da sarua ieuh. Pasualanana, kunaon nalika
nginjeum aksara Laten, teu diinjeum kabeh we sakalian? Make kudu aya nu
diiwalkeun sagala rupa. Naha kecap nu dimimitian ku aksara Laten nu
diiwalkeun teh, jiga /q, x, z/, teu bisa dikawasa ku urang Sunda kiwari?
Tah ieu inti padungdengan sim kuring mah.

Numutkeun panoongan kuring, eta tilu aksara nu kasingsal teh, asa mibanda
ajen nu penting pikeun makihikeun widang kaelmuan migunakeun basa Sunda.
Jiga dina postingan ti heula, eta tilu aksara nu kasingsal teh
dipigunakeun dina padungdengan elmu pangaweruh. Salian ti kitu, eta nu
tiluan teh loba pakait jeung istilah-istilah ageman kalolobaan urang
Sunda. Geus mangpuluh  taun urang Sunda wanos kana istilah agemanana. Kitu
deui, PABRIK KECAP aya dimana-mana. Boh mangrupa media citak, media
reungeu, media toong, kitu deui media interaktif. Kulantaran kitu  kuring
boga kayakinan, mustahil manusa Sunda kiwari teu bisa ngawasa kecap nu
tiluan tea.

Pikeun Aksara Sunda (Ka-Ga-Nga) kuring oge sapamadegan, yen asa teu aya
perluna make ditambahan ku AKSARA SEREPAN. Najan ieu pamadegan teh, bisa
jadi beda alesanana jeung nu sanes. Kuring mah noongna tina hal praktisna
we. Numutkeun sawangan kuring mah asa teu aya perluna eta Aksara Sunda
'Ka-Ga-Nga' make kudu diajarkeun pikeun di sakola tingkatan SD nepi ka
SMA.  Leuwih hade eta Aksara Sunda teh diajarkeun ka mahasiwa paguron
luhur nu nyungsi Kasundaan, jiga di Jurusan Sastra Sunda. 

Kunaon pangna teu perlu diajarkeun ka budak sakola tingkatan SD nepi ka
SMA? Ke urang teruskeun deui dongengna, upama aya kasempetan nu nyalse. 
Cag heula ah. 

