Assalamu'alaikum wr wb.
 
K Kumi, hapunten sateuacan na, sanes K Nata ujug takabur atanapi hoyong janten pahlawan kabeurangan,
ieu mah manawi katampi tur aya mangfa'at na, kumaha upami K Kumi nga daftar anu nyandak mobil sareng anu kana umum
apanan anu kana umum tiasa nangkod ka anu nyandak mobil,pan lumayan tiasa ngirit ongkos upami sasarengan meser bengsin mah
salajeng na bilih aya anu teu ka candak, insya Allah upami  di  pasihan terang ti ayeuna2 mah, mobil simkuring tiasa di angge ku saha bae, asal aya anu keresa tanggel waler bae bilih mogok di jalan pan moal di cul keun di tengah jalan  ...hehhehehhe....lumayan lah carry, tiasa lebet 7 urang mah, ieu ge manawi  ka angge ku anu peryogi..........manawi aya maksad tur panuju kana ideu ( naon nya bhs sunda na ) sim kuring, mangga wartosan ti anggal na, supados sim kuring tiasa nelepon ka anu nyekel mobil na, nembe sim kuring nelepon k anjeuna,
saena upami aya kaputusan ti K Kumi atanapi anu sanesna sateuacan wengi enjing, sae pisan margi sim kuring bade ngamastikeun
eta mobil di angge henteu na ku wargi Kusnet dina kaping 4,5sareng 6 November.
 
Wassalam
 
K Nata
 
----- Original Message -----
From: kumincir
Sent: Monday, October 30, 2006 8:42 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Nu parantos ngintun Konfirmasi ngiringan HBH Kusnet

Manawi aya nu kersa direrepot, sim uing hayang numpang ka rombongan nu nyandak mobil ti wewengkon Bandung/kulon/kaler. Manawi aya keneh tempat kosong dina tutungganganana, sim uing bade megat di Cileunyi atanapi Rancaekek. Nu rek numpang teh jumlahna tiluan: kuring, pun bojo, ditambah si Sujang, budak leutik umur opat satengah bulan. Anapon anu bade dipegat, nyaeta kadang wargi anu miosna jumaah wengi/sonten atanapi saptu enjing2.

Sakitu heula, mamanawian...

On 10/30/06, ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Baraya..
Dugi ka dinten ieu tabuh 12.00 siang , Senen kaping 30 Oktober 2006
Anu parantos ngintun konfirmasi bade ngiringan acara HALAL BIHALAL
KUSNET 2006 di Garut diantawisna;

- Kang Kandar, Jatinangor, 2 Dewasa + 1 orok, umum




--
sikandar
kumincir.blogspot.com
__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Reply via email to