ceuk uing ...
ari basa teh ciciren hiji bangsa. 
Bangsa nu teu boga ciri, nyaeta bangsa nu euweuh harga-na. 
hiji conto : Tarasi, ciri-na nyaeta bau. 
Mun teu bau mah moal payu.

Mun basa sunda geus punah, nya saruana urang sunda ge geus euweuh 
hargana. komo ngantep punahna basa sunda mah, komo boga kayakinan nu 
nyebutkeun aya untungna mun basa sunda punah, saruana teu bisa
ngahargaan kana ciciren dirina sorangan.

Ngamumule basa sunda, salah sahijina ku cara miluan Kukusnetan.
boh ku jalan salingkuh tina pagawean make pasilitas kantor atawa
ku modal nepi ka nga-warnet, sakitu ge hiji bukti yen masih keneh
boga harga diri jadi urang sunda jeung ngahargaan kasundaan.

basa inggris, mandarin, jepang, korea, arab, india, atawa basa 
sejena nyaan perlu. Boh keur bisnis, digawe atawa keur sakola.
tapi tujuan ngamumule basa sunda mah lain keur eta, ceuk uing mah...

-dul-


--- In urangsunda@yahoogroups.com, ely evalita <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Bahasa pergaulan International (salingkup dunya) anu umum dianggo 
bisnis dan edukasi jsjb kapayun.
> 
> 1. China
> 2. India
> 3. Inggris
> 4. Jepang
> 
> Tapi secara umum sadunya tos nganggo bahasa Inggris.
> 
>  Jadi mending ti ayeuna diajar bahasa nu opat diluhur, paling 
heunteu aya gunana kapayuna.
> 
> Bahasa sundamah bahasa lokal, anu dianggo sabundeureun tatar 
sunda, atuh moal nembus JABAR jabar acan, hampir teu dianggo dina 
urusan bisnis atawa edukasi di Indonesia oge, malihmah di JABAR 
sorangan bisnis dan eduksi nganggo bahasa Indonesia.
> 
> Bahasa sunda musnah oge moal aya rugina, atuh dipertahankeun oge 
moal aya untungna, tapi dipelajari heunteu aya masalah, 
> 
> malih upami bahasa sunda musnahmah aya untungna, engke 2000 tahun 
kahareup bakal aya anu nalungtik, jiga para ahli ayeuna nalungtik 
huruf sansakerta.
> 
> Punten,
> 
>  moal aya science and technology nu di serat nganggo basa sunda. 
Kusabab kitu. Sok sing soson-soson diajar bahasa nu opat diluhur 
upami palay teu tinggaleun ngarebut elmu pengetahuan jeung 
technology.
> 
> salam
> Ely
> 
> 
> 
> 
> ----- Original Message ----
> From: Deni Wahyu <[EMAIL PROTECTED]>
> To: urangsunda@yahoogroups.com
> Sent: Saturday, December 16, 2006 9:51:51 PM
> Subject: Re: [Urang Sunda] Urang sunda kamarana atuh????
> 
> Neng, urang sunda mah jalmi aya, tara kamana-mana ... hahaha
> enya, perlu diajar basa sunda teh, ngan mun di pangumbaraan sok 
pabeulit, mun diajar sunda wae, meureun manehna bakal teu bisaeun 
komuniksi jeung batur na, boh batur ulin atawa disakola. Komo 
indungna lain sunda pituin, beuki pabeulit, hahaha .... 
> 
> Nya kuring mah sabisa-bisa we di kenalkeun jeung basa sunda, 
minimal bisa ngomong "eu" sabab eta mun diajar na geus gede, rada 
hese, sing kalah kumaha lila di sunda ge. Sok buktikeun, enya ge 
urang sunda, tapi tara biasa ngomong sunda, atawa geus lila teu di 
tatar sunda, sina ngomong CIUMBULEUIT, abong mun teu bapeulit 
hahaha .... geus ah, bisi ka tutuluyan. 
> 
> 
> On 12/15/06, yukevirlianti <yukevirlianti@ yahoo.com> wrote:
> Nahanya urang sunda seueur anu teu PD kana bahasa sunda??? buktina
> barudak ayeuna...diajar ku kolotna teh kalahka bahasa endonesia 
lain
> sunda. naha teu elit kitu bahasa sunda teh????
> 
> 
> 
> 
> 
> -- 
> wassalam
> d_wahyu - http://ngacapruk. bom - duka blog duka naon, mangga we 
toong 
> 
> 
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
> http://mail.yahoo.com
>


Kirim email ke