Pangapunten, kum kasadaya wargi Kusnet ....
Diperhatoskeunana ieu perkawis (topik) rada-rada haneut...
Sim abdi salaku pamangku hajat anu insya Allah bade nga 3 kalian, nandeskeun, rehna ieu acara HBH moal ngawilah-wilah tingkat darajat, padamelan (profesi), pendidikan sareng sajabanina.
Ieu acara HBH ditujukeun kum ka sakumna wargi Kusnet, anu tiasa sareng kersa sumping dina waktosna.
Anu tujuanana taya sanes ngaraketkeun tali silaturahmi, ngaraketkeun tali wawargi sadaya wargi Kusnet.
Janten saha wae anu ngaraos wargi Kusnet, anu kersa sumping dina waktosna, sim abdi sareng rengrengan panata calaga ngahaturkeun rewu-rewu nuhun.
Kukituna perkawis (topik) ieu urang tutup dugi kadieu bae, kanu parantos daftar, diantos pisan kasumpinganana dina waktosna, kanu teu acan daftar mangga geura dalaftar.
Namung kanu teu daftar ulah janten panghalang, upami tea mah dina waktosna tiasa/bade sumping, baeu teh teuing.
 
Pihatur
ssw
 
ucep wahyudin [EMAIL PROTECTED]
Hapunten ka sadaya wargi di Kusnet bilih aya anu kakoet manahna jalaran komunikasi simkuring sareng kang ndoel pancakaki pareumeun obor, namung aya anu khawatir wargi kusnet ti luar Garut tong janten emutan ieu nuju sasih saum. Anggap wae aya jurig ngaliwat.
Ampun bilih pribados dianggap PI ngareksak Kusnet.
Sakali duei punten ulah ka dugi miss komunikasi.
Da simkuring oge henteu maksad kotak-kotak.
Samisami neda sangu sareng sami sami warga negara RI asli.
Justru kedahna mah bangga upami salah sawios warga Kusnrt janten Bupati, Gubernur, Presiden RI sareng sjbn. Ayena mah di jaman reformasi plitik teh ulah janten musuh anu dipikasieun, tapi kedah digaduhan ku sadayana dina raraga demokratisasi.
Hapunten sakali deu.
 
Ucep WJ
.




http://cikundul3.multiply.com
Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda
__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke