ass.wr..wb...

nambihan kang gun...

ari inti2na mah supados teu aya ujub,riya,takabur,sum'ah,jrrd
memang kedah diminimalisir...aya jalana/ditarekahan...teras
supados jalan pan kedah aya barang/alatna...boh misalna urang
bade mapah nganggo sampeyan tataranjan, bade nganggo sendal,
nganggo sapedah, nganggo motor, nganggo mobil, jsjb.
intina kedah aya alatna...barangna tea...
dzikir...eling...emut...itu memang salahsawios alatna...
ari dzikir maksad tungtung2na mah nga-nafikeun anu salain Allah...
nga-isbatkeun Allah...
timbul patarosan...dzikirna naon, kumaha ngadzikirna...
anu jelas mah dzikir mah saseueur2na...teu kahalangan nanaon,nuju
naon...
ari sifat2 ujub,ria,takabur,jrrd...ieu anu ngotoran hate...puser
tempatna cahaya dzikir dina satangtung awak...
anu mancing2na tina akal...pan dina hadits qudsi oge nyarioskeun
kisah akal sareng hate...akal mah rada meureukeudeuweung...
rada sesah tunduk ka Pangeranana...(pami teu leupat).
eta mah da timbulna kajahiliyahan teh di dinya...
akhirna akal mangaruhan hate...patih mangaruhan raja...
gajah mada hayang ngontrol hayam wuruk...
margi timbul sifat2 jahiliyah urang...

ti dinya urang padungdeng atuh...
kudu kumaaaahaaaaa attttttttttuuuuuuuhhhh ieeeeeuuuuu.....teeehh...!!!
dug weh...di tengah leuweung urang teh niis...atawa lumpat ka guha...
daripada lieurrr waeeee...perang didinya teh...bathin anu tos 
tunduk,akal anu
meureukedeuweung keneh...
tafakur weh...ngan bahasana aya khalwat, ujlah,...ari prakna mah tafakur 
tea...
aya tafakur... aya nafakuran...
ari nafakuran mah tos aya tipayun anu bade ditafakuranana...proses 
berpikir anu seueurna..
ari tafakur mah teu acan aya...margi kawitna penyerahan diri total tina 
fikiran2, kaayaan
jahiliyah tadi...atanapi tina sagal reureugeud anu ngarandap ka urang...
nganetralisir , nga-enol-keun fikiran...malah mandar kenging pituduh 
suci tinu Maha Suci.

tah...prak prakan ieu teh atos aya ti jaman buhun kapungkur, boh kaum 
ahnaf oge sepuh2/karuhun
urang kapungkur...tong jauh2 weh...tokoh Eyang Prabu Siliwangi karesepna 
sapertos kitu...
namina ge hampir2 sami wae...TAPA....ah...boa2 dipondokan tina TAPAKUR 
oge...da prak2na mah
sareng maksadna sami2 wae...
mangpaatna oge geuning...katingal aya persamaan jaman Baginda SAW sareng 
jaman Prabu Siliwangi
nyaeta...kahiji sareng nu utamina...Ngajadikeun Manusa anu luhung 
(maung)ka dirina...
janten manusa pilihan weh judulna mah...seuseurna memang kan utusan2 
khusus Allah teh anu
ngalakonan ieu...atuh oge ka sasamina janten langkung sae...anu mingpin 
nagara atuh tiasa ngadegkeun
nagara anu gemah ripah loh jenawih...rakyat tentram, sejahtera...
mingpin nagara nu naraga na tiasa...oge kaituna mingpin nagara oge 
berhasil...
jaman emas weh pokona...

malah mah kadang2 aya gerentes2 ka sim kuring...boa2 Prabu Siliwangi oge 
Nabiullah anu di utus
di tatar urang...da syarat2na aya di anjeuna...

Ari hukumna TAPA...teu haram2 acan saur pamendak sim kuring 
mah...malahan kedah...
dina syareat oge saurna...tafakur sakeudap .... sajam weh...langkung sae 
ti...ibadah sarebu tahun...
mun...teu leupat...meureun anu ibadahna "kosong" sapertos tadi kang gun 
mah teu "ngeusi" tea
meureun nya...

keur solat oge kadang2 inget motor, mobil can dikonci...kadang2 inget 
padamelan...kadang2 kakesel
ka batur sok kabawa2 dina pikiran urang teh...kadang inget "tadi urang 
hebat euy bisa kitu..."
jadina dina solat teh ngadamel "carita" deui...atanapi neruskeun...jadi 
akal urang mah jarang
nyembah ka gusti teh...malah kadang2 diri urang teh kabawakeun 
oge...jadi nyembah naon atuh
urang teh...?...keur hirup 24 jam...sapoena...solat ngan saukur 5 
waktu...babad rata weh...15 menit
tiap waktu...ngan saukur 75 menit...bari jeung duka teuing sesembah 
kamana2na...
malah mah kisah Iman Ghazali ra. dugikeun ka liren solat 10 thn (upami 
teu lepat) gara2 nuju solat
kagambar/kabayang larangan istri..."naha uing teh mun kitu mah nyembah 
m.....k atuh...!!!"
nyingkur weh di tower masjid teu kaluar-kaluar...

