Ass wr wb wa bil khusus Kang Edy Nugraha, umumna wargi Urang Sunda, dina 
bagbagan ibadah, ceuk ajengan saurna dibagi kana 4 tingkatan :
1. Syareat
Contona maca Al Qur'an, shalat, zakat, jrrd, elmuna sering disebut fiqih, dina 
maca Qur'an aya hukumna saperti tajwid, qiroat, jst, lamun muslim maca Qur'an 
sami sareng standar hukumna, tangtu sah eta maca Qur'an, kitu deui lamun 
shalat, geus ngalaksanakeun abdas, takbiratul ihram, nepi ka salam, jeung 
bacaan-na sasuai rukun shalat tangtu eta shalat-na sah, ceuk hukum sar'i, 
syareat, atawa fiqih, tapi dina fiqih eta teu dibahas, kumaha upami cai abdasna 
meunang maok, maca Qur'anna diselipan rasa ujub, riya,  komo takabur mah, 
syareat ieu wajib dilaksanakeun ku satiap muslim.
2. Tarekat
Dina asal basana tina kecap tariqoh, nyaeta jalan, pan dina basa sunda aya 
kecap tarekahan, nyaeta diakalan, dipikiran sangkan hasilna alus merenah tur 
nyugemakeun,  dina rukun shalat teu dibahas kumaha carana lamun shalat supados 
khusu, kumaha ngaleungitkeun ujub, riya, takabur, sum'ah, jrrd. Tug nepi kiwari 
sim kuring can manggihan (punten upami tes mendakan pang wartosnkeun), hiji 
ayat tina Al Qur'an, atawa hadits, kumaha cara-na ngaleungitkeun ujub, ria, 
takabur, ngan nu jelas mah loba ayat tina Qur'an atawa hadits nu nyaram kana 
ieu padamelan, kulantaran kitu seueur ajengan nu narekahan kumaha carana 
supados shalat khusu, leungitkeun ujub, ria, takabur, contona aya ajengan 
narekahan ku ngalobakeun zikir, dina zikirna oge aya loba cara, contona aya nu 
ngalobakeun zikir bada shalat, aya nu zikir bari ningali gunung, laut, 
tatangkalan jrrd, cindekna cara ieu make pangalaman pribadi nu dibejakeun ka nu 
sanes, dina ngajalankeun cara ieu ngalahirkeun loba aliran, saperti
 aliran tarekat qodiriyah, Naqsabandiyah, Satariyah, jrrd. Tah tatapa nu ku 
Kang Eddi Nugraha sebatkeun tiasa janten lebet kana jalan tarekat.
3. Marifat
Jalma nu geus ngajalankeun syareat, tarekat, tangtu bakalan nyaho, ngarasaan 
kana jalanna ibadah, saperti lamun ti Bogor ka Jakarta, manehna geus nepi ka 
Jakarta, tangtuna manehna bakalan terang jalan mana nu pangsaena sangkan bisa 
nepi ka Jakarta, tiasa jalan cibinong, parung, atawa tol, tur terang kana 
selah-selahna. Antawis Syareat jeung Tarekat mangrupikeun hiji rangkaian ibadah 
nu teu tiasa dipisah, ceuk ajeungan syareat teu make tarekat, mangrupi ibadah 
kosong nu teu ngarti naon maksud ibadah, ceuk nabi mah loba umat nu ngan 
ngarasaan lapar dina puasa, atanapi tunduh dina tarawih, Tarekah teu make 
syareat, jadina "SESAT", loba aliran kabatinan nu nyimpang tina ajaran Islam 
lantaran teu ngajalankeun hukum syareat, nu penting mah asal hate eling bae 
bari teu ngajalankeun syareat, nepi aya oge aliran nu mengpar tina ajaran islam 
nyieun ajaran sorangan bari nyebutkeun yen Islam teh agama-na urang arab.
4. Hakekat
Muslim nu geus ngajalankeun syareat, tarekat, jeung geus marifat ka Allah, dina 
sapopoe manehna bakalan uningan yen sagalarupi di dunia ieu hakekat-na Allah nu 
ngajalankeun,

Tah kumaha ayeuna urang geus nepi ka mana ?

wallahu alam

----- Original Message ----
From: Eddy Nugraha <[EMAIL PROTECTED]>
To: kisunda@yahoogroups.com; urangsunda@yahoogroups.com; 
baraya_sunda@yahoogroups.com
Sent: Thursday, November 16, 2006 8:25:58 AM
Subject: [Urang Sunda] TAPA: SUMANGET KAUM AHNAF KEUR JAYANA SUNDA (4)

IV

Naha bet karitu heula? 

