Hatur nuhun Kang Teja tos pangjawabkeun, hehehe....
Kapikiran oge tah saran Teh Elly perkawis padamelan nu teu kedah lami supados 
tiasa ngalaksanakeun ibadah ruhiah atawa kagiatan sosial,  oge tiasa salse 
piknik.
Diantos pisan upami aya lowongan kanggo abdi.
Hatur nuhun Kang Teja, miwah Teh Elly.
Saran ditampi pisan.

Baktos,
-ika-


----- Original Message ----
From: Suteja Amijaya <[EMAIL PROTECTED]>
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Monday, December 18, 2006 8:04:45 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] PNS

>>>Abdimah  hawatos pisan ka teh ika mardiah ngupingna oge, meuni kedah didamel 
>>>dugi ka kitu, na naon atuh anu dipilarian teh, sareng palay kenging sabaraha 
>>>atuh penghasilan teh dugi ka kitu. 
 
Teh elly, kuring ge kapeung-kapeung mindeng siga kitu (lieur pan, ongkoh 
kapeung ongkoh mindeng). Idealismeu gawe jeung pengkuh kana komitmen 
propesional, pikeun sawatara jalma TIDAK BERBANDING LURUS DENGAN PENGHASILAN. 
Dina masalah gawe. duit pikeun kuring mah ukur nomer dua. Naha? Ah, hayang 
nyobaan we nyieun deret hitung anyar nu dimimitian ku angka 2. haha.... 
 
>>Nu saleresnamah didamelmah kedah efisien atuh, keluar energi/tenaga sesedikit 
>>mungkin dan penghasilan sebesar mungkin . 
 
Mun takeranana siga kitu, dagang duit palsu atw narkoba pasti paling episien. 
Ngan pedah matak sepor jantung teu eureun2 jaba bale watangan ngadagoan. 
heuheu.. 
 
>>Janten sisa waktunya tiasa dianggo ibadah ruhiah, ngasuh putra/putri, 
>>menghadiri majelistaqlim, ngawuruk ngaji di TKA dengan dasar fisabililah 
>>(tanpa bayaran), atuh oge sanes kanten hobi nu nyandak kaarah barokah tiasa 
>>kalaksanakeun, malih tiasa piknik melihat dunia luar, supados teu kurung 
>>batok. 
 
Kungsi ngadenge ti mang Imad, ngalakonan propesi teh kaasup kana pardu kipayah. 
Coba mun di hiji nagri teu aya nu daekeun jadi dokter, jadi soldadu atw jadi 
PNS bakal kumaha jadina? Lian ti kitu, kuring kaasup nu yakin yen digawe teh 
kaasup ibadah. Komo lamun dimimitian ku niat hade, prak dilakonan sahade2na oge 
hasilna dipake kalawan hade. Pan aya cenah nu masantren/ngaji/ ibadah teu 
eureun2, tapi ganjarana dibikeun ka anu tibeberegeg digawe pikeun ngabayuan eta 
ki santri? 
Perkara hobi/piknik? Kuring mah kabeneran resepna kana dugem. Sok rek ngajak 
pakuat2 nepi ka sabaraha janari jeung kuring? Energi ieu, rumasa can bisa 
kasalurkeun kana ibadah ruhiah. Rumasa pisan dina perkara ieu mah. "O MY LORD, 
PLEASE FORGIVE ME,"ceuk kang MGT. 
 
Eh naha bet jadi culangung mangjawabkeun teh Ika. Punten nya teh Ika, da bageur 
(sigana).
 
baktos
-teja-
lain PNS


 


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

Kirim email ke