kumaha atuh...nya kitu tea weh......hehe2...sami abdi oge...da kapungkur 
ngaos buku2 supados
sholat khusyuk, jsjb...intina mah ngan saukur..."cepat kembalikan 
lagi"....jiga langlayangan
weh...betotan deui....betotan deui...
rek iraha netepna nya?...
jigana mah kudu loba tapa meureun nya kang gun?...
anu jelas mah anu muncul dina fikiran (produk akal) teh memang dugikeun 
ka maot oge moal tiasa
dileungitkeun...eta mah netep...ngan jadi riweuh urang...
urang ge rek neteupan jadi hese...teu netep...netep...
ayeuna mah...geura pilarian alatna weh ka dulur2 sadayana...anu atos mah 
nuhun...ngiring bingah.
anu teu acan...mangga geura pilarian...

sambil berjalan...paling oge ku urang teh diajakan sumujud,diajak ibadah 
ku cara halus...
da akal ge makhlukNa keneh...sok geura ajakan ku urang ngiring solat, 
ngiring sumujud...
kubahasa urang na lebet diri urang weh...
lajeung, urang teh diajar ngeusian diri ku eling/emut/dikir...terus2an, 
da ieu poko ibadah2.

sanajan elingna nu tos marifat benten sareng anu teu acan...
ari anu tos marifat mah....asli eling/emut/inget...da geus nganyahokeun 
kudu inget ka saha...
saur kang gun mah...da geus ka jakarta...jadi apal jalan ka 
jakartana(tarekah), apal gerbang2na
jakarta, aya naon sakuriling jakarta, aya naon di leubeut jakarta, 
tengah2na jakarta teh kumaha...
tos apal...
ari anu teu acan mah...panginten...apal weh saur katerangan 
kieu...kieu...ciri2na jakarta mah kieu...
kitu...aya gerbangna...ngan sok sieu teh aya gerbang oge di tempat anu 
sanes anu mirip atanapi sami
tapi lain Jakarta...disebutkeun weh....geus nepi Jakarat 
euyyy....padahal di Surabaya misalna...
apal kanu sipat anu 20, sifat2 anu wajib sareng batalna Allah, asmaul 
husna,jrrd...
terang saurna jakarta teh aya jakarta timur,barat,selatan,utara....aya 
monas, aya dufan, bunderan
HI, aya BEJ, oge aya Istana Nagara...
tapi can pernah kaditu...berarti can nganyahokeun...

kana TAPA deui...
mun teu tiasa TAPA sapertos kitu, nyepi, niis ka hiji patempatan...
urang diajar  nyepi dinu rame weh...nyumput buni dinu caang weh...
dinu kasibukan aya nu sibuk...
tempatna : bade di guha, di leuweung, di masjid....aya2 keneh di urang...

guha anu poek dilinggihan kanggo tafakur mah...jadi caang...

leuweung anu amer, anu bala...ari aya nu ngeusi mah moal amer, moal 
bala...babadan heula
balukarna...sasatoan anu garalak dileubeutna ditalukeun heula weh...

panggihkeun "tempat" sujud, solat (masjid "urang") anu teu meunang pisan 
dikosongkeun ...
sabab tara aya / liar wae ti masjid "urang" mah...sanajan ka mesjid 
bungkeuleukna mindeng oge
teu ngajamin kaluar ti masjid bungkeuleuk eta bakal jadi soleh, bakal 
netep kalakuan paripolahna...

ka sadayana...hapunten...paralun ampun..tabe pun ka para pupuhu di deui...
sim kuring kumaha 
wantun....un..........un..........un..........un.....nuuun...
....Alif.....Lam.......Ra.....mim.......nuuuun...


hatur salam,
sampurasuun nuunnn...

JA.

