--- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, "Rahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Tulisan meunang Kang Tata...meunang mulung tina MP. RH


Basa Sunda Tereh Tumpur?        Nov 23, '06 5:24 PM

Ngajawab ieu patalekan sabenerna enteng bangga. Enteng, da memang
tinggal ngajawab. Naon hesena ngajawab? Tapi oge bangga sabab lamun
hayang ngajawab kalawan bener tangtu kudu dirojong ku rupa-rupa 
alesan
nu ngarojong jawaban urang. Jadi? Ah kuring mah moal ngajawab, rumasa
kurang elmuna. Keun eta mah bagean para ahli anu memang rubak 
bekelna.
 
Kahariwang yen basa Sunda bakal tumpur memang asup akal, lamun urang
nengetan basa Sunda nu dipake ku sabagian gede kalangan nonoman 
Sunda.
Basa nu dipake geus pabaliut jeung basa deungeun atawa basa sejen,
utamana basa Indonesia 'jakartaan'.
 
"Aduh, nggak mau maneeehh.." (pemeo temporer taun 90-an, euweuh
hartina iwal ti nembongkeun kagumbiraan. Contona: wanoja panggih 
jeung
jajaka kasep, terus nyarita ka baturna papada wanoja, "Aduuh, nggak
mau maneh.. na eta mah mani kasep-kasep teuing nya?")
"Urang mah mun ngobrol jeung si eta pasti keketawaan.." (maksudna:
seuseurian)
"Bapa urang ge bangga urang bisa rengking hiji.." (maksudna: reueus)
"Besok meunang teu urang maen ka rumah?" (maen dina basa Sunda 
hartina
ngadu, judi. Padahal di dieu tangtuna ge maksudna ulin).
 
Loba keneh sabenerna kalimah-kalimah anu direumbeuy ku basa 
Indonesia,
nu hartina baris jadi nyaliwang lamun urang pengkuh nyekel kana
tetekon kana basa Sunda anu 'bener'. Sanajan kitu, kadang-kadang
kuring sok mikir sorangan. Basa teh pan diciptakeunana pikeun
komunikasi anu tujuanana sangkan nu ngobrol jeung nu diajak ngobrol
papada ngarti kana naon anu diobrolkeun atawa anu jadi jejer obrolan.
Lamun nilik kana tujuanana, atuh meureun teu salah sapanjang nu
ngobrol make basa Sunda campur aduk teh papada ngarti, da tadi ge
tujuanana teh nya komunikasi tea. Nyambung, mun cek barudak ayeuna 
mah.
 
Nya ieu pisan anu kadang-kadang nu ngondang pebentar paham teh. Cek
kaum 'konvensional', komunikasi teh lain saukur papada ngarti, tapi
oge kudu bener, boh kekecapanana, boh undak usukna. Cek kaum
'moderat', keun we rada teu bener oge, nu penting mah daek keneh
ngagunakeun basa Sunda, tinimbang lapur pisan. Malah cek nu
'revolusioner' mah, rek ngobrol make basa naon ge nu penting mah
nyambung, papada ngarti, na make kudu riweuh sagala?
 
Sababaraha pamanggih nu disebut di luhur nepi ka ayeuna masih terus
dipadungdengkeun. Ngan keur sakuringeun, idealna mah nonoman atawa
generasi ngora angger kudu apal tur ngarti mana basa Sunda 
nu 'bener',
sabab ieu teh modal nu kacida gedena. Cenah eta dina waktu ngobrol
jeung babaturanana make basa Sunda 'teu bener', keun we teu nanaon, 
nu
penting manehna nyaho kumaha basa Sunda nu sakuduna. Mun teu kitu,
tangtu baris aya 'gap' anu beuki anggang antara generasi 'kolot' 
jeung
generasi ngora, da masing-masing boga 'basa sorangan' tea.
 
Carana? Nya kudu aya komunikasi antara kolot jeung budak tea. Lengkah
awal nu kacida utamana, euweuh deui iwal ti ngatik tur ngajak barudak
di imah sewang-sewangan sangkan wawuh kana basana sorangan. Ulah
ngarasa reueus mun anak urang - nu indung bapana pituin urang Sunda -
palahak polohok teu ngarti basa Sunda.
 
Anu kadua, mun budak salah ngomong basa Sunda, ulah diseukseukan.
Anggur deukeutan, terus perenahkeun kumaha kuduna. Lamun dicarekan,
tibatan jadi bener, budak kalahka tinggar kalongeun. Tungtungna kalah
hoream nyarita ku basa Sunda, sabab sieun dicarekan tea. Lapur weh 
mun
geus kieu mah.
 
Kadang-kadang sok loba dongeng pikaseurieun mun pangangguran nengetan
basa Sunda barudak jaman kiwari. Di handap ieu aya sababaraha dongeng
nu dicutat tina pangalaman guru basa Sunda di SD.
 
Soal Basa Sunda
Teruskeun kalimah-kalimah di handap ieu ku hidep.

Soal  : Ibu tuang, abdi ....
Jawab : hoyong.
Soal  : Bapa angkat, abdi ....
Jawab : ngiring.
Soal  : Ulah sok huhujanan bisi ....
Jawab : diteunggeul.
Soal  : Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi ....
Jawab : tarik.
Soal  : Nini kulem, abdi ....
Jawab : oge.
 
Nu ieu mah soal basa Indonesia, dijawab ku budak anu 'nyunda' pisan.

Soal  : Pencuri itu lari tunggang ......
Jawab : tonggeng.
 
Keur mimiti ngadenge dongeng-dongeng tadi, kuring ngagakgak. Tapi
lila-lila kalah ngahuleng. Enya kitu basa Sunda teh tereh tumpur?
Tetela, ieu teh pikiraneun urang sarerea.

--- End forwarded message ---



Kirim email ke