Ari kuring mah, jeun teuing ceuk batur kumaha oge, basa sunda mah moal
dipopohokeun, keun bae pinter bahasa Inggris, Jepang, Mandarin, Arab,
spanyol jst ... ngan basa sunda mah tetep di hate.

On 12/18/06, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Tah karek katingal geuningan kamana aspirasina neng Ely. Nuhun ah
parantos ngebrehkeun salira dugi ka ayeuna mah jelas nya?
Ka para wargi, mangga bari diajar basa anu 4 sakumaha usulan neng Ely,
diajar oge basa Sunda, sabab basa teh ciciren bangsa/budaya. Tinimbang engke
susah deui diajar basa Sunda siga maluruh basa sansekerta ayeuna (nepi ka
kudu ngaluarkeun biaya ratusan juta atas nama proyek nalungtik basa
kuno/basa anu geus musnah), atuh nya mendingan ti ayeuna miara basa Sunda.

manAR

On 12/18/06, ely evalita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>    Bahasa pergaulan International (salingkup dunya) anu umum
> dianggo bisnis dan edukasi jsjb kapayun.
>
> 1. China
> 2. India
> 3. Inggris
> 4. Jepang
>
> Tapi secara umum sadunya tos nganggo bahasa Inggris.
>
>  Jadi mending ti ayeuna diajar bahasa nu opat diluhur, paling heunteu
> aya gunana kapayuna.
>
> Bahasa sundamah bahasa lokal, anu dianggo sabundeureun tatar sunda, atuh
> moal nembus JABAR jabar acan, hampir teu dianggo dina urusan bisnis atawa
> edukasi di Indonesia oge, malihmah di JABAR sorangan bisnis dan eduksi
> nganggo bahasa Indonesia.
>
> Bahasa sunda musnah oge moal aya rugina, atuh dipertahankeun oge moal
> aya untungna, tapi dipelajari heunteu aya masalah,
>
> malih upami bahasa sunda musnahmah aya untungna, engke 2000 tahun
> kahareup bakal aya anu nalungtik, jiga para ahli ayeuna nalungtik huruf
> sansakerta.
>
> Punten,
>
>  moal aya science and technology nu di serat nganggo basa sunda. Kusabab
> kitu. Sok sing soson-soson diajar bahasa nu opat diluhur upami palay teu
> tinggaleun ngarebut elmu pengetahuan jeung technology.
>
> salam
> Ely
>
>
>
>
> ----- Original Message ----
> From: Deni Wahyu < [EMAIL PROTECTED]>
> To: urangsunda@yahoogroups.com
> Sent: Saturday, December 16, 2006 9:51:51 PM
> Subject: Re: [Urang Sunda] Urang sunda kamarana atuh????
>
>  Neng, urang sunda mah jalmi aya, tara kamana-mana ... hahaha
> enya, perlu diajar basa sunda teh, ngan mun di pangumbaraan sok
> pabeulit, mun diajar sunda wae, meureun manehna bakal teu bisaeun komuniksi
> jeung batur na, boh batur ulin atawa disakola. Komo indungna lain sunda
> pituin, beuki pabeulit, hahaha ....
>
> Nya kuring mah sabisa-bisa we di kenalkeun jeung basa sunda, minimal
> bisa ngomong "eu" sabab eta mun diajar na geus gede, rada hese, sing kalah
> kumaha lila di sunda ge. Sok buktikeun, enya ge urang sunda, tapi tara biasa
> ngomong sunda, atawa geus lila teu di tatar sunda, sina ngomong CIUMBULEUIT,
> abong mun teu bapeulit hahaha .... geus ah, bisi ka tutuluyan.
>
> On 12/15/06, yukevirlianti < yukevirlianti@ yahoo.com<[EMAIL PROTECTED]>>
> wrote:
> >
> >   Nahanya urang sunda seueur anu teu PD kana bahasa sunda??? buktina
> > barudak ayeuna...diajar ku kolotna teh kalahka bahasa endonesia lain
> > sunda. naha teu elit kitu bahasa sunda teh????
> >
> >
>
>
> --
> wassalam
> d_wahyu - http://ngacapruk. bom <http://ngacapruk.bom/>- duka blog duka
> naon, mangga we toong
>
>
>
>
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
> http://mail.yahoo.com
>
>


Kirim email ke