Gunawan Yusuf wrote:

> wallahu alam
> ----- Original Message ----
> From: Eddy Nugraha <[EMAIL PROTECTED]>
> To: kisunda@yahoogroups.com; urangsunda@yahoogroups.com; 
> baraya_sunda@yahoogroups.com
> Sent: Thursday, November 16, 2006 8:25:58 AM
> Subject: [Urang Sunda] TAPA: SUMANGET KAUM AHNAF KEUR JAYANA SUNDA (4)
>
> IV
>
> Naha bet karitu heula?
>
> Sakali deui eta para inovator, pelopor, inventor,
> pembebas, tuturus, gunung pananggeuhan jalma rea
> diluhur, saencan migawe tapa di nagara/di jalma loba
> teh nyingkur heula. Saenggeus hasil karek turun deui
> /asup deui/balik deui bari make eta hasil keur ngomean
> jalma bangsana.
>
> Nyatana nyingkurkeun maneh teh, bisa jadi,
>
> Hiji upaya pikeun ngaleupaskeun maneh (heula) tina
> pangaruh nu geus aya di lingkungan alam masarakat
> jeung saniskara nu biasa aya. Lamun geus aya di luar
> sistem biasana leuwih gampang, eces, ningali naon-naon
> alus/gorengna kajadian di jero sistem, leuwih gampang
> mikiran sabab teu kagugulung ku sistem/pola pikir nu
> aya sapopoe.
>
> Atawa,….
> Kujalan ninggalkeun (heula) tina pangaruh nu sapopoe
> aya, bisa leuwih khusu mikiran hiji hal sabab nyingkur
> teu rea kaganggu.
>
> Atawa,…
>
> Kujalan ngaleupaskeun maneh (heula) tinu pangaruh nu
> geus aya/diluar sistem paling henteu jadi boga tilikan
> nu beda, nu lamun bari kapasihan hidayah ti nu murbeng
> alam mah nya jadi boga ‘sulthonal nashira’ nu leuwih
> bener jeung enya, leuwih kapake ku jalma rea, ngomean
> dunya nanjeurkeun dangiang jaman.
>
> Atawa,….
>
> Kujalan ninggalkeun heula pangaruh nu sapopoe aya dinu
> nyingkur, uteuk jeung jiwa na teu kabeungbeuratan
> terus, memory bisa cukup deui teu beurat lir ibarat di
> ‘restart’. Ahirna jadi teu pakujut pikeun
> narima/pagawean urusan lain.
>
> Memeh leuwih jero neuleuman cara nyingkurkeun maneh
> kaum ahnaf ieu, kayaning kamana madep jeung naon bae
> pacambalana, urang tengetan heula conto-conto
> leutikna:
>
> Saenyana kabiasaan nyingkurkeun maneh ti ‘jalma
> rea/pikiran jamak’ nu jadi
> ’masyarakatna/ lingkunganana’ dina sawatara waktu teh
> mangrupakeun hiji kabutuh jeung kabiasaan jalma modern
> dina kahirupan sapopoe.
>
> (1) Sakabeh jalma ayeuna aya dina rutinitas pagawean
> sapopoe. Supaya bisa terus kuat jeung sehat teh dibere
> waktu libur ninggalkeun pagaweanana. Poe libur
> ‘kaluar/nyingkur’ ti ‘masyarakatna/ pagaweanana’
> supaya bisa ‘rest’ jeung ‘refresh’, nu ku kitu teh
> lamun bener migawena kakuatan tur kasehatan jeung
> sumanget na ningkat atawa paling henteu timbul deui.
> Nu teu bener ‘nyingkurna’ tina ‘suasana pagawean’ dina
> poe sabtu/mingu, senenna sok masih cararape haroream
> gawe kongas aya omongan “I hate Monday”.
> (2) Ayeuna, keur urang kantor loba program ‘outbond’.
> Ieu dilakukeun pikeun diantarana ningkatkeun gawe
> bareng, refreshing jeung ngalatih kaahlian mutus
> pasualana dina waktu nu samporet. Outbond ieu nyaeta
> tea ninggalkeun rutinitasna biasa di kantor sawatara
> waktu nyungsi ka tempat lain nu beda kayaning
> pileuweungan/ pagunungan. Lamun bener program jeung
> ngiluanana dina balikna teh kabukti aya hasilna
> ningkatkeun kamampuh pagawe di lingkungan tempat
> gawena engke.
> (3) Dilingkungan kampus, di luar nagri para lecturers
> sok dibere waktu ninggalkeun ‘kampusna’
> (masarakatna) /’sabbatical live’ sawatara waktu. Supaya
> dina balikna deui teh aya karyana nu bisa ‘publish’
> sabab lamun henteu diputus ‘perish’. Kitu teh sabab
> kapanggih kunu palinter yen dimana dibere waktu
> sabbatical ti lingkungan rutinitasna kamampuh
> ‘inner’na bisa ‘optimal’ jeung leuwih produktif dina
> ideu timanan terus ngagugulung jeung kagugulung
> ‘urusan’ di lingkunganana.
>
> Tapi naon bedana cara nyingkurna “Kaum Ahnaf” ??
>
> Urang teraskeun upami pareng.
>
> ____________ _________ _________ _________ _________ _________ _
> Sponsored Link
>
> Mortgage rates near 39yr lows.
> $420k for $1,399/mo. Calculate new payment!
> www.LowerMyBills. com/lre
>
>
>
> .
>
>   




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Reply via email to