Abdimah  hawatos pisan ka teh ika mardiah ngupingna oge, meuni kedah
didamel dugi ka kitu, na naon atuh anu dipilarian teh, sareng palay kenging
sabaraha atuh penghasilan teh dugi ka kitu.

Teh elly, kuring ge kapeung-kapeung mindeng siga kitu (lieur pan, ongkoh
kapeung ongkoh mindeng). Idealismeu gawe jeung pengkuh kana komitmen
propesional, pikeun sawatara jalma TIDAK BERBANDING LURUS DENGAN
PENGHASILAN. Dina masalah gawe. duit pikeun kuring mah ukur nomer dua. Naha?
Ah, hayang nyobaan we nyieun deret hitung anyar nu dimimitian ku angka 2.
haha....

>>Nu saleresnamah didamelmah kedah efisien atuh, keluar energi/tenaga
sesedikit mungkin dan penghasilan sebesar mungkin.

Mun takeranana siga kitu, dagang duit palsu atw narkoba pasti paling
episien. Ngan pedah matak sepor jantung teu eureun2 jaba bale watangan
ngadagoan. heuheu..

Janten sisa waktunya tiasa dianggo ibadah ruhiah, ngasuh putra/putri,
menghadiri majelistaqlim, ngawuruk ngaji di TKA dengan dasar fisabililah
(tanpa bayaran), atuh oge sanes kanten hobi nu nyandak kaarah barokah tiasa
kalaksanakeun, malih tiasa piknik melihat dunia luar, supados teu kurung
batok.

Kungsi ngadenge ti mang Imad, ngalakonan propesi teh kaasup kana pardu
kipayah. Coba mun di hiji nagri teu aya nu daekeun jadi dokter, jadi soldadu
atw jadi PNS bakal kumaha jadina? Lian ti kitu, kuring kaasup nu yakin yen
digawe teh kaasup ibadah. Komo lamun dimimitian ku niat hade, prak dilakonan
sahade2na oge hasilna dipake kalawan hade. Pan aya cenah nu
masantren/ngaji/ibadah teu eureun2, tapi ganjarana dibikeun ka anu
tibeberegeg digawe pikeun ngabayuan eta ki santri?
Perkara hobi/piknik? Kuring mah kabeneran resepna kana dugem. Sok rek ngajak
pakuat2 nepi ka sabaraha janari jeung kuring? Energi ieu, rumasa can bisa
kasalurkeun kana ibadah ruhiah. Rumasa pisan dina perkara ieu mah. "O MY
LORD, PLEASE FORGIVE ME,"ceuk kang MGT.

Eh naha bet jadi culangung mangjawabkeun teh Ika. Punten nya teh Ika, da
bageur (sigana).

baktos
-teja-
lain PNS

Kirim email ke