Cucunguk geus aya di Dunya ratusan juta taun katukang. Fosil 
cucunguk kapanggih dina batu-batu anu umurna geus kolot pisan. 
Cucunguk, salah sahiji mahluk anu sukses, teu punah jeung bentukna 
teu robah. Cucunguk fosil jeung cucunguk nu hirup di jaman ayeuna, 
bentukna sarua, ngan cucunguk fosil, ukuranana leuwih gede. Cucunguk 
aya dimana-mana, nu nunjukkeun daya adaptasina kana lingkungan anu 
robah jeung beda-beda.

Manusa kakara aya jutaan taun katukang, malah manusa modern (Homo 
Sapiens) leuwih ngora deui. Kabudayaan manusa nu mimiti kaguar, 
paling oge kakara 10 rewu taun katukang. Manusa ngagalaksak pisan. 
Contona minyak bumi, nu proses jadina jutaaan taun, beak ukur ku 
waktu 200-300 taun. Kitu deui barang nu sejenna. Sigana lila-lila 
manusa bakal punah. Dunya engkena bakal dikawasa ku wangsa Cucunguk, 
sabab wangsa cucunguk geus kabuktian tetep eksis (aya) ti ratusan 
juta taun katukang keneh.

Bravo ... cucunguk!

Baktos,
WALUYA


-- In urangsunda@yahoogroups.com, "totong usman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>


Kirim email ke