eungke heula teh roro, leungeun na jiga si cepot tea tulak pinggang hiji, hiji 
deui tutunjuk.
ceunah mimiti ibu-ibuna aya hiji naha dihandap ditulis deui ibu-ibu, berarti 
loba atuh ibu-ibu na

by
2+2=10 kumaha aing we naha silaing anu lieur



  ----- Original Message ----- 
  From: rosma_ilyas 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Thursday, December 21, 2006 4:32 PM
  Subject: [Urang Sunda] Re: Kahatur Pangangguran sareng Bungangguran


  Sanggeus patingkoceak, panumpang di jero angkot pahibut narulungan. 
  Si Jay nyengir jero hate."katipu siah ku aing.hahaha".
  "Rek dikumahakeun atuh ieu jalema teh? Di ka rumah sakitkeun?" Ceuk 
  hiji ibu-ibu nanya ka panumpang sejenna. 
  "Nya, bener mending di ka rumah sakitkeun bisi kumaonam." ceuk hiji 
  aki-aki.
  "Aduh.kumaha yeuh.kalahka di ka rumah sakitkeun!Kanyahoan atuh 
  kuring.!!!" ceuk si Jay hanjakaleun, tapi dalah dikumaha da geus 
  kapalang api-api kapiuhan.
  "Kumaha pami ka Borromeus we, meh rada caket ti dieu" ceuk supir 
  angkot nawaran.
  "Sok atuh Mang, geuwat bisi kaburu parna geringna!" ceuk ibu-ibu nu 
  tadi.

  Tungtungna si Jay dibawa ka rumah sakit ka RS Borromeus, 
  dipindahkeun kana blangkar, didorong-dorong siga es lilin. (eh, 
  etamah lagu nya?!) nepi ka ruang UGD, dipariksa ku dokter, dititah 
  sare heula. 
  Kiclik-kiclik aya perawat nyampeurkeun ka dokter,"Dok, punten abdi 
  asa apal ka pasien ieu.asanamah pasien ieu teh nu kabur tea, teu 
  tiasa mayar!...lebet kana koran dinten ayeuna da.

  Sihoreng baraya, Jay teh keur dirawat geus 2 minggu, bakat kuhayang 
  nginternet ngekeak baraya Kusnet, kapaksa manehna kabur ti rumah 
  sakit.

  ro2
  nungiringngaramekeun

  --- In urangsunda@yahoogroups.com, "Ambu Bagja" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  >
  > Leng, Jay ngahuleng sakeudeung. "Rek mayar ku naon atuh aing?",
  > gerentesna. Jay leuleus, awak ngadegdeg keur mah can dahar, 
  katambah
  > kumaha nya pimayareun ka ki supir. "Aing aya akal", ceuk gerentes 
  hate
  > Jay. Kudupruk awak Jay ngudupruk api-api kapiuhan. Jelema-jelema na
  > angkot patingkoceak komo ibu-ibu nu katindihan ku awak Jay 
  reuwaseun.
  > 
  > ~ipup~
  > 
  > 
  > 
  > --- In urangsunda@yahoogroups.com, Reksa Gantra <reksagantra@> 
  wrote:
  > >
  > > 
  > > Hawa Bandung nu matak bayeungyang ngarawu Jay nu kakarak kaluar 
  ti
  > warnet. Jalan metet patukang tonggong jeung beuteungna nu can 
  dieusi
  > nananaon ti minggu itu. Sora klakson mancawura kana ceulina.
  > Barangmaen nu nemprakkeun leungeunna, ku manehna didilakan -- 
  matana
  > meh buncelik. Dititah ingkah. Jay noyod ka peuntas.
  > > 
  > > Cung leungeun Jay ngacung, nyetop angkot. Clog manehna naek. 
  Diuk
  > gigireun lalaki tengah tuwuh nu keur nundutan. Leungeunna 
  ngeukeuweuk
  > koran wedalan opat poe ka tukang. "Seorang Pasien Kabur dari RS". 
  Kitu
  > ceuk HL eta koran. Hurup-hurupna ngajareblag, kelirna nu beureum 
  getih
  > matak peurih kana panon.
  > > 
  > > Mangsa angkot mengkol ka kidulkeun, hate Jay ngalenyap. Manehna
  > karak inget: Pesakna euweuh eusian saketip-ketip acan. Kumaha rek
  > mayar angkot? Mayar ku rangsel? Atawa sasadu bae ka supirna?
  > > 
  > > Angkot mumprung ka kidulkeun.
  > > 
  > > MGT
  >



   

  __________ NOD32 1932 (20061220) Information __________

  This message was checked by NOD32 antivirus system.
  http://www.eset.com

Kirim email ke