Salam,
mh

> Naha era atawa salah kitu?,  upama dina basa Sunda
> urang nyebut/nulis "Vespa" ku "Pespa", nyebut/nulis
> "Televisi" ku "Telepisi", "syukur" ku sukur, "Sholat"
> ku "Solat", "zat" ku "jat", zaman ku jaman, qurban ku
> kurban, Fitrah ku Pitrah nu tangtu nyurup kana
> letah/sora urang Sunda jeung teu ngarobah harti. Kapan
> dina basa Indonesia oge geus aya conto, saperti
> Christian jadi Kristen (teu kudu nyieun aksara “Ch”),
> Catholic jadi Katolik,  jrrd.        
> 
> Jadi bawirasa simkuring nu penting lain nambah-nambah
> simbol aksara pikeun nyurupkeun kecap/sora nu datang
> ti luar, malah tug tepi ka jadi PERDA, tapi nu leuwih
> penting kumaha carana supaya ieu aksara Sunda warisan
> kamotekaran jeung kalinuhungan luluhur urang bisa
> dipake atawa hirup deui dina kahirupan urang Sunda.
> Mungkin aya nu boga pamikiran “ aah teu praktis atawa
> teu aya guna”. Coba bae ilikan bangsa Jepang, bangsa
> India, bangsa Arab, bangsa Cina, nya deukeutna bangsa
> Thailand geuning tetep marake aksara warisan
> luluhurna, ari urang kumaha....? Ngajenan jeung make
> budaya sorangan teu ngandung harti jadi bangsa teu
> maju. Sok atuh urang Sunda nyararing, geus waktuna nu
> daratang nu kudu nyurupkeun ka pribumi lain pribumi nu
> kudu nyurup-nyurupkeun diri ka nu datang. Iraha nya
> nanjeurna deui Kisunda??. Geus waktuna ngarobah Jati
> hirup ku jatina, junti hirup ku juntina.
> 
> Rupina sakitu unek-unek simkuring ngeunaan gunem-catur
> widang ieu, sakali deui kaci pan pami aya pamadegan nu
> beda, kapanan silih asah teh lamun aya beda pamikiran,
> hapunten ka kasepuhan Abah Surya sanes simkuring
> kirang hormat atanapi teu ngajenan kana kamotekaran
> anjeunna, tos jelas abah Surya mah karya-karyana,
> simkuring mah etang-etang jadi dogdog pangrewongna
> bae.
> 
> Pun Sapun
> Simkuring
> 
> Mang Engkus. 
> 
> 
> --- mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> > 
> > 
> > --- Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > 
> > > Kang MH,
> > > 
> > > Mani rame euy diskusi teh he he he.... Bae ah. 
> > > Mimitian deui we ku 'jangkrik' anyar. Hayu lah...
> > ngadu jangkrik
> > > masalah basa atuh!
> > > 
> > > > 
> > > > 1. Naha enya urang Sunda teu bisa ngucapkeun
> > aksara "Q"?
> > > 
> > > Jawab na mah gampang. Kulantaran teu nyampak
> > aksara /q/, hartina basa
> > > urang teu bogaeun sistem 'bunyi'(=disada?) siga
> > kitu. Dina basa Sunda
> > > ge kapan euweuh /f/ jeung /v/. Teu kudu minder...
> > da memang kitu sifat
> > > basa urang.
> > 
> > Kang RH,
> > 
> > Lain minder Kang, ieu mah panasaran we, keur diajat
> > tuang-toong.
> > 
> > Kuring teu pati sapagodos jeung eta pamanggih teh
> > Kang. Teu ayana aksara
> > /q/ tacan tangtu yen basa urang teu bogaeun SORA
> > /q/. Upama letah urang
> > Sunda jaman 'tai kotok dilebuan' mah, bisa jadi enya
> > teu bogaeun. Ari basa
> > teh lain cenah hirup, saluyu jeung jelema pinuturna.
> > Pikeun jalma Sunda
> > jaman kiwari, jaman 'tai kotok dikarungan keur gemuk
> > organik', eta sora
> > teh lain perkara nu hese diucapkeunana. 
> > 
> > Hujahna, jiga kieu: cing lamun urang noong ti
> > tungtung kulon Tatar Sunda
> > (Banten) nepi ka tungtung wetan (Cirebon) pasti
> > rajeg aya kana ratusna
> > pasantren. Kitu deui upama ngalanglang ti tungtung
> > kaler Subang, Pamanukan
> > jeung sabudereunana, nepi ka tungtung kidul Garut,
> > Ciamis jeung
> > sabudereunana, asana moal pati salah upama kuring
> > nyebutkeun perentul
> > pasantren. Naon eta teh hartina? Tangtu eusi
> > pasantren teh santri lin? Nu
> > sapopoe dialajar ngaji. MUSTAHIL teu bisa ngucapkeun
> > SORA /q/. 
> > 
> > Toong deui ti sisi sejen. Sacara rutin di lembur
> > urang sok diayakeun MTQ,
> > boh tingkat daerah, kitu deui nasional. Puluhan
> > urang Sunda jadi pamilon,
> > teu saeutik nu jadi pinunjul. Naon eta teh hartina?
> > Geus pasti para QARI
> > jeung QARIAH teh bentes pisan ngucapkeun sora /q/. 
> > 
> > Toong deui make statistik, urang Sunda teh lolobana
> > muslim. Mustahil teu
> > barisa ngaji, alif bingkeng - alif bingkeng wae mah
> > tangtu bisa nya. Jadi
> > kasimpulanana, MUSTAHIL alias TEU MUNASABAH upamaha
> > urang Sunda teu
> > bisaeun ngucapkeun SORA /q/. Hehehe, maksa we nya.
> > 
> > Kuring mah boga kacuriga, teu asupna entri /q/ kana
> > kamus LBSS, kulantaran
> > meureun aya hubungan nu kurang beres, antara para
> > ahli budaya jeung ahli
> > agama. Boa-boa ahli budaya kurang beukieun kana
> > perkara agama. Kitu deui
> > sabalikna, ahli agama kurang beukieun kana perkara
> > budaya. 
> > 
> > Perkara entri /f/ jeung /v/ mah, geus aya dina LBSS
> > teh. Aya 19 entri /f/
> > jeung 12 entri aksara /v/.
> > 
> > salam,
> > mh
> > 
> > > Balik kana masalah /Q/ tea. Nyaan hese
> > ngucapkeunnana... komo /Q/ Arab
> > > mah... da make cekleuk sagala. Mun latihan unggal
> > poe cecekleukan
> > > mah... bisa oge sigana mah. Wah... make kudu
> > riweuh ku aksara
> > > sisidueun atuh he he he... 
> > > 
> > > Make /K/ ge teu kunanaon... 
> > > 
> > > > 2. Perlu teu kamus Sunda ka hareup ngasupkeun
> > entri "Q"?
> > > > 
> > > 
> > > Ari ngarasa perlu mah, nya asupkeun we. Moal hese
> > sigana teh. Ngan
> > > entri make /Q/ teh moal loba sigana mah. Salambar
> > ge moal pinuh! 
> > > 
> > > Ulah poho... kecap injeuman tina basa Kulon anu
> > make /Q/ apan geus
> > > disaluyukeun dina basa2 RI jadi /K/. Misalna kecap
> > 'kualitas'naha kudu
> > > dibalikkeun jadi 'qualitas' kitu?
> > > 
> > > baktos,
> > > Rahman


=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke