Assalamu'alaikum wr. wb.

Wilujeng siang baraya sadayana mudah-mudahan urang sadayahana aya dina
kawilujengan.
Dubujeng enggalna bae tos aya 3 taun langkung kuring jadi kuncen web kusnet
www.urang-sunda.or.id allhamdulilah eta oge dibantosan ku baraya kusnet
sanesna (tiasa ditingali dina menu profile saha-sahana mah). Timulai dinten
ieu kurng bade mundur heula kanggo nguncena web kusnet mung duka sabaraha
lami, ari alesanana mah nuju pakepuk pisan ku padamelan anu wajib.
Sababaraha dinten kapengker kuring ngumaha ka kang deni wahyu juragana
minyak ti dumai kitu deui ka kang kandar allhamdulilah aranjeuna tos
nyaranggeman nguncena eta web kusnet.

Kirang langkung tos bade sassih kapengker web kusnet teh nuju diropea ku
kuring,kang deni, kang kandar kitu deui mah hasan ti malaya anu kumisan tea
he he...punten mang h heureuy he he....Tah ti ngawitan dinten ayeuna kuring
bade liren heula ngaropea web kusnet teh mudah-mudahan kapayuna upami aya
waktos sugan tiasa ngiringan deui tapi tos 3 taun langkung mah meujeuhna
pangsiun sigana mah he he....

Tos sakitu wae heula bilih aya kaperyogian anu aya hubungan sareng web
kusnet mah email wae ka [EMAIL PROTECTED] atanapi tiasa email ka kang
deni,kang kandar.

Salam baktos
Wassalam
ERN

Kirim email ke