Sakali deui eta para inovator, pelopor, inventor,
pembebas, tuturus, gunung pananggeuhan jalma rea
diluhur, saencan migawe tapa di nagara/di jalma loba
teh nyingkur heula. Saenggeus hasil karek turun deui
/asup deui/balik deui bari make eta hasil keur ngomean
jalma bangsana.

Nyatana nyingkurkeun maneh teh, bisa jadi, 

Hiji upaya pikeun ngaleupaskeun maneh (heula) tina
pangaruh nu geus aya di lingkungan alam masarakat
jeung saniskara nu biasa aya. Lamun geus aya di luar
sistem biasana leuwih gampang, eces, ningali naon-naon
alus/gorengna kajadian di jero sistem, leuwih gampang
mikiran sabab teu kagugulung ku sistem/pola pikir nu
aya sapopoe. 

Atawa,….
Kujalan ninggalkeun (heula) tina pangaruh nu sapopoe
aya, bisa leuwih khusu mikiran hiji hal sabab nyingkur
teu rea kaganggu.

Atawa,…

Kujalan ngaleupaskeun maneh (heula) tinu pangaruh nu
geus aya/diluar sistem paling henteu jadi boga tilikan
nu beda, nu lamun bari kapasihan hidayah ti nu murbeng
alam mah nya jadi boga ‘sulthonal nashira’ nu leuwih
bener jeung enya, leuwih kapake ku jalma rea, ngomean
dunya nanjeurkeun dangiang jaman.

Atawa,….

Kujalan ninggalkeun heula pangaruh nu sapopoe aya dinu
nyingkur, uteuk jeung jiwa na teu kabeungbeuratan
terus, memory bisa cukup deui teu beurat lir ibarat di
‘restart’. Ahirna jadi teu pakujut pikeun
narima/pagawean urusan lain.

Memeh leuwih jero neuleuman cara nyingkurkeun maneh 
kaum ahnaf ieu, kayaning kamana madep jeung naon bae
pacambalana, urang tengetan heula conto-conto
leutikna:

Saenyana kabiasaan nyingkurkeun maneh ti ‘jalma
rea/pikiran jamak’ nu jadi
’masyarakatna/ lingkunganana’ dina sawatara waktu teh
mangrupakeun hiji kabutuh jeung kabiasaan jalma modern
dina kahirupan sapopoe. 

(1) Sakabeh jalma ayeuna aya dina rutinitas pagawean
sapopoe. Supaya bisa terus kuat jeung sehat teh dibere
waktu libur ninggalkeun pagaweanana. Poe libur
‘kaluar/nyingkur’ ti ‘masyarakatna/ pagaweanana’ 
supaya bisa ‘rest’ jeung ‘refresh’, nu ku kitu teh
lamun bener migawena kakuatan tur kasehatan jeung
sumanget na ningkat atawa paling henteu timbul deui.
Nu teu bener ‘nyingkurna’ tina ‘suasana pagawean’ dina
poe sabtu/mingu, senenna sok masih cararape haroream
gawe kongas aya omongan “I hate Monday”. 
(2) Ayeuna, keur urang kantor loba program ‘outbond’.
Ieu dilakukeun pikeun diantarana ningkatkeun gawe
bareng, refreshing jeung ngalatih kaahlian mutus
pasualana dina waktu nu samporet. Outbond ieu nyaeta
tea ninggalkeun rutinitasna biasa di kantor sawatara
waktu nyungsi ka tempat lain nu beda kayaning
pileuweungan/ pagunungan. Lamun bener program jeung
ngiluanana dina balikna teh kabukti aya hasilna 
ningkatkeun kamampuh pagawe di lingkungan tempat
gawena engke. 
(3) Dilingkungan kampus, di luar nagri para lecturers
sok dibere waktu ninggalkeun ‘kampusna’
(masarakatna) /’sabbatical live’ sawatara waktu. Supaya
dina balikna deui teh aya karyana nu bisa ‘publish’
sabab lamun henteu diputus ‘perish’. Kitu teh sabab
kapanggih kunu palinter yen dimana dibere waktu
sabbatical ti lingkungan rutinitasna kamampuh
‘inner’na bisa ‘optimal’ jeung leuwih produktif dina
ideu timanan terus ngagugulung jeung kagugulung
‘urusan’ di lingkunganana. 

Tapi naon bedana cara nyingkurna “Kaum Ahnaf” ??

Urang teraskeun upami pareng.

____________ _________ _________ _________ _________ _________ _
Sponsored Link

Mortgage rates near 39yr lows. 
$420k for $1,399/mo. Calculate new payment! 
www.LowerMyBills. com/lre




 
____________________________________________________________________________________
Sponsored Link

Mortgage rates near 39yr lows. 
$420k for $1,399/mo. Calculate new payment! 
www.LowerMyBills.com/lre

Kirim email ke