--- Budhi Setiawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> kuring mah lain teu resep kanu gratisan teh, ngan leuwih resep deui kanu
> adil.
> sakola gratis lain teu hebat, ngan lamun nu asup sakola ka dinya anak
> direktur BUMN upamana, nu gajina sabulan leuwih ti saratus juta, ceuk
> kuring
> mah asa teu adil. meureun hadena mah bayaran sakola teh ditempo tina
> pangasilan kolotna, asa wajar mun anakna pa direktur mayar SPP 5 juta
> upamana, ari keur pantaran kuring mah cukup we 25 rebu oge...
> 
> aya kitu sakola model kitu nya ?

aya, asana mah. mun teu salah sakola-sakola sawasta karesten, model
manajemenna jiga kitu. waragad sakola budak teh disaluyukeun jeung
kamampuan kolotna. carana, nalika budak daftar sakola, kolotna budak teh
kudu datang ka sakola, diajak badami, sanggup sabaraha cenah pikeun
ngawaragadan sakola budak teh. kucara jiga kieu, meureun bisa aya subsidi
silang tea. jadi, najan sakolana favorit alias mahal, baris kabedag oge ku
nu kurang mampu. 

apal aya nu jiga kitu teh, pedah uing boga balad, si engkoh. manehna
gawena di padepokan kang rahmat, di depok. hiji waktu, uing jangjian rek
panggih jeung si eta, di kantorna. didagoan teu jebul-jebul. barang
manehna anjog, ku uing ditanya, "timana heula euy, karek ngurumuy,
ditungguan ti tatadi?" tas ngurus daftar budak sakola cenah. nalika ku
uing ditalek, tah jawabanana teh jiga nu di luhur tea.

salam,
mh


___ _           _ _     ___ ____ ___/ __| |_ _  _ __| (_)___| __|__  / _ \\__ \ 
 _| || / _` | / _ \__ \ / /\_, /|___/\__|\_,_\__,_|_\___/___//_/  /_/

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

Kirim email ke