> bush, go to hell siah maneh!

Maca koran Media Indonesia kamari, kabeh fraksi DPRD Bogor kajaba 
FPD nolak datangna agan Bush cenah (Harr.. timarana wae, Boss? ).
Kuring ngabayangkeun, eta si Jos Bus teh nyungkun.
"Nya atuh ari ulah mah teu nanaon, keun kami mah rek ka Bali we. 
Lumayan, aya sesa voucher urut mang Thaksin,"ceuk si Bush bari 
gegetret.
 
Jadi inget dongeng babaturan di Garut. Ngahajakeun ngirim sangu 
jeung opor hayam tapi bari murukusunu.
 
"Bebengok dulur ti kota rek nganjang. Hanas boga hayam ukur hiji-
hijina ge dipeuncit kabeh. Pek teh bedo. Si kasebelan. Kop tah 
asaan. Itung-itung hajat meleg we. Hajatna jang didinya, melegna 
keur si atah adol." 
"Embung ah, di dieu mah tara ngadahar pamere ti nu nyungkun," ceng 
teh bari nampanan terus cacamuilan.
                                  +++
Ukur hayam hiji bisa jadi matak. Matak kaseglong ceuk urang Tarogong 
tea mah. 
Komo ieu, geus nyieun helipad, geus ngaruksak kebon raya jrrd. 
Mangkaning ceuk beja mah cenah bahrutengna teh sakitu miliyar.
Kateuteuari dibedokeun oge. Benerna mah lamun dek nolak, tolak sing 
saklek ti anggalna. 
Mun teu kitu, tarimakeun we ngaranna tatangga nganjang piraku 
disieuh-sieuh. Ngan, kumaha we ilaharna kasemahan. Teu kudu 
bebeakan, komo meakkeun bin megatkeun pakasaban rahayat leutik mah.

Ah, teuing ketang. Boro2 uing anu bodo, anggahota dewan yang 
terhurmat oge karak sadar ayeuna.

hatur nuhun,

teja

>>bush ka kolong bapa satar buleneng





Kirim email ke