Cai parantos dianalisa ku ITS..kandungan kloridana
sakitar 14,000 ppm, diduga tina kajeroan 6000 kaki
bawah laut. Ari klorida selat madura pan sakitar
90,000 ppm.caina jenis kadua nyaeta cai aktif anu aya
dina lolongkrang shale (lempung halus) anu kagungan
tekenan tinggi. Kandelna eta lapisan lempung halus anu
ngandung cai teh kira2 100 ft (kl 30 meter). Porositas
lolongkrang shale kira2 10 persenan Taksiran wewengkon
10 km X 6 km lapisan ieu. Diluhureun lapisan eta aya 2
formasi lapisan cai..kandelna rata2 15 meteran.lapisan
ieu aya hubunganna jeung atmosfir ditempat lain
(outcrops). janten luas pisan. Mun sakali nyembur,
tekanan na teh tekenan hydrostatis atmosfir alias
sumur artesis. Umurna bakal panjang pisan saumur2.

Urang itung cai tina jero 6000 kakai (10 km X 6 KM) x
30 meter x 10% = 180 juta m3. Ayeuna ngalir parantos
115 000 m3/dinten (laporan tim nas). Anu parantos
ngabanjiran ayeuna kinten 2,6 juta m3. Janten lamina
cai ngalir teh (180-2.6)/115,000= 1543 dinten deui.
Ieu ngan tina lapisan 6000 kaki ( eta anu disebat
shale diaper atanapi blue shale atanapi mud volcano).
Padahal masih keneh aya cai tina 2 lapisa diluhur, anu
moal eureun2 kulantaran artesis 

janten mu tiasa mah kedah dipareuman ku relief well.
Conto di Bledug kuwu purwodadi (daerah minyak cepu)
ngabeledug tahun 30 an.ayeuna masih wae
bebeledugan.........

