Ngiring ngamairan ah…
Kasauran Teh Ely leres, pami urang hoyong majeng dina widang bisnis 
& pendidikan kapayunna saena ngagunakeun eta opat basa. Tapi salaku 
urang Sunda, saha deui atuh ari sanes urang nu ngamumule? Hawatos 
teuing ku basa Sunda…
2000 taun kapayun? Da urang nu aya di Kusnet ayeuna ge tos janten 
rorongkong, ngalebur sareng taneuh…janten fosil siganamah heheh…Saha 
nu terang, pami kuurang dimumule, ditalungtik, diterapkeun ka 
barudak ti ayeuna, boa teuing engke mah janten basa nu punjul 
nyamian 4 basa eta…

Kang Bohay ngambek euy…tapi leres ketang India teh tos janten nagara 
picontoeun kanggo urang Indonesia, abdi ge kantos maos sakilas dina 
dina Kompas ping sabaraha…he love deui dibahas ngeunaan India dina 
sagala widang… Tapi sakitunamah  hebat, salaku nagara nu majeng di 
Asia, pami ningal na pilem2na ngabereskeun hiji pasualan teh jalana 
meuni gampil pisan, ngan saukur nyanyi bari ngibing sasarengan teu 
weleh pupuiran na tangkal atanapi tihang…heheh.

ro2.



--- In urangsunda@yahoogroups.com, "reka gayantika" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Euhhh... ieu mah ngacapruk sangeunahna wae euy. maenya nyebutkeun 
amun basa
> sunda musnah malahan aya untungna.
> teh, ari teu nganggap ka basa sunda mah, tong cicing di milist ieu 
atuh. jig
> geura mabur kaditu.
> emang, cenah basa sunda teh teu aya nilai ekonomisna. tapina kan 
kahirupan
> teh lain dina nilai ekonomi wae. aya oge anu disebut nilai 
kebudayaan, aya
> oge harga diri hiji seler.
> nya ku ngamumule basa sunda, salah sahiji cara pikeun miara harga 
diri seler
> sunda. naha teu satuju??
> 
> terus, ari teteh nyandak kasimpulan eta 4 bahasa anu penting teh 
timana?
> basa Inggris, Cina jeung jepang mah kuring satuju, tapin naha kudu 
mamawa
> basa india???
> emang, India teh ayeuna keur mucunghul jadi salah sahiji kakuatan 
ekonomi di
> Asia jeung dunya, tapi teteh apal teu? di India teh bahasana loba. 
malah,
> loba urang India anu ku abdi kenal, geus teu make deui bahasana,  
geus
> marake basa Inggris. matak tong aneh amun di New Delhi loba anu 
make basa
> Inggris.
> 
> Tah, daripada urang diajar basa India, anu euweuh nilai ekonomis 
jang urang
> atawa oge nilai kabudayaan jang urang sunda. mendinga urang mah 
ayeuna
> ngamumule basa sunda. kacape2 di ajar basa India anu geus teu 
dipake ku
> bangsana. keun weh, anu make basa India mah urang India, tong 
urang lah,
> kacape2.
> 
> Alaah, naha uing jadi ngacapruk yeuh.
> cag ah
> 
> -Bohay-
> 
> 
> 
> 2006/12/18, ely evalita <[EMAIL PROTECTED]>:
> >
> >   Bahasa pergaulan International (salingkup dunya) anu umum 
dianggo bisnis
> > dan edukasi jsjb kapayun.
> >
> > 1. China
> > 2. India
> > 3. Inggris
> > 4. Jepang
> >
> > Tapi secara umum sadunya tos nganggo bahasa Inggris.
> >
> >  Jadi mending ti ayeuna diajar bahasa nu opat diluhur, paling 
heunteu aya
> > gunana kapayuna.
> >
> > Bahasa sundamah bahasa lokal, anu dianggo sabundeureun tatar 
sunda, atuh
> > moal nembus JABAR jabar acan, hampir teu dianggo dina urusan 
bisnis atawa
> > edukasi di Indonesia oge, malihmah di JABAR sorangan bisnis dan 
eduksi
> > nganggo bahasa Indonesia.
> >
> > Bahasa sunda musnah oge moal aya rugina, atuh dipertahankeun oge 
moal aya
> > untungna, tapi dipelajari heunteu aya masalah,
> >
> > malih upami bahasa sunda musnahmah aya untungna, engke 2000 
tahun kahareup
> > bakal aya anu nalungtik, jiga para ahli ayeuna nalungtik huruf 
sansakerta.
> >
> > Punten,
> >
> >  moal aya science and technology nu di serat nganggo basa sunda. 
Kusabab
> > kitu. Sok sing soson-soson diajar bahasa nu opat diluhur upami 
palay teu
> > tinggaleun ngarebut elmu pengetahuan jeung technology.
> >
> > salam
> > Ely
> >


Reply via email to