Sae kang, upami tos kenging nami-nami anu baris nampi pangajen, tiasa langsung dipesen wae.
Perkawis kuncen situs, sim abdi bade mayunkeun kuncen ieu situs sateu acan
ka keueum ku bendungan Jatigede, maksadna taya sanes, sateu acan eta situs
carem, urang tiasa terang situs titinggal karuhun anu baris sirna kakeueum ku ieu bendungan.
Kangge wargi sanes, anu ngusulkeun kuncen situs anu sanesna, disuhunkeun
kasabaranana, mugi-mugi taun payun tiasa kaleler pangajen Kusnet.
Pihatur,
ssw
Tadi kuring meunang katerangan (ti kang Dadan) yen kuncen di Kacamatan Jati Gede disebutna Kuncen Situs Ciptawenang jeung situs sejenna nu aya di Jati Gede. Situs Ciptawenang teh situs anu baris carem kakelem ku proyek bendungan Jati Gede.Namina nyaeta Bapa Warma Ali Ajis yuswana 68 taun.Ieu kuncen numutkeun Apih Siddik tos positip anu baris nampi pangajen ti Kusnet, kukituna ku sim kuring bade di ngawitan dipidamel layang pangajen kalawan nyebatkeun namina/kagiatanana.Ngadamel layang pangajen lamina saminggu, upami teu dipidamel ti ayeuna bilih kaboler, kukituna sim kuring nyuhunkeun kapastian utamina ka Panitia HBH, saha namina anu bakal nampi pangajen sanesna.Hatur nuhunMSasmita.