memang upama nitenan kahirupan di lembur, sok sering kawenehan nyaksian
fenomena alam anu tacan tiasa dijelaskeun ku pangaweruh nu aya. pikeun
ngajelaskeun nu sarupa kitu, nu tacan kaberik ku pangaweruh nu aya, keur
saheulaanan biasana sok dikelompokeun kana naon nu disebut jurig tea. Rada
hanjakal memang, lingkungan mangsa harita tacan nepi ka bisa nganteur rasa
kapanasaran, anu bisa numuwuhkeun kabiasaan tetelepek jiga mc giver. keur
neangan jawaban kana pasualan nu pelik, sok sering dipungkas ku jurig
atawa hantu. nu antukna nu mucunghul teh lain ukur loba ku kasieun. upama
tea mah kabiasaan tetelepek bisa tumuwuh teu kahalangan ku rasa kasieun,
bisa jadi  caritana sejen deui.

sim kuring pribadi, kungsi oge nyaksian kana hiji fenomena alam nu jiga
hantu lauk emas tea. ngan bae nu katangen teh rada beda. laian mangrupa
lauk emas, tapi mangrupa mahluk nu jiga oray, ngagebur ngalayang
saluhureun tangkal kalapa. ku urang embur mah sok disebut hantu oray
cenah. harita teh, katangenna mangsa caang bulan, nalika ngadon ulin
diburuan.

salam,
mh

--- Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Wallahu alam ...tiasa janten...mung kanggo nyingsieuna budak.
>   Namung aya hiji deui yeuh, ieu mah estu kaalam ku sim abdi kalayan teu
> nambut panon.
>   Mung hilap deui taunna, duka nuju kelas 5/6 SR atanapi kelas 1 SMP,
> emut teh usum katiga wanci magrib, kumargi nuju usum katiga, cai
> wahangan Cisadea teh ngorotan, janten jalmi-jalmi anu bade abdas/wudhu
> teh katarengah wahangan.
>   Duka saha anu ngawitanana : "Hantu.., hantu...!!", cenah.
>   barang cengkat (da nuju wudhu..), dipalih girang di luhureun wahangan
> kinten-kinten 100 meteran tina luhureun wahangan, aya cahaya ngagebur,
> ditenget-tenget bentukna sapertos
>   lauk emas kumpay (lauk emas koki), persis lauk emas kumpay ngageboy
> majeng ti wetan ka kulon......., dugi ka lesna teu katinggal aya
> panginten 10 menitan, da sadaya nu wudhu di wahangan naringgal.
>   Mahluk naon upami nukitu...??
>    
>   ssw
>   Daerah abdi anu disebat hantu teh = jurig mangrupi lauk emas.
> 
> mh [EMAIL PROTECTED]
>           numutkeun beja tina kamus mah, 'aul' sareng 'lulun samak' teh
> cenah sato
> imajinatif dina dongeng. 'lulun samak' di garut mah katelahna 'leled
> samak'. sok dipake nyingsieunan budak upama resep ngojay kamalinaan. 
> 
> upama ninggal kadinya, geuning daya imajinasi karuhun baheula teh teu
> eleh
> ku jepang. aya 'aul', 'leled samak', 'nini anteh', jeung sajabana. eta
> kabeh mahluk aheng di jamanna. ngan hanjakalna nepi ka kiwari jigana
> urang
> teu bisa ngabungkus hasil imajinasi warisan teh nepi ka jadi barang
> dagangan nu laku di jual. padahal upama noong filem-filem imaji jepang,
> jiga 'satria waja hideung', tokoh-tokoh gelona geuning katoongna hasil
> ngamekarkeun imajinasi rupa simeut diraksasakeun. hahaha.
> 
> salam,
> mh
> 
> 
>       Recent Activity
>     
>       19
>   New Members
>   
>       1
>   New Files
> 
> Visit Your Group 
>   SPONSORED LINKS
>       
>    Culture change  
>    Corporate culture  
>    Cell culture  
>    Organization culture  
>    Tissue culture
> 
>       Need traffic?
>   Drive customers
>   With search ads
>   on Yahoo!
> 
>     Yahoo! Mail
>   Next gen email?
>   Try the all-new
>   Yahoo! Mail Beta.
> 
>     Y! Messenger
>   Instant smiles
>   Share photos while
>   you IM friends.
> 
> 
> 
>   .
> 
>  
>          
> 
> 
> http://cikundul3.multiply.com
>   Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
>   Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda
> 


___ _           _ _     ___ ____ ___/ __| |_ _  _ __| (_)___| __|__  / _ \\__ \ 
 _| || / _` | / _ \__ \ / /\_, /|___/\__|\_,_\__,_|_\___/___//_/  /_/

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

Kirim email ke