Kieu Geulis,
(ngabales bongan kuring disebut kasep)
punten kuring mairan deui, nu diselapkeun dina seratan Teh Ely 

> Kieu kasep,
> 
> 1. Tidak setuju poligami itu menjadi salah karena konteknya 
> melawan ketentuan Allah, kalau tidak mau poligami itu menjadi 
> benar karena haknya dialah memilih tak poligami. Kata "tidak 
> setuju" dan kata "tidak mau"  itu jauh berbeda dan berakibat hukum 
> berbeda.
> 
> 2. Budak belian itu  halal digauli syaratnya "dinikahi", karena di 
> islam tidak boleh hubungan seks pra nikah.  Lihat lagi riwayat 
> Ismail yang menurunkan Rasullullah, siapakah ibunya ?

WALUYA: Sababaraha kali kuring posting yen Poligami teh halal, salah 
sahijina waleran ka Kang Apri, punten diilo tah postingan kuring, 
jadi kuring oge teu ngaharamkeun. Tapi kudu diemut polygami teh 
sanes monopoli Islam wae : Hindu, Budha, Kristen (Mormon) jrrd oge 
ngameunangkeun. Komo suku primitif mah siga di kajeroan Papua, 
kapala sukuna bisa boga pamajikan puluhan urang. Islam narima sistem 
poligami ieu nu geus aya ti baheulana, tapi diatur.   

Stop heula soal poligami, ayeuna perbudakan. Perbudakan geus aya ti 
baheulana, ti samemeh Islam aya. Islam teu ngalarang perbudakan tapi 
ngatur supaya manusiawi ( upami ngalarang, punten tunjukkeun ka 
kuring, dalil-dalil nu ngalarang perbudakan). Perbudakan teu mungkin 
di pupus di jaman Kangjeng Nabi sabab pakait jeung sosial-ekonomi 
masyarakat. Perbudakan kakara bisa dipupus sanggeus manusa NIMUKEUN 
MESIN, jadi teu butuh tanaga budak-belian. Di dunya Islam sorangan, 
perbudakan resmi (keur ngabedakeun ti prostitusi, trafiking) tepi ka 
taun 1962 masih aya di Arab Saudi jeung di Mauratania. Arab Saudi 
kakara ngalarang perbudakan sanggeus diteken ku Presiden Kenedy.

Ayeuna, urang (kuring, Teh Ely jeung baraya sadayana) yakin Islam 
teh anti perbudakan. Kayakinan ieu JELAS sanes tina dalil-dalil, da 
teu aya nu teges-teges ngalarang, tapi dina spirit/ sumanget Islam 
nu memener perbudakan supaya leuwih manusiawi.

Poligami oge ditarima ku Islam, terus diatur supaya ulah 
kaleuleuwihi sabab poligami saencanna Islam lahir langkung teu 
bener, contona: teu diwatesan, teu adil jrrd. Tah ari kitu mah, ceuk 
pamikiran kuring, sabenerna mah spirit Islam teh leuwih condong kana 
Monogamy, tinimbang kana poligami, saperti perbudakan nu spiritna 
mah anti kana perbudakan.

Tos sakitu, meunang henteu sih, kuring mikir?

Hatur nuhun.

Baktos,
WALUYA
 

Kirim email ke