janten

--- oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Sakedik deui, pameng geus kagok na milist...soal
> lumpur Lapindo Brantas tea.
> 
> Tina jihat kaelmuan geologi, sigana anu kajadian di
> Porong teh lain ukur
> "mud volcano". Ieu teh kusabab bukti anu aya, lain
> wae leutak (lumpur) anu
> ka luar teh, tapi cai jeung "suhu"-na anu panas.
> Dina diskusi informal di
> kantor, sababaraha geolog ngebrehkeun pamadeganana
> yen bisa jadi anu aya
> sahandapeun Porong teh nya mud volcano (gunung
> leutak handapeun bumi), nya
> fenomena geothermal (panas jero bumi/taneuh) atawa
> malah gunungapi handapeun
> taneuh....walah, nya fenomena hidrogeologi regional,
> nya.....patahan aktif,
> jst.
> 
> Si kuring anu kungsi sakeudeung diajar soal cai
> taneuh rada kataji ku
> katerangan salah saurang geolog senior. Ceuk
> anjeunna, nilik kana gedena
> volume cai anu kaluar tina jero taneuh Porong, asa
> cangcaya upama eta cai
> teh asalna cai taneuh normal. Sabab, 70% tina
> sebrotan leutak teh apan cai
> tea (data kimia leutak Lapindo). Upama waktu harita
> (basa diskusi) volume
> sebrotan eta leutak geus nepi kana angka 50.000
> m3/poe, apan aya kurang
> leuwih 35.000 m3/poe anu mangrupa cai (sesana nya
> leutak) ka luar ti
> "rohangan" jero taneuh. Tah, pisakaumahaeun teuing
> gedena rohangan
> (reservoir) di handap upama eta cai teh cai taneuh
> normal. Upama lain
> rohangan sakumaha kabayang ku urang di luhur bumi,
> tangtu eta hasil
> pataremana cai-cai anu geusian lolongkrang heureut
> antara "butiran" taneuh.
> Asa mustahil da sagedena oge wewengkon Porong, moal
> enya lolongkrang antara
> taneuhna bisa nyimpen cai anu sakitu lobana jeung
> nyebrot unggal poe meh
> 35.000 m3. Cai naon atuh? jeung timana asalna?
> 
> Dina elmu hidrogeologi, aya dua kamungkinan gede
> asal-usulcai anu loba: 1.
> reservoar anu asalna tina cai laut baheula (laut
> purba) anu kaporog (ku
> proses geologi) jadi cai purba (istilah paelmuanana:
> conate water); 2.
> reservoir anu proses nyimpen caina ku cara osmosis,
> hartina: caina cai laut
> anu ayeuna (recent). Tah, upama kamungkinan anu
> kahiji anu bener, nya
> lumayan rada aya harepan eta sebrotan leutak (jeung
> lolobana mah cai) baris
> eureun dina waktu moal pati lila. Sabab, sakumaha
> gedena oge reservoir cai
> laut purba tangtu aya watesna. Tapi, lamun
> kamungkinan anu kadua anu larap?
> Walah...pisakumahaeun teuing lilana eta kajadian
> sebrotan leutak (jeung
> lolobana mah cai). osmosi tea...hartina...cai laut
> ayeuna (paling mungkin
> anu aya di selat Madura) rembes ka jero leutak.
> patarema nepi ka ngeusian
> reservoir...nya siga anu ngamalirkeun cai laut selat
> Madura ka wewengkon
> Porong kalwan samemehna ngaliwatan heula rohangan
> gede rebuan meter
> sahandapeun taneuh Porong pikeun dibudalkeun ka
> beungeut taneuh eta
> wewengkon. Moal eureun da tanagana oge tekanan
> hidrostatik laut Selat Madura
> ayeuna. Naha ieu kitu tanda-tanda wong Jowo baris
> tinggal separo teh?
> Wallohu'alam.
> 
> Kumaha carana nganyahokeun eta asal-usul cai? Ceuk
> elmu hidrogeologi mah nya
> tanya wae atuh jinis (cai) na. Kumaha carana? Elmu
> fisika bumi mere nasehat:
> gunakeun test radioaktif (isotof) ka eta cai pikeun
> meunangkeun jawaban anu
> jujur. Komposisi isotop cai baheula (conate water)
> tangtu moal beda jeung
> standar (data) isotop cai baheula anu geus aya;
> sakumaha isotop cai ayeuna
> (tina proses osmosi) baris sarua jeung catetan
> isotop cai jaman ayeuna anu
> oge sarua geus aya datana, geus aya standarna.
> Hanjakal....test atawa nguji
> cai teh kaasup lengkah anu teu dilaksanakeun atawa
> dina dilaksanakeunana oge
> telat ku pihak anu pakait jeung kasus leutak
> Lapindo. Ayeuna mah ges hese
> meunangkeun contoh cai anu bener2 ngawakilan cai ti
> jero taneuh...nun rebuan
> jauh anggangna ti luhur taneuh. Sabab, apan liang
> sebrotanana oge geus muka,
> geus teu atawa hese dilokalisir deui. Tapi, lamun
> bisa mah hade
> pisan...kajeun telat asal bisa. Sugan wae atuh.
> 
> baktos,
> manAR
> 
> 
> On 11/17/06, MRachmat Rawyani
> <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> >
> > Waktos sasih puasa kamari kuring mirengkeun
> informasi
> > ti Menristek Dr. Kusmayanto Kadiman mah,
> Kamentrianana
> > tos ngagaduhan sistem early Warning tsunami anu
> > kawilang canggih. Jeung deuih kauangan menristek
> > sigana tos "cekak". Jadi teu kedah meser peralatan
> > deui, kajaba lamun juragan Bush "maksa" nitah
> meuli
> > alat-alatna kalayan dibere bantuan dana/soft loan
> > (masihan hutang kanggo meser alat eta). Tapi tetep
> > wae kedah dibayar.
> >
> > Kuring marios deui makalah Pa Rudi Rubiandini,
> tetela
> > Lapindo Brantas ngagaet Petrochina. Dina makalah
> eta
> > oge disabit-sabit "mud volcano". Kumargi kitu
> > skenario-4 penanggulanganana nyaeta ku jalan
> ngebor
> > ngangge 4 - 5 relief well ngurilingan semburan,
> kanggo
> > maehanana. Tapi ieu teh cara anu paling mahal
> sareng
> > prosesna lami. Ceuk cenah mah, upami lancar, nembe
> > tiasa teratasi dina pertengahan desember. Padahal
> > leutak luhurna ngajungkiring aya kana 7 meterna.
> >
> > baktos,
> >
> > mrachmatrawyani
> >
> > --- Budhi Setiawan <[EMAIL PROTECTED]
> <budhi%40urang-sunda.or.id>>
> > wrote:
> >
> > > sigana amrik bade ngajual alat early warning
> system,
> > > padahal asana teu aya
> > > panaliti amrik nu "aktif" nalungtik gempa di
> ina.
> > > kapal-kapal nu metakeun
> > > "zona subduksi", asana kapal jerman tur kapal
> jepang
> > > salian ti geomarine nu
> > > bppt (eh ppgl kitu).
> > >
> > > duka pami amrik sieun industri migas na di"hugo
> > > chaves"keun siga kasus
> > > caltex (ayeuna chevron texaco) nu salah sahiji
> > > lapanganna di riau (rumbai
> > > kitu), di akuisisi ku pertamina tur bumd riau.
> jadi
> > > teu kudu hariwang, yen
> > > mun di bumd-keun bakal dikorupsi, asalna
> sistimna
> > > geus puguh mah geuning,
> > > aman-aman wae. di sumsel oge kabupaten muba nu
> aktif
> > > nga-akuisisi minyak,
> > > malah batubara tur listrik mah kerja samana
> jeung
> > > parusahaan ti china.
> > >
> > > lumpur "lapindo" oge dina panempo tukang geol
> mah
> > > kaasup kajadian "mud
> > > volcano", sabab disebut volcano mangka teu bisa
> > > dieureunkeun, saperti
> > > kajadian gunung bitu, nu hese ngeureunkeunna
> lamun
> > > geus kajadian. dina
> > > panempo ahli minyak, bisa dieureunkeun ku cara
> > > "relief well" alias nyieun
> > > sumur anyar di gigireunna, duka tah kumaha
> hasilna
> > > ... ngan geuning nepi ka
> > > kiwari, lumpurna angger keneh mudal.
> > >
> > > budhi
> > > kurono kopo 241
> >
> >
>
__________________________________________________________
> > Sponsored Link
> >
> 
=== message truncated ===


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

Kirim email ke