Ari musium nu ngahususkeun mah raraosan teh teu acan aya, cobian we ameng ka Musium Sribaduga di Tegalega Bandung, asana mah aya sakedik. Bukuna aya, judulna Peperenian, aya gambarna, kenging Ahmad Hadi/Geger Sunten/ citakan ka 15 taun 2005/kandelna 225 kaca. Pangaos antawis 20-25 rebu (sing pinter nawis we) Gambarna sanes wangun foto, tapi kenging ngagambar manual. Ieu buku eusina kalintang euyeub, ti ngawitan ngaran anak sasatoan, kekembangan, patukangan,wangunan, pakakas jste.
MSas ----- Original Message ----- From: Patwa Nugraha To: urang sunda Sent: Tuesday, December 05, 2006 10:27 AM Subject: [Urang Sunda] tumaros perkawis pakakas tradisional sunda Punten baraya.. manawi aya nu terang musium perkawis pakakas tradisional sunda (tikawit pakakas nu di pawon dugika kanggo di kebon) ? boboko, aseupan, seeng, dulang, siwur, hihid, pangarih.. jsb.. bubu.., kecrik, badodon, jsb.. waluku, garu, jsb.. bedog, kaneron, enong, rancatan, jsb.. ....jsb.. jsb ? atanapi buku-buku / literatur ngenaan pakakas tradisional sunda + gambar-gambarna..? abdi rumaos inngis kubisi rempang ku sugan bilih dina hiji waktos ditaros ku nu janten alo atanapi anak incu teu tiasa ngawaler naon-naon wae sareng nu kumaha wae ari pakakas sunda teh... hatur nuhun sateuacanna ge ! baktos, wawa

